Babad nu Kahiji
18 Teu lila ti dinya, Daud ngéléhkeun jeung nalukkeun urang Filistin. Manéhna ngarebut Gat jeung kota-kota sakurilingna ti urang Filistin. 2 Geus kitu manéhna ngéléhkeun Moab, terus urang Moab dijadikeun palayanna sarta diwajibkeun mayar upeti.
3 Daud gé ngéléhkeun Hadadézér raja Zoba di deukeut Hamat, nu harita téh keur di jalan rék ngukuhkeun kakawasaanana di Walungan Éfrat. 4 Daud ngarebut 1.000 karéta sarta néwak 7.000 prajurit kuda jeung 20.000 prajurit nu leumpang. Tuluy, Daud neukteukan urat suku sakabéh kuda nu narik karéta, tapi aya 100 kuda nu disésakeun. 5 Urang Siria ti Damaskus datang rék mantuan Hadadézér raja Zoba, tapi maranéhna gé diéléhkeun ku Daud. Aya 22.000 urang Siria nu dipaéhan. 6 Geus kitu, Daud nempatkeun pasukanna di Siria, nyaéta di kota Damaskus. Urang Siria dijadikeun palayanna Daud sarta wajib mayar upeti. Ka mana waé Daud indit, manéhna terus dibéré kaunggulan* ku Yéhuwa. 7 Salian ti éta, Daud ngarampas taméng-taméng* emas ti para bawahanana Hadadézér, tuluy dibawa ka Yérusalém. 8 Raja Daud gé ngakut loba pisan tambaga ti Tibhat jeung Kun, dua kota milik Hadadézér. Ku Sulaéman éta dijieun jadi Laut Tambaga, pilar-pilar, jeung paparabotan tambaga.
9 Waktu Tou raja Hamat ngadéngé yén Daud geus ngéléhkeun sakabéh pasukanna Hadadézér raja Zoba, 10 manéhna langsung ngutus Hadoram anakna pikeun nanyakeun kabarna Raja Daud sarta ngawilujengkeun ka manéhna nu geus merangan jeung ngéléhkeun Hadadézér (lantaran Hadadézér téh sering merangan Tou). Hadoram mawa rupa-rupa barang tina emas, pérak, jeung tambaga. 11 Raja Daud nyucikeun barang-barang éta keur Yéhuwa, kitu deui nyucikeun pérak jeung emas nu dijarah ti bangsa-bangsa, nyaéta ti Édom jeung Moab, ti urang Ammon, urang Filistin, sarta urang Amalék.
12 Abisyai anak Zéruya maéhan 18.000 urang Édom di Lebak Uyah. 13 Manéhna nempatkeun pasukanna di Édom. Urang Édom dijadikeun palayanna Daud. Ka mana waé Daud indit, manéhna terus dibéré kaunggulan* ku Yéhuwa. 14 Daud ngawasaan sakabéh Israél. Manéhna maréntah rahayatna ku cara nu adil jeung bener. 15 Yoab anak Zéruya jadi panglima tentarana, ari Yéhosyafat anak Ahilud jadi tukang nyatet. 16 Zadok anak Ahitub sarta Ahimélékh anak Abiatar jadi imam, ari Syawsya jadi sékertaris. 17 Bénaya anak Yéhoyada jadi kapala para pangawal pribadina Daud,* ari anak-anak Daud nu lalaki jadi jalma penting sanggeus Raja.