Babad nu Kahiji
15 Daud terus ngawangun imah-imah keur dirina sorangan di Kota Daud. Manéhna gé nyiapkeun tempat jang peti perjangjian Allah nu sajati tuluy masang kémah jang éta peti.+ 2 Harita, Daud ngomong kieu, ”Euweuh nu meunang ngagotong peti perjangjian Allah nu sajati kajaba urang Léwi, sabab maranéhna geus dipilih ku Yéhuwa pikeun ngagotong peti perjangjian Yéhuwa sarta pikeun ngalalayanan Anjeunna sapapanjangna.”+ 3 Geus kitu, Daud ngumpulkeun sakabéh urang Israél ka Yérusalém pikeun mawa peti perjangjian Yéhuwa ka tempat nu geus disiapkeun ku manéhna.+
4 Daud ngumpulkeun turunan Harun+ jeung urang Léwi:+ 5 Ti turunan Kohat, Uriél pamingpinna jeung 120 dulurna. 6 Ti turunan Mérari, Asaya+ pamingpinna jeung 220 dulurna. 7 Ti turunan Gérsyom, Yoél+ pamingpinna jeung 130 dulurna. 8 Ti turunan Élizafan,+ Syémaya pamingpinna jeung 200 dulurna. 9 Ti turunan Hébron, Éliél pamingpinna jeung 80 dulurna. 10 Ti turunan Uziél,+ Aminadab pamingpinna jeung 112 dulurna. 11 Geus kitu, Daud nyalukan Imam Zadok,+ Imam Abiatar,+ sarta sababaraha urang Léwi, nyaéta Uriél, Asaya, Yoél, Syémaya, Éliél, jeung Aminadab. 12 Daud ngomong kieu ka maranéhna, ”Aranjeun téh para pamingpin kulawarga pihak bapa ti urang Léwi. Aranjeun sareng dulur-dulur aranjeun, geura susuci. Sok bawa peti perjangjian Yéhuwa Allah Israél ka tempat nu tos disiapkeun ku kuring. 13 Baréto, peti perjangjian téh digotongna sanés ku aranjeun.+ Urang sadaya téh teu ngulik heula deuih cara nu benerna kumaha.+ Matakna, amarah Yéhuwa Allah urang ngagedur ka urang.”+ 14 Prak para imam jeung urang Léwi nyucikeun diri saacan ngagotong peti perjangjian Yéhuwa Allah Israél.
15 Peti perjangjian Allah nu sajati ditanggung ku urang Léwi dina taktakna maké tongkat,+ percis sakumaha paréntah Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa. 16 Para pamingpin urang Léwi ku Daud dititah milih dulur-dulurna nu bisa ngawih. Engké maranéhna kudu ngawihkeun lagu-lagu gumbira bari diiring ku alat-alat musik, saperti alat musik nu maké senar, harpa,+ jeung simbal.+
17 Jadi ti antara kaomna, urang Léwi milih Héman+ anak Yoél, Asaf+ anak Bérékhia, sarta Étan+ anak Kusyaya ti turunan Mérari. 18 Keur kelompok nu kadua,+ maranéhna ogé milih jalma-jalma ti kaomna, nyaéta Zakharia, Bén, Yaaziél, Syémiramot, Yéhiél, Uni, Éliab, Bénaya, Maaséya, Matitia, Éliféléhu, Miknéya, sarta tukang jaga gerbang, nyaéta Obéd-édom jeung Yéiél. 19 Nu ngarawih, nyaéta Héman,+ Asaf,+ jeung Étan, dititah narabeuh simbal tambaga.+ 20 Zakharia, Aziél, Syémiramot, Yéhiél, Uni, Éliab, Maaséya, jeung Bénaya narabeuh alat musik nu maké senar nu disetél jadi sora luhur.*+ 21 Matitia,+ Éliféléhu, Miknéya, Obéd-édom, Yéiél, jeung Azazia narabeuh harpa nu disetél jadi sora rendah.*+ Maranéhna kabéh téh pamingpin musik. 22 Khénania,+ pamingpin urang Léwi, jadi pangawasna jalma-jalma nu ngagotong peti, sabab manéhna téh geus ahli. 23 Bérékhia jeung Élkana ngajaga gerbang di deukeut peti perjangjian. 24 Obéd-édom jeung Yéhia gé ngajaga gerbang di deukeut peti perjangjian. Para imam, nyaéta Syébania, Yosyafat, Nétanél, Amasai, Zakharia, Bénaya, jeung Éliézér, kapilih pikeun niup tarompét ku sora nu tarik hareupeun peti perjangjian Allah nu sajati.+
25 Bral Daud, para kokolot Israél, jeung para pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang milu leumpang pikeun mindahkeun peti perjangjian Yéhuwa ti imahna Obéd-édom+ bari suka bungah.+ 26 Waktu ningali Allah nu sajati ngabantu urang Léwi ngagotong peti perjangjian Yéhuwa, maranéhna ngurbankeun sapi jalu ngora tujuh jeung domba jalu tujuh.+ 27 Daud, kabéh urang Léwi nu ngagotong peti perjangjian, jalma-jalma nu ngarawih, jeung Khénania, nyaéta pangawas jalma-jalma nu ngagotong peti sarta nu ngarawih, maraké rompi panjang tina kaén lemes. Ari Daud mah maké éfod* tina linén+ ogé. 28 Sakabéh urang Israél mawa peti perjangjian Yéhuwa bari sarurak gumbira+ sarta diiring ku sora tarompét tanduk, tarompét,+ jeung simbal. Maranéhna gé narabeuh harpa+ jeung alat musik nu maké senar, sorana téh mani tarik.
29 Tapi barang peti perjangjian Yéhuwa nepi ka Kota Daud,+ Mikhal+ anak Saul nu awéwé nempo ka handap tina jandéla, rét ningali Raja Daud ajrug-ajrugan ngarayakeun éta. Di jero haténa, Mikhal jadi ngarendahkeun Daud.+