PALAJARAN 13
Timoteus Resep Ngabantu Jalma-Jalma
Timoteus téh budak ngora nu resep ngabantu jalma-jalma. Manéhna iinditan ka loba tempat pikeun ngabantu jalma-jalma. Ku kituna, manéhna boga kahirupan nu nyenangkeun. Hidep hayang ngadéngé caritana?—
Indung jeung nini Timoteus ngajarkeun ngeunaan Yéhuwa ka manéhna
Timoteus digedékeun di kota Listra. Ti leuleutik, Lois, ninina, jeung Énika, indungna, ngajarkeun ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, Timoteus jadi boga kahayang ngabantu jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa.
Waktu Timoteus ngora kénéh, Paulus ngajak manéhna ngawarta ka kota-kota séjén. Timoteus ngajawab, ’Abdi siap!’ Manéhna siap ngabantu jalma-jalma.
Timoteus indit jeung Paulus ka kota Tésalonika nu aya di Makédonia. Supaya bisa nepi ka dinya, manéhna kudu leumpang jauh pisan terus naék kapal. Di ditu maranéhna ngabantu jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa. Tapi, aya jalma-jalma nu ambek terus hayang nyilakakeun maranéhna. Jadi, Paulus jeung Timoteus kudu indit jeung ngawarta di tempat séjén.
Kahirupan Timoteus nyenangkeun
Sababaraha bulan sanggeusna, Paulus ngutus Timoteus balik deui ka Tésalonika pikeun ningali kaayaan dulur-dulur di ditu. Tangtu Timoteus kudu boga kawani, sabab di ditu masih aya jalma-jalma nu teu resepeun ka manéhna! Tapi, Timoteus tetep indit sabab manéhna hariwangeun ka dulur-dulur di ditu. Timoteus balik ka Paulus mawa warta nu alus. Dulur-dulur di Tésalonika teu ku nanaon!
Timoteus mangtaun-taun gawé bareng Paulus. Keur Paulus mah Timoteus téh jalma nu pangcocogna pikeun mantuan sidang-sidang. Timoteus nyaah ka Yéhuwa jeung ka jalma-jalma.
Hidep nyaah teu ka jalma-jalma? Hayang mantuan maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa?— Lamun kitu, hidep bakal boga kahirupan nu ngagumbirakeun jeung nyenangkeun saperti Timoteus!