Kajadian
48 Sanggeus kajadian-kajadian éta, Yusuf dibéjaan, ”Si Bapa geus beuki lemah.” Ku kituna, Yusuf mawa dua budak lalakina, Manasyé jeung Éfraim, manggihan Yakub. 2 Geus kitu, Yakub dibéjaan, ”Yusuf anak Bapa aya di dieu rék manggihan Bapa.” Jadi Israél nguat-nguatkeun manéh tuluy diuk dina tempat saréna. 3 Seug Yakub ngomong ka Yusuf,
”Allah Nu Mahakawasa némbongan ka Bapa di Luz di tanah Kanaan, tuluy ngaberkahan Bapa. 4 Ceuk Anjeunna ka Bapa, ’Manéh ku Kuring rék dibéré loba pisan turunan. Manéh gé bakal jadi karuhun ti bangsa nu gedé. Tanah ieu ku Kuring rék dibikeun ka turunan* manéh supaya jadi milik maranéhna salilana.’ 5 Dua anak manéh nu lahir di Mesir saacan Bapa datang ka dieu téh milik Bapa. Éfraim jeung Manasyé bakal jadi anak-anak Bapa, sakumaha Rubén jeung Siméon. 6 Tapi anak-anak nu lahir sanggeus éta bakal jadi milik manéh. Maranéhna bakal meunang bagian tanah ti warisan nu ditarima ku Éfraim jeung Manasyé. 7 Baréto, basa Bapa datang ti Padan, Rakhél indung manéh maot, katungkulan ku Bapa. Maotna téh di tanah Kanaan, rada jauh ti Éfrata. Jadi Bapa nguburkeun si Mamah di jalan nu rék ka Éfrata, nyaéta Bétléhém.”
8 Geus kitu, Israél ningali anak-anak Yusuf tuluy nanya, ”Saha éta téh?” 9 Ceuk Yusuf, ”Maranéhna téh anak-anak abdi nu dipasihan ku Allah di dieu.” Jadi Israél ngomong, ”Sok atuh sina ka dieu, ku Bapa rék diberkahan.” 10 Lantaran geus kolot, Israél geus hésé ningali. Jadi Yusuf mawa anak-anakna nyampeurkeun Israél, tuluy maranéhna dicium jeung ditangkeup ku Israél. 11 Israél ngomong ka Yusuf, ”Bapa teu pernah ngabayangkeun bisa ningali manéh deui, tapi geuning ku Allah dikersakeun bisa ningali turunan* manéh ogé.” 12 Geus kitu, Yusuf mawa anak-anakna rada ngajauh ti bapana,* tuluy bruk manéhna sujud.
13 Terus, Yusuf nyekel Éfraim di leungeun katuhuna, sarta Manasyé di leungeun kéncana. Duanana dibawa ngadeukeut ka Israél. Éfraim ditempatkeun di kéncaeun Israél, ari Manasyé ditempatkeun di katuhueun Israél. 14 Tapi, Israél numpangkeun leungeun katuhuna kana sirahna Éfraim, sanajan manéhna téh leuwih ngora, sarta numpangkeun leungeun kéncana kana sirahna Manasyé. Éta téh dihaja ku manéhna, sanajan Manasyé téh anak cikal. 15 Tuluy manéhna ngaberkahan Yusuf,
”Allah nu bener nu dilalayanan ku karuhun abdi, Ibrahim jeung Ishak,*
Allah nu bener nu ngajaga* abdi saumur hirup abdi nepi ka ayeuna,
16 Nu ngutus malaikat-Na pikeun ngajait* abdi tina kasusah, berkahan anak-anak ieu.
Mugia jalma-jalma tarerangeun yén abdi, Ibrahim aki abdi, sareng Ishak bapa abdi téh karuhun maranéhna,
Mugia turunan maranéhna jadi loba pisan di bumi.”
17 Ningali leungeun katuhu bapana terus ditumpangkeun kana sirah Éfraim, Yusuf teu resepeun. Jadi, manéhna rék mindahkeun leungeun bapana tina sirahna Éfraim kana sirahna Manasyé. 18 Yusuf ngomong ka bapana, ”Ulah kitu, Bapa, nu ieu nu cikal téh. Tumpangkeun panangan katuhu Bapa kana mastakana.” 19 Tapi bapana embungeun, ceuk manéhna, ”Bapa gé nyaho, Jang, nyaho. Manasyé gé bakal jadi hiji bangsa, bangsa nu gedé ogé. Tapi adina mah bakal leuwih hébat, turunanana* bakal loba pisan, jumlahna siga loba bangsa.” 20 Jadi manéhna neruskeun deui ngaberkahan maranéhna,
”Mugia urang Israél nyebutkeun ngaran maranéh waktu ngucapkeun berkah. Maranéhna bakal ngomong,
’Mugia Allah ngaberkahan maranéh siga Anjeunna ngaberkahan Éfraim jeung Manasyé.’”
Yakub tetep miheulakeun Éfraim tibatan Manasyé.
21 Geus kitu, Israél ngomong ka Yusuf, ”Bapa geus téréh maot, tapi Allah pasti nyarengan maranéh sarta mawa balik maranéh ka tanahna karuhun maranéh. 22 Manéh ku Bapa rék dibéré hiji bagian tanah leuwih loba tibatan dulur-dulur manéh, nyaéta tanah nu direbut ku Bapa ti urang Amori maké pedang jeung panah.”