Siloka
31 Ieu téh pitutur Raja Lémuél, wejangan ti ibuna:+
4 Lémuél, teu pantes,
Teu pantes mun raja nginum cianggur
Atawa mun pangawasa ngomong, ”Mana inuman téh?”+
5 Sabab lamun mabok, maranéhna bakal poho kana hukum
Jeung ngalalaworakeun hak jalma leutik.
7 Keun wéh sina ngarinum, sina paroho kana kamiskinanana,
Méh teu inget deui kana masalahna.
8 Sing bisa ngabéla jalma nu teu bisa ngabéla diri sorangan,
Béla hakna jalma nu téréh maot.+
9 Kudu wani ngomong jeung kudu adil waktu ngahakiman,
א [Alef]
10 Saha nu bisa meunangkeun pamajikan nu tarampil?*+
Pamajikan siga kitu téh leuwih hargaan tibatan batu koral.*
ב [Bet]
11 Salakina percaya ku sapinuhna haté ka manéhna
Jeung teu pernah kakurangan nanaon.
ג [Gimel]
12 Saumur hirup,
Manéhna méré nu hadé ka salaki, lain nu goréng.
ד [Dalet]
13 Manéhna ngumpulkeun wol jeung linén,
Leungeunna téh resep digawé.+
ה [He]
14 Manéhna mawa dahareun ti tempat nu jauh,
Ibarat kapal-kapal sudagar.+
ו [Waw]
15 Subuh-subuh geus hudang,
Nyiapkeun dahareun keur rumah tanggana
ז [Zayin]
16 Sanggeus nimbang-nimbang, manéhna meuli lahan,
Seug dipelakan anggur tina hasil beubeunangan sorangan.
ח [Khet]
17 Kana digawé téh saregep,+
Leungeunna daék gawé beurat.
ט [Tet]
18 Manéhna nyaho usahana téh aya batina,
Digawéna gé nepi ka peuting.*
י [Yod]
כ [Kaf]
20 Manéhna resep tutulung ka jalma leutik
Jeung resep barangbéré ka nu miskin.+
ל [Lamed]
21 Dina usum tiris, manéhna teu hariwang ka rumah tanggana,
Da saeusi rumah tanggana maraké baju haneut.
מ [Mem]
22 Tilam kasurna gé beunang nyieun sorangan.
Pakéanana tina linén jeung wol ungu.
נ [Nun]
23 Manéhna boga salaki nu kasohor di gerbang-gerbang kota.+
Di dinya, salakina biasa diuk bareng jeung para kokolot éta daérah.
ס [Samekh]
24 Manéhna nyieunan jeung ngajual baju linén,*
Manéhna gé ngajualan beubeur ka tukang dagang.
ע [Ayin]
25 Awakna jagjag waringkas, ku batur gé dihormat.
Manéhna yakin nyanghareupan mangsa nu bakal datang.
פ [Pe]
26 Ucapanana bijaksana.+
Mun keur ngajar téh ngomongna lemah lembut.*
צ [Tsade]
27 Manéhna ngawaskeun sagala kagiatan di rumah tanggana,
Manéhna tara huleng jentul.+
ק [Qof]
28 Barudakna nangtung, seug muji manéhna.
Salakina gé nangtung, seug muji manéhna.
ר [Res]
29 Kieu cenah, ”Awéwé tarampil* téh loba,
Tapi nu panghébatna mah ngan Enéng.”
ש [Syin]
ת [Taw]
31 Sagala nu geus dipigawé ku manéhna téh wajib dihargaan.+
Manéhna layak dipuji di gerbang-gerbang kota lantaran getol digawé.+