PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Babad 12
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Babad

      • Jalma-jalma nu ngadukung Daud jadi raja (1-40)

1 Babad 12:40

Catetan Handap

  • *

    Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Babad 12:1-40

Babad nu Kahiji

12 Basa Daud kabur ti Saul anak Kis, aya jalma-jalma nu manggihan manéhna di Ziklag. Maranéhna téh prajurit perkasa nu mantuan Daud waktu keur perang. 2 Maranéhna marawa busur panah. Kabéhanana téh palinter mesatkeun panah atawa ngabandring, boh ku leungeun kénca boh ku leungeun katuhu. Maranéhna kabéh téh dulur-dulurna Saul, kaom Bényamin. 3 Kapalana nyaéta Ahiézér, terus aya Yoas (duanana téh anak-anak lalaki Syémaa urang Gibéa), Yéziél jeung Pélét anak-anak Azmawét nu lalaki, Béraka, Yéhu urang Anatot, 4 Ismaya urang Gibéon (prajurit perkasa ti antara nu 30 téa jeung kapala maranéhna), terus aya Yérémia, Yahaziél, Yohanan, Yozabad urang Gédéra, 5 Éluzai, Yérimot, Béalia, Syémaria, Syéfatia urang Harif, 6 Élkana, Issyia, Azarél, Yoézér, jeung Yasyobéam, nyaéta jalma-jalma turunan Korah, 7 sarta Yoéla jeung Zébadia anak-anak lalaki Yéroham ti Gédor.

8 Sawaréh urang Gad ngabalad ka Daud. Maranéhna ngajugjug ka panyumputan Daud di tanah gurun. Kabéhanana téh prajurit nu perkasa, geus dilatih pikeun perang, sarta arahli maké taméng gedé jeung tumbak. Beungeut maranéhna téh kawas beungeut singa. Maranéhna gé gancang kawas kijang di pagunungan. 9 Ézér téh kapalana, Obaja nu kadua, Éliab nu katilu, 10 Mismana nu kaopat, Yérémia nu kalima, 11 Atai nu kagenep, Éliél nu katujuh, 12 Yohanan nu kadalapan, Élzabad nu kasalapan, 13 Yérémia nu kasapuluh, jeung Makhbanai nu kasabelas. 14 Maranéhna kabéh téh urang Gad, para kapala pasukan. Nu panglemahna sanggup ngalawan 100 urang, nu pangkuatna sanggup ngalawan 1.000 urang. 15 Maranéhna téh anu meuntasan Walungan Yordan dina bulan nu kahiji, pas caina mudal ka sisi walungan. Jalma-jalma nu cicing di padataran handap ku maranéhna diusiran ka arah wétan jeung kulon.

16 Sababaraha urang Bényamin jeung Yéhuda gé datang ka Daud di panyumputanana. 17 Tuluy, Daud nyampeurkeun maranéhna jeung ngomong kieu, ”Lamun aranjeun boga niat hadé rék nulungan kuring, aranjeun meunang ngabalad ka kuring. Tapi, lamun aranjeun ngahianat tuluy nyerahkeun kuring ka musuh padahal kuring teu salah, mugia Allah karuhun urang sadaya ningali jeung ngahakiman aranjeun.” 18 Amasai, kapala prajurit nu 30 téa, narima kawasa suci, seug ngomong kieu,

”Daud, abdi sadaya téh milik anjeun. Abdi sadaya téh nyarengan anjeun, anak Isai.

Mugia anjeun jeung jalma-jalma nu nulungan anjeun narima katengtreman,

Sabab anjeun dibantuan ku Allah anjeun.”

Jadi maranéhna ditarima ku Daud, seug dijaradikeun kapala prajurit.

