PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kajadian 32
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kajadian

      • Malaikat manggihan Yakub (1, 2)

      • Yakub siap-siap panggih jeung Ésau (3-23)

      • Yakub gulat jeung malaikat (24-32)

        • Yakub diganti ngaranna jadi Israél (28)

Kajadian 32:2

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Dua Pakémahan”.

Kajadian 32:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 27:39; 36:8; Pam 2:5; Yos 24:4
  • +Kaj 25:30

Kajadian 32:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”cicing jadi urang asing di”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 31:41

Kajadian 32:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 30:43; 33:11

Kajadian 32:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 33:1, 2

Kajadian 32:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 27:41; 32:11

Kajadian 32:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 31:3, 13

Kajadian 32:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih satia”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 28:15; Jab 100:5
  • +Kaj 28:10; 30:43; 32:7

Kajadian 32:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 34:4
  • +Kaj 27:41

Kajadian 32:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 28:14; 46:2, 3; Bud 1:7; 32:13; Kis 7:17

Kajadian 32:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 33:10

Kajadian 32:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 30:43

Kajadian 32:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 33:8

Kajadian 32:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 43:11; 1Sam 25:18

Kajadian 32:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 29:30; Rut 4:11
  • +Kaj 30:3, 9
  • +Pam 3:16; Yos 12:2; Hak 11:13

Kajadian 32:23

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wadi”.

Kajadian 32:24

Catetan Handap

  • *

    Ieu lalaki téh malaikat nu ngajirim jadi manusa.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hos 12:3

Kajadian 32:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 32:31, 32

Kajadian 32:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hos 12:4

Kajadian 32:28

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Jalma nu Gulat jeung Allah” atawa ”Allah Gulat”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 35:10
  • +Hos 12:3

Kajadian 32:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hak 13:17, 18

Kajadian 32:30

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Raray Allah”.

  • *

    Maksudna, malaikat nu ngawakilan Allah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 12:25
  • +Kaj 16:7, 13; Hak 6:22; Yah 1:18

Kajadian 32:31

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Péniél”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 32:25

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Kaj. 32:3Kaj 27:39; 36:8; Pam 2:5; Yos 24:4
Kaj. 32:3Kaj 25:30
Kaj. 32:4Kaj 31:41
Kaj. 32:5Kaj 30:43; 33:11
Kaj. 32:6Kaj 33:1, 2
Kaj. 32:7Kaj 27:41; 32:11
Kaj. 32:9Kaj 31:3, 13
Kaj. 32:10Kaj 28:15; Jab 100:5
Kaj. 32:10Kaj 28:10; 30:43; 32:7
Kaj. 32:11Jab 34:4
Kaj. 32:11Kaj 27:41
Kaj. 32:12Kaj 28:14; 46:2, 3; Bud 1:7; 32:13; Kis 7:17
Kaj. 32:13Kaj 33:10
Kaj. 32:15Kaj 30:43
Kaj. 32:18Kaj 33:8
Kaj. 32:20Kaj 43:11; 1Sam 25:18
Kaj. 32:22Kaj 29:30; Rut 4:11
Kaj. 32:22Kaj 30:3, 9
Kaj. 32:22Pam 3:16; Yos 12:2; Hak 11:13
Kaj. 32:24Hos 12:3
Kaj. 32:25Kaj 32:31, 32
Kaj. 32:26Hos 12:4
Kaj. 32:28Kaj 35:10
Kaj. 32:28Hos 12:3
Kaj. 32:29Hak 13:17, 18
Kaj. 32:301Raj 12:25
Kaj. 32:30Kaj 16:7, 13; Hak 6:22; Yah 1:18
Kaj. 32:31Kaj 32:25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kajadian 32:1-32

Kajadian

32 Yakub neruskeun perjalanan tuluy panggih jeung malaikat-malaikat Allah. 2 Waktu ningali maranéhna, Yakub ngomong kieu, ”Ieu téh pakémahan Allah!” Jadi éta tempat dingaranan Mahanaim* ku manéhna.

3 Geus kitu, Yakub ngirim utusan miheulaan manéhna, sina manggihan Ésau lanceukna di tanah Séir,+ di daérah Édom.+ 4 Yakub nitah maranéhna, ”Béjakeun ka Ésau dunungan kuring, ’Yakub hamba anjeun nyarios kieu, ”Abdi tos lami cicing jeung* Ua Laban.+ 5 Ayeuna abdi tos gaduh sapi, kaldé, domba, sarta palayan awéwé jeung lalaki.+ Abdi ngirim ieu pesen supaya waktu abdi datang téh katampi ku Juragan.”’”

6 Sanggeus baralik deui, para utusan téh ngomong kieu ka Yakub, ”Abdi sadaya tos pendak sareng Ésau lanceuk Juragan. Ayeuna Ésau jeung 400 baladna nuju ka dieu badé mendakan Juragan.”+ 7 Yakub jadi sieun jeung hariwang.+ Ku kituna, manéhna ngabagi rombonganana jadi dua kelompok, kitu ogé jeung embé, domba, sapi, sarta onta-ontana. 8 Da ceuk pamikirna, ’Lamun Ésau nyerang kelompok nu hiji, kelompok nu hiji deui bisa kabur.’

