Jabur
Maskil.* Jabur karangan Asaf.+
74 Nun Allah, ku naon Gusti nolak abdi salamina?+
Ku naon amarah Gusti ngagedur ka domba-domba nu diangon ku Gusti?+
2 Sing émut ka umat nu dipilih ku Gusti dina jaman kapungkur,+
Kaom nu ditebus ku Gusti pikeun jadi milik Gusti.+
Sing émut ka Gunung Zion, panglinggihan Gusti.+
3 Gusti, mangga tingali tempat nu tos diancurkeun salamina.+
Musuh-musuh tos ngamusnakeun sagala nu aya di tempat suci.+
4 Musuh-musuh Gusti sarurak di tempat ibadah milik Gusti.+
Maranéhna nancebkeun bandéra-bandéra pikeun jadi tanda di dinya.
5 Maranéhna kawas jalma nu keur nuar tatangkalan di leuweung maké kampak.
6 Maranéhna ngancurkeun kabéh ukiran+ ku kampak jeung linggis.
7 Maranéhna ngaduruk tempat suci Gusti.+
Maranéhna nganajisan tabernakel nu nyandang nami Gusti, ngancurkeun éta nepi ka rata jeung taneuh.
8 Maranéhna jeung turunanana ngomong kieu di jero haténa,
”Kabéh tempat ibadah ka Allah di ieu nagri téh kudu diduruk.”
9 Teu aya tanda-tanda nu bisa ditingali ku abdi sadaya,
Teu aya deui nabi-nabi,
Sarta teu aya nu terang kaayaan siga kieu téh bakal dugi ka iraha.
10 Nun Allah, dugi ka iraha musuh terus moyokan?+
Bakal salamina kitu nami Gusti dihina ku musuh?+
11 Ku naon Gusti nahan panangan Gusti, panangan katuhu Gusti?+
Angkat éta tina dada* Gusti sarta musnakeun maranéhna.
12 Ti baheula gé Allah téh Raja abdi,
Jurusalamet nu hébat di bumi.+
13 Ku kakuatan Gusti, laut jadi motah.+
Gusti ngaremukkeun hulu sato-sato raksasa di laut.
14 Gusti ngaremukkeun hulu-hulu Léwiatan.*
Éta dijadikeun dahareun keur jalma-jalma, keur nu caricing di gurun keusik.
15 Cinyusu-cinyusu sarta walungan-walungan ku Gusti disina ngalocor.+
Gusti ngagaringkeun walungan-walungan nu teu pernah saat.+
16 Beurang jeung peuting téh milik Gusti.
Gusti nyiptakeun cahaya sarta panonpoé.+
17 Gusti netepkeun wates-wates bumi.+
Gusti nyiptakeun usum panas jeung usum tiris.+
18 Nun Yéhuwa, sing émut kumaha musuh-musuh moyok ka Gusti.
Éta jalma-jalma bodo téh ngahina ka nami Gusti.+
19 Nyawa manuk tikukur Gusti ulah diserahkeun ka sato galak.
Ulah salamina mopohokeun kahirupan umat Gusti nu sangsara.
20 Sing émut kana perjangjian Gusti jeung maranéhna,
Sabab tempat-tempat poék di bumi geus pinuh ku sayangna jalma jahat.
21 Mugia jalma nu ditindes teu dikuciwakeun.+
Mugia jalma leutik jeung jalma miskin muji nami Gusti.+
22 Énggal ngadeg, nun Allah, béla perkara Gusti.
Sing émut, jalma bodo ngahina Gusti sadinten jeput.+
23 Ulah poho kana omongan musuh-musuh Gusti.
Gorowokna jalma-jalma nu ngalawan Gusti téh beuki tarik.