Babad nu Kahiji
13 Daud badami jeung para pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang, para pamingpin nu ngapalaan 100 urang, jeung para pamingpin séjénna.+ 2 Geus kitu, Daud ngomong kieu ka sakumna jamaah Israél, ”Upami aranjeun satuju, sarta upami ieu dikersakeun ku Yéhuwa Allah urang, hayu urang ngirim utusan ka dulur-dulur urang nu aya kénéh di sakuliah wilayah Israél sarta ka para imam sareng urang Léwi di kota-kota+ aranjeunna nu aya tegalanana, sina ka darieu ngagabung sareng urang. 3 Geus kitu, urang bawa balik peti perjangjian+ Allah urang.” Éta téh lantaran dina jaman Saul, peti téh teu diurus.+ 4 Sakumna jamaah nyatujuan, da ceuk pamikir maranéhna, éta téh hadé. 5 Seug Daud ngumpulkeun sakabéh urang Israél, ti walungan* di Mesir nepi ka Lébo-hamat,*+ pikeun mawa peti perjangjian Allah nu sajati ti Kiriat-yéarim.+
6 Daud jeung sakabéh urang Israél indit ka Baala,+ ka Kiriat-yéarim, di daérah Yéhuda, rék mawa peti perjangjian Allah nu sajati, nu diuk dina tahta luhureun* kérub-kérub.+ Di tempat ayana éta peti, jalma-jalma nyebut nami Yéhuwa. 7 Peti perjangjian Allah nu sajati téh ku maranéhna dimuatkeun kana padati anyar,+ dibawa ti imahna Abinadab. Nu ngarahkeun padati téh Uzza jeung Ahio.+ 8 Daud jeung sakabéh urang Israél sumanget pisan ngarayakeun éta kajadian hareupeun Allah nu sajati. Maranéhna ngarawih sarta maraén harpa, alat musik séjénna nu maké senar, rabana,+ simbal,+ jeung tarompét.+ 9 Tapi barang maranéhna nepi ka tempat ngirik* Khidon, Uzza nyekel jeung nahan éta peti, da peti téh ampir tiguling gara-gara éta sapi-sapi. 10 Ku kituna, Yéhuwa ambek pisan ka Uzza. Uzza dipaéhan ku Anjeunna lantaran nyekel éta peti.+ Manéhna maot di dinya kénéh, hareupeun Allah.+ 11 Tapi, Daud jadi ambek lantaran Yéhuwa ngabudalkeun amarah-Na ka Uzza. Ku kituna, éta tempat disebut Péréz-uzza* nepi ka ayeuna.
12 Poé éta, Daud jadi sieuneun ka Allah nu sajati. Ceuk manéhna, ”Ari kieu mah kumaha kuring rék mawa peti perjangjian Allah nu sajati ka tempat kuring?”+ 13 Daud henteu mawa peti perjangjian ka tempatna di Kota Daud. Tapi, manéhna nitah supaya éta peti dibawa ka imahna Obéd-édom urang Gat. 14 Peti perjangjian Allah nu sajati tetep aya di imahna Obéd-édom salila tilu bulan. Yéhuwa terus ngaberkahan rumah tanggana Obéd-édom jeung sakabéh pangabogana.+