Kajadian
31 Ka dieunakeun, Yakub ngadéngé anak-anak lalakina Laban ngomong kieu, ”Yakub geus nyokotan sagala harta bapa urang, matakna ayeuna manéhna jadi beunghar pisan.” 2 Waktu ningali beungeutna Laban, Yakub nyaho Laban téh geus béda ti nu biasana. 3 Ahirna Yéhuwa ngomong ka Yakub, ”Jung balik ka lembur bapa manéh sarta kulawarga manéh. Kuring bakal terus nyarengan manéh.” 4 Seug Yakub ngageroan Rakhél jeung Léa sina datang ka tegalan, tempat manéhna ngangon embé jeung domba. 5 Yakub ngomong ka maranéhna,
”Akang ningali bapa Nyai duaan téh geus béda ka Akang. Tapi, Allahna bapa Akang mah terus nyarengan Akang. 6 Nyai gé pasti apal Akang téh geus digawé sakuat tanaga keur bapa Nyai. 7 Tapi Akang kalah ka dilicikan ku si Bapa, geus sapuluh kali bayaran Akang dirobah. Ngan, Akang dijaga ku Allah. 8 Mun ceuk si Bapa, ’Bagian manéh anu totol-totol nya,’ kabéh embé jeung domba téh aranakanana totol-totol. Mun ceuk si Bapa, ’Bagian manéh nu loréng nya,’ heug kabéhanana téh aranakanana nu loréng. 9 Jadi Allah terus nyokotan ingon-ingon si Bapa tuluy dibikeun ka Akang. 10 Waktu usum* kawin ingon-ingon, Akang ngimpi yén embé jalu nu karawin téh nyaéta nu loréng, totol-totol, jeung belang. 11 Tuluy, malaikat ti Allah nu bener ngomong kieu dina impian éta, ’Yakub!’ Akang némbalan, ’Kulan?’ 12 Anjeunna* ngomong deui, ’Kuring geus ningali kalakuan Laban ka manéh. Ku kituna, tuh tingali, kabéh embé jalu nu karawin téh nu loréng, totol-totol, jeung belang. 13 Kuring téh Allah nu bener, nu manggihan manéh di Bétel, tempat manéh ngucurkeun minyak kana batu pangéling-ngéling sarta tempat manéh nyieun ikrar ka Kuring. Sok ayeuna mah indit ti dieu, tuluy balik ka tanah kalahiran manéh.’”
14 Ngadéngé kitu, Rakhél jeung Léa ngajawab, ”Di kulawarga si Bapa, urang duaan moal meunang warisan nanaon. 15 Urang téh geus dianggap urang asing ku si Bapa. Urang pan geus dijual, duitna gé geus dibéakkeun ku si Bapa. 16 Sakabéh harta nu dicokot ku Allah ti si Bapa téh milik urang jeung anak-anak urang. Jadi sok wéh laksanakeun sagala paréntah Allah ka Akang.”
17 Prak Yakub siap-siap. Anak-anak jeung pamajikan-pamajikanana ditumpakkeun kana onta. 18 Manéhna gé mawa sakabéh ingon-ingon sarta harta banda nu dikumpulkeun ku manéhna di Padan-aram. Tuluy manéhna indit ka Ishak bapana di tanah Kanaan.
19 Waktu Laban keur nyukuran bulu domba, Rakhél maok patung-patung berhala* milik bapana. 20 Salian ti éta, Yakub pinter, manéhna indit tapi teu bébéja ka Laban urang Aram éta. 21 Manéhna kabur meuntasan Walungan Éfrat bari mawa sagala milikna. Tuluy manéhna ngajugjug ka daérah pagunungan Giléad. 22 Dina poé nu katilu, Laban dibéré nyaho yén Yakub téh kabur. 23 Jadi Laban ngajak dulur-dulurna pikeun ngudag Yakub. Sanggeus tujuh poé, Yakub kasusul ku maranéhna di daérah pagunungan Giléad. 24 Peutingna, Allah némbongan ka Laban urang Aram éta dina impian. Anjeunna ngomong kieu, ”Kadé, jaga omongan manéh ka Yakub.”
25 Yakub masang kémah di daérah pagunungan Giléad. Laban jeung dulur-dulurna gé masang kémah teu jauh ti dinya. Tuluy Laban nyampeurkeun Yakub. 26 Laban ngomong ka Yakub, ”Ku naon manéh bet kitu? Ku naon manéh nipu sarta mawa anak-anak awéwé Ua siga tawanan perang waé? 27 Ku naon manéh licik ka Ua tuluy indit susulumputan teu bébéja ka Ua? Padahal lamun manéh bébéja mah, saacan maranéh indit téh ku Ua rék dipéstakeun, bari dikawihan sarta diiring ku rabana jeung harpa. 28 Tapi manéh mah meni teu mikir. Ua teu dibéré nyium-nyium acan ka anak incu. 29 Ua bisa waé nyilakakeun manéh, tapi tadi peuting Allahna bapa manéh ngomong kieu ka Ua, ’Kadé, jaga omongan manéh ka Yakub.’ 30 Ua ngarti manéh indit téh da sono jeung hayang balik ka kulawarga bapa manéh, tapi ku naon patung-patung allahna Ua bet dipaok?”
31 Yakub ngajawab, ”Nya da abdi sieun anak-anak awéwé Ua direbut ti abdi. 32 Sok ayeuna mah pariksa barang-barang abdi di payuneun dulur-dulur urang. Lamun aya barang milik Ua, mangga candak. Saha waé nu kapanggih nyokot patung-patungna Ua, manéhna bakal paéh.” Tapi Yakub teu nyahoeun yén nu nyokot patung-patung éta téh Rakhél. 33 Jadi Laban asup ka kémahna Yakub, ka kémahna Léa, jeung ka kémahna dua palayan awéwé téa, tapi patung-patungna teu kapanggih. Tungtungna manéhna asup ka kémahna Rakhél. 34 Ari Rakhél geus ngasupkeun patung-patung éta kana kantong pelana onta, tuluy didiukan ku manéhna. Kabéh kémah digaradah ku Laban, tapi patung-patung éta teu kapanggih. 35 Tuluy Rakhél ngomong ka bapana, ”Bapa, ulah ambek nya. Abdi teu tiasa cengkat, ieu nuju datang bulan.” Patung-patung téh angger teu kapanggih najan Laban geus taliti néanganana.
36 Ku kituna, Yakub ambek ka Laban tuluy ngomong kieu, ”Naon salah jeung dosa abdi, nepi ka Ua ngudag-ngudag abdi siga ngudag penjahat waé? 37 Ua pan geus mariksa sakabéh barang abdi, aya teu milik Ua? Sok tunda di hareupeun dulur-dulur abdi jeung dulur-dulur Ua, keun maranéhna sina mutuskeun saha nu bener, abdi atawa Ua? 38 Geus 20 taun abdi digawé keur Ua. Embé jeung domba Ua teu pernah aya nu kaluron. Abdi gé teu pernah ngadahar daging domba jalu ti ingon-ingon Ua. 39 Lamun aya nu dipaéhan ku sato galak, ku abdi teu pernah dibawa ka Ua tapi langsung digantian. Lamun aya nu leungit boh beurang boh peuting, abdi pasti dititah ngagantian ku Ua. 40 Beurang kasebrot ku panonpoé, peuting katirisan, abdi mah sering teu bisa saré. 41 Abdi geus cicing salila 20 taun di imah Ua. Geus 14 taun abdi digawé keur Ua demi meunangkeun dua anak awéwé Ua, sarta 6 taun supaya bisa meunang bagian ti ingon-ingon Ua. Bayaran abdi gé dirobah nepi ka sapuluh kali ku Ua. 42 Lamun abdi teu dijaga ku Allahna bapa abdi, nyaéta Allahna Ibrahim sarta Allah nu dihormat* ku Ishak, pasti abdi indit téh teu mawa nanaon. Allah geus ningali kasusahan abdi sarta ningali abdi téh geus banting tulang. Éta sababna Ua ditegor ku Allah tadi peuting.”
43 Tuluy Laban ngajawab Yakub, ”Maranéhna téh pan anak-anak Ua. Éta barudak gé incu-incu Ua. Ingon-ingon gé ingon-ingon Ua. Kabéh nu katempo ku manéh téh milik Ua jeung anak-anak awéwé Ua. Piraku Ua rék nyilakakeun anak incu? 44 Hayu ayeuna mah urang nyieun perjangjian. Perjangjian ieu bakal jadi saksi antara Ua jeung manéh.” 45 Jadi Yakub nyokot hiji batu, tuluy éta ditangtungkeun jadi batu pangéling-ngéling. 46 Geus kitu, Yakub ngomong ka dulur-dulurna, ”Kumpulkeun batu!” Seug maranéhna ngumpulkeun batu, tuluy éta ditumpukkeun. Sanggeusna, maranéhna dalahar dina tumpukan batu éta. 47 Éta tumpukan ku Laban disebut Yégar-sahaduta,* ari ku Yakub disebutna Galéd.*
48 Terus ceuk Laban, ”Tumpukan batu ieu jadi saksi antara Ua jeung manéh poé ieu.” Éta sababna tumpukan éta dingaranan Galéd, 49 sarta Munara Jaga, sabab ceuk manéhna, ”Mugia Yéhuwa terus merhatikeun urang duaan waktu urang pajauh. 50 Lamun manéh nganyenyeri anak-anak Ua sarta boga pamajikan deui, sanajan euweuh nu ningali, sing inget, éta katingali ku Allah nu jadi saksi urang duaan.” 51 Laban neruskeun, ”Tah ieu tumpukan batu jeung batu pangéling-ngéling nu dijieun pikeun jadi tanda perjangjian urang duaan. 52 Tumpukan batu jeung batu pangéling-ngéling ieu jadi saksi yén Ua moal ngaliwatan batu-batu ieu pikeun nyerang manéh. Manéh gé moal ngaliwatan batu-batu ieu pikeun nyerang Ua. 53 Keun Allahna Ibrahim sarta Allahna Nahor, nyaéta Allahna bapa maranéhna, jadi hakim keur urang duaan.” Geus kitu, Yakub sumpah demi Allah nu dihormat* ku Ishak bapana.
54 Tuluy Yakub nyanggakeun korban di gunung sarta ngondang dulur-dulurna dahar. Jadi maranéhna dahar jeung mondok di gunung éta. 55 Tapi ari Laban mah hudang isuk-isuk, tuluy nyium incu-incuna jeung anak-anak awéwéna sarta ngaberkahan maranéhna. Geus kitu, Laban balik ka imahna.