9 Geus kitu Yakub ngadoa, ”Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim aki abdi sarta Allahna Ishak bapa abdi, Gusti nyarios kieu ka abdi, ’Jung balik ka lembur kulawarga manéh. Kuring bakal ngaberkahan manéh.’+ 10 Abdi teu layak narima kanyaah* jeung kasatiaan nu ditémbongkeun ku Gusti.+ Kapungkur, basa abdi meuntasan Walungan Yordan, abdi ngan saukur nyandak iteuk, ari ayeuna abdi gaduh rumah tangga nu tiasa dibagi jadi dua kelompok.+ 11 Abdi nyuhunkeun ka Gusti, salametkeun abdi+ ti Ésau lanceuk abdi, sabab abdi sieun Ésau bakal datang tuluy nyerang abdi+ sarta nyerang para wanita jeung barudakna. 12 Gusti pernah nyarios kieu, ’Kuring pasti bakal ngaberkahan manéh. Kuring bakal ngajadikeun turunan manéh siga keusik di laut, nu teu kaitung lobana.’”+

13 Peuting éta, Yakub mondok di dinya. Geus kitu manéhna nyokot sabagian tina sasatoan milikna jang dibikeun ka Ésau lanceukna,+ nyaéta 14 200 embé bikang, 20 embé jalu, 200 domba bikang, 20 domba jalu, 15 30 onta bikang bareng jeung anak-anakna, 40 sapi bikang, 10 sapi jalu, 20 kaldé bikang, jeung 10 kaldé jalu.+

16 Yakub ngabagi-bagi kabéh sasatoan éta jadi sababaraha kelompok, tuluy diserahkeun ka para palayanna. Yakub ngomong ka maranéhna, ”Jung mareuntas ti heula. Béré jarak antara kelompok nu hiji jeung nu saterusna.” 17 Manéhna gé nitah kieu ka palayan nu maju panghareupna, ”Lamun manéh panggih jeung Ésau lanceuk kuring tuluy ditanya, ’Saha dunungan manéh, asal ti mana, sarta ieu ingon-ingon téh milik saha?’ 18 jawab wéh kieu, ’Milik Yakub hamba Juragan. Ieu téh hadiah kanggo Juragan Ésau.+ Yakubna aya di pengkereun.’” 19 Manéhna gé nitah kieu ka palayan nu ngajaga kelompok nu kadua, nu katilu, jeung nu saterusna, ”Maranéh gé kudu ngomong kitu nya lamun panggih jeung Ésau. 20 Terus béjakeun kieu, ’Yakub hamba Juragan aya di pengkereun.’” Yakub kitu téh lantaran mikir kieu, ’Lamun hadiahna dikirimkeun ti heula,+ sugan wéh manéhna jadi tenang. Jadi waktu panggih, manéhna bakal bageur ka aing.’ 21 Ku kituna, para palayan nu mawa hadiah dititah meuntas ti heula. Ari manéhna mah mondok di pakémahan.

22 Peutingna, manéhna hudang tuluy mawa dua pamajikanana,+ dua palayan awéwéna,+ jeung 11 anak lalakina meuntasan Walungan Yabok.+ 23 Jadi, Yakub mawa maranéhna meuntasan éta walungan* bari mawa sakabéh hartana.

24 Waktu Yakub keur sorangan, aya hiji lalaki* datang tuluy gulat jeung manéhna nepi ka panonpoé téréh bijil.+ 25 Waktu éta lalaki ngarasa teu bisa ngéléhkeun Yakub, manéhna nyabak sendi pingpingna Yakub nepi ka sendina nyéngsol waktu gulat jeung éta lalaki.+ 26 Geus kitu éta lalaki ngomong, ”Leupaskeun, kaburu bray beurang.” Yakub ngajawab, ”Moal. Lamun abdi diberkahan, kakara rék dileupaskeun.”+ 27 Jadi éta lalaki nanya, ”Saha ngaran manéh?” Dijawab, ”Yakub.” 28 Éta lalaki ngomong, ”Ti semet ayeuna, ngaran manéh lain Yakub deui, tapi Israél,*+ sabab manéh geus gulat jeung Allah+ sarta manusa, tuluy manéh nu meunang.” 29 Ceuk Yakub, ”Punten, ari nami anjeun téh saha?” Tapi ceuk éta lalaki, ”Jang naon manéh nanyakeun ngaran urang?”+ Tuluy Yakub diberkahan. 30 Jadi éta tempat dingaranan Péniél* ku Yakub,+ lantaran ceuk manéhna, ”Aing geus pahareup-hareup jeung Allah,* tapi hirup kénéh.”+

31 Waktu Yakub ninggalkeun Pénuél,* panonpoé geus medal, tapi manéhna leumpangna cingked lantaran sendi pingpingna nyéngsol.+ 32 Éta sababna nepi ka ayeuna, urang Israél tara ngadahar urat pingping sasatoan, nyaéta nu aya di sendi pingping. Éta téh pédah éta lalaki geus nyabak urat sendi pingpingna Yakub.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun