PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kajadian 39
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kajadian

      • Yusuf di imah Potifar (1-6)

      • Pamajikan Potifar ditolak ku Yusuf (7-20)

      • Yusuf di panjara (21-23)

Kajadian 39:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 17:20; 37:25
  • +Jab 105:17; Kis 7:9
  • +Kaj 37:36

Kajadian 39:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Rm 8:31; Ibr 13:6

Kajadian 39:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 30:27

Kajadian 39:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngalakukeun hubungan séks”.

Kajadian 39:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 2:24; 20:3, 6; Jab 51:superskripsi; 51:4; Mar 10:7, 8; Ibr 13:4

Kajadian 39:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 105:17, 18

Kajadian 39:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 40:2, 3; Jab 105:19; Kis 7:9

Kajadian 39:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 39:6

Kajadian 39:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 49:22, 25; Kis 7:9, 10

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Kaj. 39:1Kaj 17:20; 37:25
Kaj. 39:1Jab 105:17; Kis 7:9
Kaj. 39:1Kaj 37:36
Kaj. 39:2Rm 8:31; Ibr 13:6
Kaj. 39:5Kaj 30:27
Kaj. 39:9Kaj 2:24; 20:3, 6; Jab 51:superskripsi; 51:4; Mar 10:7, 8; Ibr 13:4
Kaj. 39:20Jab 105:17, 18
Kaj. 39:21Kaj 40:2, 3; Jab 105:19; Kis 7:9
Kaj. 39:22Kaj 39:6
Kaj. 39:23Kaj 49:22, 25; Kis 7:9, 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kajadian 39:1-23

Kajadian

39 Yusuf dibawa ku urang Ismail+ ka Mesir.+ Tuluy manéhna dibeuli ku urang Mesir nu ngaranna Potifar,+ pajabat istana Firaun jeung kapala pangawal. 2 Tapi Yéhuwa nyarengan Yusuf.+ Matakna, sagala nu dilampahkeun ku manéhna pasti alus hasilna. Ku kituna, manéhna dibéré tanggung jawab di imah dununganana, urang Mesir téa. 3 Dununganana nyaho yén Yéhuwa nyarengan manéhna, sarta Yéhuwa ngabantu manéhna supaya sagala hasil pagawéanana téh alus.

4 Potifar beuki resep ka Yusuf, matakna Yusuf dijadikeun palayan pribadina. Manéhna dibéré tugas ngatur imah Potifar sarta sakabéh harta bandana. 5 Ti saprak harita, Yéhuwa terus ngaberkahan rumah tangga urang Mesir éta ku lantaran Yusuf. Yéhuwa gé ngaberkahan sagala milikna, boh nu aya di imahna boh nu aya di kebonna.+ 6 Ahirna, sagala milikna dipercayakeun ka Yusuf. Manéhna teu kudu mikiran nanaon deui salian ti dahareunana sorangan. Ari Yusuf jadi beuki gagah jeung kasép.

7 Lila-lila, pamajikan dunungan Yusuf sok melong ka Yusuf tuluy kapincut. Ceuk manéhna, ”Hayu saré* jeung kuring.” 8 Tapi ku Yusuf ditolak. Ceuk manéhna, ”Dunungan abdi tos mercayakeun sagalana ka abdi, jadi anjeunna mah tos teu kedah mikiran nanaon. 9 Di ieu imah, teu aya nu kawasana leuwih gedé tibatan abdi. Sagalana tos dipasrahkeun ka abdi kajaba Ibu, da Ibu istrina. Piraku abdi ngalampahkeun kajahatan nu sakitu gedéna sarta nyieun dosa ka Allah?”+

10 Unggal poé, éta awéwé ngagoda Yusuf, tapi Yusuf teu pernah daék saré jeung manéhna atawa paduduaan jeung manéhna. 11 Hiji poé, waktu Yusuf asup ka imah rék digawé, euweuh saurang-urang acan palayan di dinya. 12 Gep éta awéwé ngerewek bajuna Yusuf tuluy ngomong, ”Hayu saré jeung kuring!” Tapi Yusuf lumpat ka luar, ari bajuna mah ditinggalkeun, dicekel ku éta awéwé. 13 Barang Yusuf lumpat ka luar jeung ninggalkeun bajuna, 14 éta awéwé ngajerit ngageroan para palayanna tuluy ngomong, ”Urang Ibrani nu dibawa ku salaki kuring téh ngarendahkeun urang saréréa. Kuring rék diperkosa ku manéhna, tapi kuring ngajerit satarik-tarikna. 15 Ngadéngé kuring jejeritan, manéhna langsung lumpat ka luar. Ieu bajuna ditinggalkeun gigireun kuring.” 16 Geus kitu, bajuna disimpen ku éta awéwé di gigireunana nepi ka dunungan Yusuf balik.

17 Terus, éta awéwé nyaritakeun nu sarua ka salakina, ”Palayan Ibrani anu dibawa ku Akang téh nyampeurkeun tuluy ngarendahkeun abdi. 18 Tapi basa abdi jejeritan mah, manéhna lumpat ka luar ninggalkeun bajuna.” 19 Ngadéngé carita pamajikanana yén manéhna dikitu-kitu ku palayanna, Potifar ambek pisan. 20 Jadi, dunungan Yusuf mawa jeung ngajebloskeun manéhna ka panjara, tempat para tahanan raja. Yusuf ditahan di dinya.+

21 Tapi, Yéhuwa terus nyarengan Yusuf jeung némbongkeun asih satia ka manéhna. Ku bantuan Anjeunna, Yusuf dipikaresep ku kapala panjara.+ 22 Jadi, kapala panjara méré tugas ka Yusuf pikeun ngatur para tahanan di éta panjara. Sagala nu dipigawé ku para tahanan diaturna ku Yusuf.+ 23 Kapala panjara geus teu kudu mariksa deui naon nu dipercayakeun ka Yusuf, lantaran Yéhuwa nyarengan Yusuf, sarta Yéhuwa ngabantu Yusuf supaya sagala hasil pagawéanana téh alus.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun