Babad nu Kahiji
16 Peti perjangjian Allah nu sajati dibawa tuluy diteundeun di jero kémah nu geus dipasang ku Daud. Sanggeusna, kurban beuleuman jeung kurban karukunan dibaktikeun ka Allah nu sajati. 2 Bérés ngabaktikeun kurban beuleuman jeung kurban karukunan, Daud ngaberkahan jalma-jalma bari nyebut nami Yéhuwa. 3 Salian ti éta, manéhna gé ngabagikeun roti bunder, kuéh korma, jeung kuéh kismis ka sakabéh urang Israél, boh lalaki boh awéwé. 4 Geus kitu, manéhna ngalantik sababaraha urang Léwi pikeun ngalalayanan hareupeun peti perjangjian Yéhuwa. Di dinya, maranéhna téh ngamulyakeun,* ngucap sukur, jeung muji Yéhuwa Allah Israél. 5 Asaf téh pamingpinna, dibantu ku Zakharia. Salian ti éta, aya ogé nu narabeuh alat musik nu maké senar jeung harpa, nyaéta Yéiél, Syémiramot, Yéhiél, Matitia, Éliab, Bénaya, Obéd-édom, jeung Yéiél. Ari Asaf mah nabeuh simbal. 6 Imam Bénaya jeung Imam Yahaziél niup tarompét hareupeun peti perjangjian Allah nu sajati.
7 Dina poé éta, Daud mimiti nugaskeun Asaf jeung dulur-dulurna pikeun ngawihkeun lagu pupujian keur Yéhuwa nu dijieun ku manéhna. Ieu laguna:
8 ”Ucapkeun sukur ka Yéhuwa, pék sasambat ka nami-Na.
Caritakeun tindakana-Na ka bangsa-bangsa!
9 Pék nyanyi kanggo Anjeunna, kawihkeun pupujian* kanggo Anjeunna,
Pikirkeun* sagala tindakana-Na nu hébat.
10 Maranéh kudu agul ngamashurkeun nami-Na nu suci.
Mugia haté jalma-jalma nu ngalalayanan Yéhuwa bungah.
11 Téangan pituduh Yéhuwa jeung andelkeun kakuatana-Na.
Ulah eureun ménta pitulung ti Anjeunna.
12 Sing inget kana hal-hal hébat nu tos dipidamel ku Anjeunna,
Mujijat jeung putusan hukum-Na,
13 Hé maranéh, turunan Israél hamba-Na,
Maranéh anak-anak Yakub, jalma-jalma nu dipilih ku Anjeunna.
14 Anjeunna téh Yéhuwa Allah urang.
Putusan hukum-Na kudu dijalankeun di sakuliah bumi.
15 Ulah poho kana perjangjiana-Na.
Sing inget kana perjangjian nu diucapkeuna-Na, nepi ka sarébu génerasi,
16 Perjangjiana-Na jeung Ibrahim,
Jeung sumpah-Na ka Ishak.
17 Éta sumpah ku Anjeunna dijadikeun jaminan keur Yakub
Jeung dijadikeun perjangjian nu abadi keur Israél.
18 Ceuk Anjeunna, ’Kuring rék mikeun nagri Kanaan
Pikeun jadi warisan nu ditetepkeun keur maranéh.’
19 Ieu diucapkeun ku Anjeunna waktu maranéhna saeutik kénéh,
Saeutik pisan, basa maranéhna jadi urang asing di éta nagri.
20 Maranéhna pipindahan ti bangsa ieu ka bangsa itu,
Ti karajaan ieu ka karajaan itu.
21 Anjeunna teu ngantep saha waé nindes maranéhna,
Tapi Anjeunna negor raja-raja demi maranéhna.
22 Ceuk Anjeunna, ’Kadé, ulah wani-wani ngaganggu jalma nu dilantik ku Kuring,
Jeung ulah jahat ka nabi-nabi Kuring.’
23 Hé sakabéh penduduk bumi, pék nyanyi kanggo Yéhuwa!
Unggal poé, uarkeun kasalametan ti Anjeunna!
24 Caritakeun kamulyaana-Na ka bangsa-bangsa.
Caritakeun tindakana-Na nu hébat ka sakabéh suku bangsa.
25 Yéhuwa téh agung jeung nu panglayakna dipuji.
Anjeunna leuwih hébat tibatan allah-allah séjén.
26 Sakabéh allahna bangsa-bangsa téh euweuh gunana,
Ari Yéhuwa mah Allah nu nyiptakeun langit.
27 Kamulyaan jeung kaagungan aya di sakuriling-Na.
Kakuatan jeung kabungah aya di tempat linggih-Na.
28 Hé suku-suku bangsa, puji Yéhuwa.
Puji Yéhuwa lantaran Anjeunna mulya jeung kuat.
29 Mulyakeun Yéhuwa lantaran nami-Na layak dimulyakeun.
Sanggakeun pangbakti, geura arasup ngadep ka payuneun Anjeunna.
Pék sujud ka* Yéhuwa bari maké baju suci.*
30 Hé sakuliah bumi, sing ngadégdég payuneun Anjeunna!
Bumi* kukuh diadegkeun, moal bisa dioyag-oyag.
31 Langit sing bungah, bumi sing senang.
Wartakeun ka bangsa-bangsa, ’Yéhuwa tos jadi Raja!’
32 Laut jeung sagala eusina, geura ngaguruh sing gumbira.
Tegalan jeung sagala nu aya di dinya, sing gumbira.
33 Kitu ogé jeung tatangkalan di leuweung, geura sarurak sing bungah payuneun Yéhuwa,
Sabab Anjeunna sumping* pikeun ngahakiman bumi.
34 Haturkeun nuhun ka Yéhuwa, sabab Anjeunna téh bageur.
Asih satia-Na aya keur salalanggengna.
35 Ucapkeun kieu, ’Nun Allah Jurusalamet abdi sadaya,
Salametkeun, kumpulkeun, jeung jait* abdi sadaya ti bangsa-bangsa,
Sangkan abdi sadaya tiasa ngucap sukur ka nami suci Gusti
Sarta suka bungah muji Gusti.
36 Mugia Yéhuwa Allah Israél
Dipuji salalanggengna.’”
Geus kitu, sakabéh bangsa ngucapkeun, ”Amin!”* seug muji Yéhuwa.
37 Asaf jeung dulur-dulurna ku Daud disina terus ngalalayanan di dinya. Maranéhna kudu terus ngalalayanan hareupeun peti perjangjian Yéhuwa nurutkeun jadwal unggal poéna. 38 Obéd-édom jeung 68 dulurna, Obéd-édom anak Yédutun, sarta Hosa téh jadi tukang jaga gerbang. 39 Imam Zadok jeung imam-imam séjénna ngalalayanan hareupeun tabernakel Yéhuwa di pasir* di Gibéon. 40 Unggal isuk jeung pasosoré, maranéhna kudu terus ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa dina mézbah kurban beuleuman. Maranéhna gé kudu ngalampahkeun sagala nu ditulis dina hukum Yéhuwa nu dibikeun ka Israél. 41 Maranéhna dibantuan ku Héman, Yédutun, jeung jalma-jalma nu dipilih pikeun ngucap sukur ka Yéhuwa lantaran ”asih satia-Na aya keur salalanggengna”. 42 Héman jeung Yédutun niup tarompét sarta nabeuh simbal jeung alat-alat musik pikeun muji* Allah nu sajati. Ari anak-anak Yédutun nu lalaki mah tugasna di gerbang. 43 Geus kitu, sakabéh jalma baralik ka imahna masing-masing. Ari Daud mah indit rék ngaberkahan rumah tanggana.