PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Babad 17
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Babad

      • Lain Daud nu ngawangun bait (1-6)

      • Perjangjian jeung Daud ngeunaan karajaan (7-15)

      • Doa ucapan sukur Daud (16-27)

1 Babad 17:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 1:8; 1Bab 29:29
  • +1Bab 14:1
  • +2Sam 7:1-3; 1Bab 15:1; 2Bab 1:4

1 Babad 17:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 7:4-7; 1Raj 8:17-19; 1Bab 22:7, 8

1 Babad 17:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”cicingna ti hiji kémah ka kémah séjén, jeung ti hiji tabernakel ka tabernakel séjén”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:2; Bil 4:24, 25; 2Sam 6:17; Jab 78:60

1 Babad 17:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 16:11, 12; 17:15; 25:30; 2Sam 7:8-11; Jab 78:70, 71

1 Babad 17:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 18:14; 2Sam 8:6
  • +1Sam 25:29; 26:10; Jab 89:20, 22
  • +1Sam 18:30

1 Babad 17:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 2:23

1 Babad 17:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”Manéh bakal dijieunkeun imah”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hak 2:16
  • +Jab 18:40

1 Babad 17:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 8:20; Jab 132:11
  • +2Sam 7:12-17; 1Raj 9:5; 1Bab 28:5; Yér 23:5

1 Babad 17:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 5:5; 1Bab 22:10
  • +Jab 89:3, 4; Yés 9:7; Dan 2:44

1 Babad 17:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nunjukkeun asih satia”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 7:14; Luk 9:35; Ibr 1:5
  • +Yés 55:3
  • +1Sam 15:24, 28; 1Bab 10:13, 14

1 Babad 17:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Dan 2:44; Yah 1:49; 2Pét 1:11
  • +Jab 89:36; Yér 33:20, 21; Luk 1:32, 33; Ibr 1:8; Why 3:21

1 Babad 17:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 7:8, 18-20

1 Babad 17:17

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu pangkatna luhur”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mat 22:42; Kis 13:34; Why 22:16

1 Babad 17:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 139:1

1 Babad 17:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 7:21-24

1 Babad 17:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 15:11
  • +Yés 43:10

1 Babad 17:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 4:7; Jab 147:20
  • +Bud 19:5; Jab 77:15
  • +Pam 4:34; Néh 9:10; Yés 63:12; Yéh 20:9
  • +Pam 7:1; Yos 10:42; 21:44

1 Babad 17:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 12:22
  • +Kaj 17:7; Pam 7:6, 9

1 Babad 17:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 7:25-29

1 Babad 17:24

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kabuktos tiasa diandelkeun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 6:33; Jab 72:19; Mat 6:9; Yah 12:28
  • +Jab 89:35, 36

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

1 Bab. 17:11Raj 1:8; 1Bab 29:29
1 Bab. 17:11Bab 14:1
1 Bab. 17:12Sam 7:1-3; 1Bab 15:1; 2Bab 1:4
1 Bab. 17:42Sam 7:4-7; 1Raj 8:17-19; 1Bab 22:7, 8
1 Bab. 17:5Bud 40:2; Bil 4:24, 25; 2Sam 6:17; Jab 78:60
1 Bab. 17:71Sam 16:11, 12; 17:15; 25:30; 2Sam 7:8-11; Jab 78:70, 71
1 Bab. 17:81Sam 18:14; 2Sam 8:6
1 Bab. 17:81Sam 25:29; 26:10; Jab 89:20, 22
1 Bab. 17:81Sam 18:30
1 Bab. 17:9Bud 2:23
1 Bab. 17:10Hak 2:16
1 Bab. 17:10Jab 18:40
1 Bab. 17:111Raj 8:20; Jab 132:11
1 Bab. 17:112Sam 7:12-17; 1Raj 9:5; 1Bab 28:5; Yér 23:5
1 Bab. 17:121Raj 5:5; 1Bab 22:10
1 Bab. 17:12Jab 89:3, 4; Yés 9:7; Dan 2:44
1 Bab. 17:132Sam 7:14; Luk 9:35; Ibr 1:5
1 Bab. 17:13Yés 55:3
1 Bab. 17:131Sam 15:24, 28; 1Bab 10:13, 14
1 Bab. 17:14Dan 2:44; Yah 1:49; 2Pét 1:11
1 Bab. 17:14Jab 89:36; Yér 33:20, 21; Luk 1:32, 33; Ibr 1:8; Why 3:21
1 Bab. 17:162Sam 7:8, 18-20
1 Bab. 17:17Mat 22:42; Kis 13:34; Why 22:16
1 Bab. 17:18Jab 139:1
1 Bab. 17:192Sam 7:21-24
1 Bab. 17:20Bud 15:11
1 Bab. 17:20Yés 43:10
1 Bab. 17:21Pam 4:7; Jab 147:20
1 Bab. 17:21Bud 19:5; Jab 77:15
1 Bab. 17:21Pam 4:34; Néh 9:10; Yés 63:12; Yéh 20:9
1 Bab. 17:21Pam 7:1; Yos 10:42; 21:44
1 Bab. 17:221Sam 12:22
1 Bab. 17:22Kaj 17:7; Pam 7:6, 9
1 Bab. 17:232Sam 7:25-29
1 Bab. 17:242Bab 6:33; Jab 72:19; Mat 6:9; Yah 12:28
1 Bab. 17:24Jab 89:35, 36
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Babad 17:1-27

Babad nu Kahiji

17 Teu lila sanggeus Daud matuh di istanana, manéhna ngomong ka Nabi Natan,+ ”Kuring cicing di istana tina kai aras,+ ari peti perjangjian Yéhuwa mah ngan di jero kémah.”+ 2 Ditémbalan ku Natan, ”Mangga laksanakeun kahoyong Juragan, da Juragan disarengan ku Allah nu sajati.”

3 Tapi peuting éta kénéh, Allah nepikeun firman-Na ka Natan, 4 ”Béjakeun kieu ka Daud hamba Kuring, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Lain manéh nu bakal ngawangun imah tempat matuh Kuring.+ 5 Ti saprak Kuring mawa bangsa Israél budal nepi ka ayeuna gé, Kuring teu pernah matuh di hiji imah. Kuring mah cicingna di kémah jeung pipindahan.*+ 6 Salila Kuring indit bareng jeung sakabéh urang Israél gé, pernah kitu Kuring ngomong kieu ka salah saurang hakim Israél nu dilantik ku Kuring pikeun ngangon umat Kuring, ’Ku naon maranéh teu ngawangun imah tina kai aras keur Kuring?’”’

7 ”Ayeuna, béjakeun kieu ka Daud hamba Kuring, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Baheula manéh ngangon domba di tegalan, tapi manéh ku Kuring dijadikeun pamingpin Israél umat Kuring.+ 8 Kuring bakal nyarengan manéh ka mana waé manéh indit.+ Kuring bakal nyingkirkeun sakabéh musuh ti hareupeun manéh.+ Kuring gé bakal ngamashurkeun ngaran manéh kawas ngaran jalma-jalma nu harébat di bumi.+ 9 Kuring rék nyadiakeun tempat keur Israél umat Kuring, tuluy nempatkeun maranéhna di dinya. Maranéhna bakal matuh di dinya sarta moal aya nu ngaganggu. Jalma jahat moal nindes maranéhna deui siga baheula,+ 10 nyaéta basa Kuring ngalantik hakim-hakim keur Israél umat Kuring.+ Kuring gé bakal nalukkeun sakabéh musuh manéh.+ Salian ti éta, Kuring ngabéjaan, ’Manéh turun-tumurun bakal dijadikeun raja* ku Yéhuwa.’

11 ”’”Di mana engké manéh mulang ka asal sarta maot siga karuhun manéh, Kuring bakal ngalantik turunan manéh, nyaéta salah sahiji anak manéh nu lalaki,+ pikeun jadi raja. Kakawasaanana sabagé raja ku Kuring bakal dikukuhkeun.+ 12 Nya, manéhna nu bakal ngawangun imah keur Kuring.+ Kuring bakal ngukuhkeun tahtana keur salilana.+ 13 Kuring bakal jadi Bapa manéhna, sarta manéhna bakal jadi anak Kuring.+ Kuring bakal terus nyaah* ka manéhna.+ Kanyaah Kuring moal dipegatkeun cara ka jalma saacan manéh.+ 14 Manéhna bakal tetep aya di imah Kuring jeung di karajaan Kuring salilana.+ Tahtana gé bakal kukuh salilana.”’”+

15 Natan ngabéjakeun kabéh kekecapan sarta titingalian éta ka Daud.

16 Ngadéngé kitu, Raja Daud diuk hareupeun Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Nun Gusti Yéhuwa, saha atuh abdi téh? Saha atuh kulawarga abdi téh, dugi ka Gusti midamel ieu sadaya kanggo abdi?+ 17 Tapi lain éta wungkul, Gusti. Gusti ogé ngawartosan bakal kumaha kulawarga hamba Gusti ieu dina mangsa ka payun.+ Nun Yéhuwa, Gusti nganggap abdi sapertos jalmi nu pantes dipunjulkeun,* langkung ti nu atos-atos. 18 Naon deui atuh anu tiasa dicarioskeun ku abdi, hamba Gusti ieu, ngeunaan kamulyaan nu dipasihan ku Gusti? Da Gusti wanoh pisan ka hamba Gusti ieu.+ 19 Nun Yéhuwa, sagala hal nu luar biasa ieu parantos dipidamel ku Gusti. Kahébatan Gusti ogé tos disingkabkeun.+ Éta téh demi hamba Gusti, sarta éta téh saluyu sareng kahoyong haté Gusti. 20 Nun Yéhuwa, sagala nu tos kadangu ku abdi sadaya ngabuktoskeun yén taya deui nu sapertos Gusti,+ sarta taya Allah salian ti Gusti.+ 21 Bangsa mana di bumi nu sapertos Israél umat Gusti?+ Ku Gusti, Allah nu sajati, maranéhna ditebus sarta dijadikeun umat Gusti.+ Nami Gusti jadi kasohor lantaran Gusti midamel hal-hal nu hébat sarta luar biasa.+ Gusti nyingkirkeun bangsa-bangsa ti hareupeun umat Gusti,+ nu ditebus ku Gusti ti Mesir. 22 Israél umat Gusti dijadikeun milik Gusti kanggo salamina,+ sarta Gusti, nun Yéhuwa, Gusti jadi Allah maranéhna.+ 23 Nun Yéhuwa, mugia jangji Gusti ngeunaan hamba Gusti ieu sarta turunanana ditedunan salamina. Mugia Gusti ngalaksanakeun naon nu tos dijangjikeun ku Gusti.+ 24 Mugia nami Gusti salawasna aya* sarta diagungkeun+ salalanggengna, supados jalmi-jalmi nyebat yén Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, Allah Israél téh mémang bener-bener Allahna Israél, sarta mugia turunan Daud hamba Gusti tetep aya di payuneun Gusti.+ 25 Nun Gusti, Allah abdi, Gusti tos ngawartosan ka hamba Gusti ieu maksad Gusti pikeun ngalantik turunan abdi jadi raja. Éta sababna hamba Gusti ieu wantun nyanggakeun ieu doa. 26 Nun Yéhuwa, Gusti téh Allah nu sajati. Gusti tos ngajangjikeun hal-hal nu hadé ieu ka abdi, hamba Gusti. 27 Jadi, mugia Gusti kersa ngaberkahan turunan hamba Gusti ieu, sarta mugia maranéhna salawasna aya di payuneun Gusti, sabab nun Yéhuwa, Gusti tos ngaberkahan maranéhna. Maranéhna diberkahan salalanggengna.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun