Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan turunan Korah.+ Lagu.
85 Nun Yéhuwa, Gusti bageur ka jalmi-jalmi nu aya di tanah Gusti.+
Gusti nyandak mulih turunan Yakub nu ditawan.+
2 Gusti tos ngahampura kasalahan umat Gusti.
Gusti tos ngahapunten sadaya dosa maranéhna.+ (Sela)
3 Gusti nahan amarah,
Amarah Gusti nu ngagedur disingkirkeun ku Gusti.+
4 Nun Allah nu nyalametkeun abdi sadaya,
Pulihkeun* abdi sadaya, ulah teterusan keuheul ka abdi sadaya.+
5 Maenya Gusti badé bendu ka abdi sadaya salamina?+
Maenya Gusti badé kateterasan ambek ti jaman ka jaman?
6 Pulihkeun deui kakuatan abdi sadaya
Supaya umat Gusti tiasa bungah ku karana Gusti.+
7 Nun Yéhuwa, témbongkeun asih satia Gusti ka abdi sadaya+
Sarta pasihan kasalametan ka abdi sadaya.
8 Abdi bakal ngadangukeun ucapan Yéhuwa, Allah nu sajati,
Sabab Anjeunna nyaritakeun katengtreman ka umat-Na,+ jalma-jalma nu satia,
Tapi maranéhna ulah diantep sina yakin teuing ka dirina sorangan siga saacanna.+
9 Anjeunna siap nyalametkeun jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna,+
Ku kituna kamulyaana-Na tetep aya di nagri urang.
10 Kanyaah* jeung kasatiaan bakal silih rangkul,