Kajadian
33 Ti kajauhan, Yakub ningali Ésau datang bareng jeung 400 baladna. Jadi Yakub masrahkeun anak-anakna ka Léa, Rakhél, jeung dua palayan awéwéna. 2 Dua palayan awéwéna jeung anak-anakna ditempatkeun panghareupna, Léa jeung anak-anakna di tukangeunana, ari Rakhél jeung Yusuf ditempatkeun pangtukangna. 3 Geus kitu, Yakub leumpang panghareupna. Bari leumpang nyampeurkeun lanceukna, Yakub sujud deui sujud deui nepi ka tujuh kali.
4 Tapi Ésau lumpat nyampeurkeun Yakub. Gabrug Yakub ditangkeup tuluy dicium, duanana careurik. 5 Rét Ésau ningali awéwé-awéwé jeung barudak. Manéhna nanya, ”Éta nu bareng jeung manéh téh saha?” Yakub ngajawab, ”Maranéhna téh anak-anak nu dipasihan ku Allah ka hamba Juragan ieu.” 6 Jadi dua palayan awéwé éta jeung anak-anakna maju tuluy sujud. 7 Léa jeung anak-anakna gé maju tuluy sujud. Geus kitu, Yusuf jeung Rakhél maju tuluy sujud.
8 Ésau ngomong, ”Tadi Akang panggih jeung rombongan nu mawa sasatoan. Éta téh naon maksudna?” Yakub ngajawab, ”Éta téh supaya abdi katampi ku Juragan.” 9 Ceuk Ésau, ”Harta Akang geus loba. Geus cokot deui wéh.” 10 Tapi ceuk Yakub, ”Ulah kitu atuh. Lamun abdi dipikaresep ku Juragan, mangga tampi hadiah ti abdi. Abdi nyandak hadiah ieu téh supaya tiasa ningali raray Juragan. Ningali raray Juragan téh asa ningali raray Allah, lantaran abdi tos ditampi ku Juragan. 11 Mangga atuh ditampi hadiah nu dibawa ku abdi, da abdi téh tos diberkahan ku Allah, teu kakurangan nanaon.” Yakub keukeuh, jadi ku Ésau ditarima.
12 Ka dieunakeun, Ésau ngomong, ”Hayu atuh urang indit ti dieu. Akang di hareup nya.” 13 Tapi ceuk Yakub, ”Juragan apal pan barudak abdi téh laleutik kénéh, jaba abdi gé boga domba jeung sapi nu nyarusu kénéh. Lamun sapoéan dititah indit bari jeung kudu gancang, sakabéh ingon-ingon tangtu paraéh. 14 Mangga wéh Juragan ti payun. Hamba juragan ieu mah badé leumpang lalaunan nuturkeun sakumaha gancangna ingon-ingon jeung barudak, nepi ka engké datang ka tempat Juragan di Séir.” 15 Ceuk Ésau, ”Mun kitu mah ieu sababaraha balad Akang sina maturan.” Tapi ceuk Yakub, ”Teu kedah Juragan. Abdi mah tos ditampi ku Juragan gé tos cekap.” 16 Ku kituna poé éta, Ésau balik ka Séir.
17 Terus Yakub indit ka Sukot. Di dinya, manéhna ngabangun imah sarta kandang-kandang keur ingon-ingonna. Éta sababna tempat éta dingaranan Sukot* ku manéhna.
18 Sanggeus nempuh perjalanan ti Padan-aram, Yakub salamet nepi di kota Syikhém di tanah Kanaan. Manéhna masang pakémahan di deukeut kota éta. 19 Saterusna, tanah tempat manéhna masang kémah téh dibeuli ti anak-anak Hamor bapana Syikhém, hargana téh 100 duit pérak. 20 Di dinya, manéhna nyieun mézbah nu dingaranan ”Allah téh Allah Israél”.