19 Sababaraha urang Manasyé gé mihak ka Daud waktu manéhna jeung urang Filistin rék merangan Saul. Tapi, Daud teu jadi mantuan urang Filistin, da sanggeus badami, para pangawasa urang Filistin nitah manéhna indit. Ceuk maranéhna, ”Daud bakal mihak ka Saul dununganana. Nu aya, kalah ka urang nu dipaéhan.” 20 Waktu Daud indit ka Ziklag, ieu turunan Manasyé nu mihak ka manéhna: Adnah, Yozabad, Yédiaél, Mikhaél, Yozabad, Élihu, jeung Zilétai. Maranéhna téh ngapalaan rébuan urang Manasyé. 21 Maranéhna nulungan Daud ngalawan pasukan rampog, lantaran maranéhna perkasa jeung wanian. Ka dieunakeun, maranéhna dijadikeun panglima. 22 Unggal poé, jul-jol jalma-jalma téh daratang rék mantuan Daud, nepi ka pasukan manéhna jadi kacida lobana kawas pasukan Allah.

23 Ieu jumlah para kapala pasukan nu mawa senjata, nu datang ka Daud di Hébron pikeun mantuan manéhna jadi raja gaganti Saul sakumaha paréntah Yéhuwa. 24 Urang Yéhuda nu siap perang téh aya 6.800 urang. Maranéhna mawa taméng gedé jeung tumbak. 25 Ti kaom Siméon, prajurit nu perkasa jeung wanian téh aya 7.100 urang.

26 Ti kaom Léwi, aya 4.600 urang. 27 Aya 3.700 urang nu bareng jeung Yéhoyada, pamingpin turunan Harun. 28 Ti antara maranéhna, aya Zadok, jajaka nu perkasa jeung wanian. Manéhna téh dibaturan ku 22 pamingpin kulawarga pihak bapana.

29 Ti kaom Bényamin, dulur-dulurna Saul, aya 3.000 urang. Lolobana téh baheulana satia pisan ngajaga kulawarga Saul. 30 Ti kaom Éfraim, aya 20.800 urang. Maranéhna téh perkasa, wanian, jeung kasohor di antara kulawarga pihak bapa maranéhna.

31 Ti satengah kaom Manasyé, aya 18.000 urang nu dipilih pikeun mantuan Daud jadi raja. 32 Ti kaom Isakhar, aya 200 urang nu ngapalaan kabéh dulurna. Maranéhna nyaho naon nu kudu dilampahkeun ku Israél jeung iraha ngalampahkeunana. 33 Ti kaom Zébulon, aya 50.000 urang nu ngagabung jeung Daud. Maranéhna téh satia pisan, siap perang, bisa nyieun barisan tempur, jeung boga rupa-rupa senjata. 34 Ti kaom Naftali, aya 1.000 pamingpin. Maranéhna dibaturan ku 37.000 urang nu mawa taméng gedé jeung tumbak. 35 Ti kaom Dan, aya 28.600 urang nu bisa nyieun barisan tempur. 36 Ti kaom Asyér, aya 40.000 urang nu siap perang jeung bisa nyieun barisan tempur.

37 Ti peuntaseun Walungan Yordan, aya 120.000 prajurit ti kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé. Maranéhna mawa sagala rupa senjata keur perang. 38 Maranéhna téh para prajurit nu ngagabung dina barisan tempur. Maranéhna datang ka Hébron, boga tékad pikeun ngajadikeun Daud raja di sakuliah Israél. Kabéh urang Israél séjénna gé sahaté sapikiran hayang ngajadikeun Daud raja. 39 Maranéhna terus babarengan jeung Daud salila tilu poé, dahar jeung nginum naon waé nu geus disadiakeun ku dulur-dulur maranéhna. 40 Boh nu dareukeut boh nu jarauh, kawas ti tanah Isakhar, Zébulon, jeung Naftali, marawaan dahareun kana kaldé, onta, bagal,* jeung sapi. Nu dibawana téh nyaéta tipung, kuéh ara garing jeung kismis, cianggur, minyak, sarta sapi jeung domba nu kacida lobana. Sakuliah Israél saruka bungah.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun