Babad nu Kahiji
14 Hiram+ raja Tirus ngirim utusan ka Daud. Manéhna gé ngirimkeun kai aras, tukang batu,* jeung tukang kai keur ngawangun istana Daud.+ 2 Yéhuwa ngalantarankeun karajaan Daud beuki kuat demi Israél umat-Na,+ jadi Daud nyaho yén Anjeunna geus ngukuhkeun manéhna salaku raja Israél.+
3 Di Yérusalém, pamajikan Daud beuki loba.+ Manéhna gé boga leuwih loba anak lalaki jeung anak awéwé.+ 4 Anak-anak Daud nu lahir di Yérusalém+ téh nyaéta Syamua, Syobab, Natan,+ Sulaéman,+ 5 Ibhar, Élisyua, Élpélét, 6 Noga, Néfég, Yafia, 7 Élisyama, Bééliada, jeung Élifélét.
8 Waktu urang Filistin ngadéngé yén Daud geus dilantik jadi raja di sakuliah Israél,+ maranéhna kabéh datang rék nyerang Daud.+ Ngadéngé kitu, bral Daud indit merangan maranéhna. 9 Geus kitu, urang Filistin datang tuluy nyerang penduduk Lebak Réfaim.+ 10 Daud nanya ka Allah, ”Abdi kedah maju ngalawan urang Filistin atanapi ulah? Gusti bakal nyerahkeun maranéhna ka abdi moal?” Yéhuwa ngajawab, ”Sok maju, Kuring pasti nyerahkeun maranéhna ka manéh.”+ 11 Jadi, Daud indit ka Baal-pérazim+ tuluy ngéléhkeun urang Filistin di dinya. Pok Daud ngomong, ”Allah nu sajati tos ngagunakeun kuring pikeun ngéléhkeun musuh-musuh kuring, kawas cai nu ngabobol témbok.” Ku kituna, éta tempat dingaranan Baal-pérazim.* 12 Urang Filistin ninggalkeun patung allah-allahna di dinya. Tuluy ku paréntah Daud, éta kabéh diduruk.+
13 Teu lila ti dinya, urang Filistin daratang deui tuluy nyerang penduduk éta lebak.+ 14 Daud nanya deui ka Allah, tapi dijawab ku Allah nu sajati, ”Ulah nyerang maranéhna ti hareup. Muter wéh, serang ti tukang. Serang maranéhna hareupeun gumplukan rungkun baka.*+ 15 Waktu manéh ngadéngé sora kawas sora barisan prajurit luhureun rungkun baka, gancang serang, sabab Allah nu sajati geus aya di hareupeun manéh pikeun ngéléhkeun pasukan Filistin.”+ 16 Jadi, Daud ngajalankeunana percis sakumaha paréntah Allah nu sajati.+ Pasukan Filistin diéléhkeun ku urang Israél, ti Gibéon terus nepi ka Gézér.+ 17 Daud kasohor di sakuliah nagri. Kabéh bangsa ku Yéhuwa disina sarieuneun ka Daud.+