Kajadian
47 Jadi Yusuf indit ngalapor ka Firaun, ”Pun bapa, adi lanceuk abdi, sarta embé, domba, sapi, jeung sagala pangaboga maranéhna tos dongkap ti tanah Kanaan. Ayeuna sadayana aya di tanah Gosyén.” 2 Yusuf mawa lima dulurna ngadep ka Firaun.
3 Firaun nanya ka dulur-dulurna Yusuf, ”Naon pagawéan maranéh?” Dijawab ku maranéhna, ”Abdi sadaya téh tukang ngangon domba, sakumaha karuhun abdi sadaya, Juragan.” 4 Tuluy maranéhna ngomong deui ka Firaun, ”Abdi sadaya dongkap téh badé ngiring matuh di dieu salaku urang asing, sabab di tanah Kanaan tos teu aya jukut di tegalan kanggo ingon-ingon, da kalaparan di ditu téh parah pisan. Jadi, mugia abdi sadaya diidinan matuh di tanah Gosyén.” 5 Ku kituna, Firaun ngomong ka Yusuf, ”Bapa jeung dulur-dulur manéh pan geus datang ka dieu. 6 Mesir gé aya dina kakawasaan manéh. Sok pilih tanah anu pangalusna di nagri ieu keur bapa jeung dulur-dulur manéh. Keun maranéhna sina matuh di tanah Gosyén. Lamun aya nu tarampil digawé, tugaskeun manéhna sina ngurus ingon-ingon urang.”
7 Tuluy Yusuf mawa Yakub bapana ngadep ka Firaun. Yakub ngaberkahan Firaun. 8 Firaun nanya ka Yakub, ”Umur Bapa téh sabaraha?” 9 Yakub ngajawab, ”Umur abdi 130 taun. Salami ieu abdi téh ngumbara.* Upami dibandingkeun sareng karuhun anu sami-sami tukang ngumbara* mah, umur abdi téh pondok bari jeung pinuh ku kasusah.” 10 Geus kitu, Yakub ngaberkahan Firaun tuluy indit ti hareupeunana.
11 Jadi Yusuf méré tanah pamatuhan ka bapana jeung ka dulur-dulurna. Manéhna méré tanah milik nu pangalusna di Mesir, nyaéta di tanah Ramésés, sakumaha paréntah Firaun. 12 Yusuf terus nyadiakeun dahareun* keur bapana, dulur-dulurna, jeung sakabéh rumah tangga bapana, luyu jeung jumlah anak di unggal kulawarga.
13 Di sakabéh nagri, geus euweuh dahareun* lantaran kalaparan téh beuki parah. Balukarna, penduduk Mesir jeung Kanaan jadi lemah teu walakaya. 14 Jalma-jalma terus meulian gandum nepi ka sakabéh duit di Mesir jeung Kanaan kakumpul di Yusuf. Yusuf terus mawa duitna ka istana Firaun. 15 Tungtungna, duit di sakuliah Mesir jeung Kanaan béak. Ku kituna, sakabéh urang Mesir datang ka Yusuf. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya nyuhunkeun tuangeun! Maenya Juragan badé ngantep abdi sadaya maot kalaparan lantaran tos teu gaduh artos deui?” 16 Ceuk Yusuf, ”Ari geus teu baroga duit mah, sok atuh bawa ingon-ingon maranéh, engké ditukeuran ku dahareun.” 17 Jadi maranéhna mawa ingon-ingonna ka Yusuf jang ditukeuran ku dahareun. Aya nu nukeuran maké kuda, embé, domba, sapi, jeung kaldé. Sapanjang taun éta, Yusuf terus méré dahareun ka maranéhna ditukeuran ku ingon-ingon.
18 Sanggeus taun éta liwat, maranéhna datang deui ka Yusuf dina taun saterusna. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya badé terus terang ka Juragan. Artos sareng sato piaraan téh tos diserahkeun sadayana ka Juragan. Abdi sadaya tos teu gaduh nanaon deui, kantun tanah jeung awak abdi. 19 Maenya Juragan badé ngantep abdi sadaya maot kalaparan sareng ngantep tanah abdi sadaya teu kaurus? Sok wéh pésér tanah jeung diri abdi, tukeuran ku tuangeun. Abdi sadaya bakal jadi palayan Firaun, sarta tanah abdi bakal jadi milikna. Pasihan abdi binih supaya abdi sadaya teu maot, sareng tanah téh tiasa kaurus.” 20 Jadi Yusuf meuli sakabéh tanah urang Mesir. Sakabéh urang Mesir ngajualan tanahna lantaran kalaparan téh parah pisan. Ku kituna, sakabéh tanah éta jadi milik Firaun.
21 Geus kitu, Yusuf maréntahkeun jalma-jalma di sakuliah Mesir pindah ka kota-kota. 22 Ngan tanah para imam nu teu dibeuli, lantaran maranéhna meunang jatah dahareun ti Firaun. Éta sababna maranéhna henteu ngajual tanahna. 23 Tuluy Yusuf ngomong ka jalma-jalma, ”Poé ieu, maranéh jeung tanah maranéh geus dibeuli ku urang keur Firaun. Yeuh binih keur maranéh, sok pelakan tanah maranéh ku binih ieu. 24 Mun aya hasilna, bikeun saperlimana ka Firaun, ari sésana mah milik maranéh. Sok éta paké keur ngabinihan deui sarta keur dahareun maranéh, anak-anak maranéh, jeung saeusi imah maranéh.” 25 Ceuk maranéhna, ”Juragan tos nyalametkeun hirup abdi sadaya. Mugia abdi sadaya dipikaresep ku Juragan, supaya abdi sadaya tiasa jadi palayanna Firaun.” 26 Geus kitu, Yusuf netepkeun aturan nu masih kénéh dipaké di Mesir nepi ka ayeuna, nyaéta saperlima hasil tanah bakal jadi milik Firaun. Anu lain milik Firaun téh ngan tanah para imam.
27 Kulawarga Israél terus matuh di Mesir, nyaéta di tanah Gosyén. Di dinya, maranéhna boga loba anak nepi ka jumlahna jadi loba pisan. 28 Yakub cicing di Mesir téh salila 17 taun, jadi Yakub hirup nepi ka umur 147 taun.
29 Waktu téréh maot, Israél nyalukan Yusuf anakna tuluy ngomong, ”Lamun manéh nyaah ka Bapa, sok sumpah ka Bapa* yén manéh bakal nunjukkeun asih nu satia sarta bisa dipercaya ku Bapa. Bapa ménta, Bapa ulah dikuburkeun di Mesir. 30 Lamun Bapa maot, bawa Bapa kaluar ti Mesir tuluy kuburkeun di kuburan karuhun Bapa.” Jadi ceuk Yusuf, ”Muhun Pa, éta bakal dilaksanakeun ku abdi.” 31 Tuluy manéhna ngomong, ”Sok sumpah ka Bapa.” Jadi Yusuf sumpah ka bapana. Terus Israél sujud di bagian sirah tempat saréna.