Ézra
5 Tuluy, Nabi Hagai jeung Nabi Zakharia incu Ido nepikeun ramalan* ka urang Yahudi nu aya di Yéhuda jeung Yérusalém. Maranéhna nepikeun éta ramalan ku nami Allah Israél nu nyarengan maranéhna. 2 Harita, Zérubabél anak Syéaltiél jeung Yésyua anak Yéhozadak ngamimitian deui pangwangunan bumina Allah nu aya di Yérusalém. Nabi-nabi Allah gé nyarengan jeung ngadukung maranéhna. 3 Harita Taténai, gubernur di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat,* sarta Syétar-bozénai jeung balad-baladna ngadatangan maranéhna seug nanya kieu, ”Saha nu ngidinan maranéh ngawangun ieu imah jeung ngadegkeun rangka kaina?” 4 Maranéhna gé ngomong, ”Sebutkeun ngaran jalma-jalma nu ngawangun ieu imah!” 5 Tapi, Taténai jeung balad-baladna teu bisa ngeureunkeun éta pangwangunan, lantaran Allah nyarengan para kokolot urang Yahudi. Ku kituna, maranéhna ngirim laporan ka Darius jeung ngadagoan surat resmi ngeunaan hal éta.
6 Ieu salinan surat nu dikirim ka Raja Darius ku Taténai, gubernur wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat, sarta ku Syétar-bozénai jeung balad-baladna, nyaéta wakil-wakil gubernur wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat. 7 Laporan nu dikirim ka Raja téh eusina kieu:
”Kahatur Raja Darius,
”Wilujeng! 8 Abdi sadaya badé ngawartosan yén abdi sadaya téh tos angkat ka Propinsi Yéhuda, ka bumina Allah nu Agung. Éta bumi téh nuju diwangun nganggo batu-batu nu arageung. Kai-kai gé nuju dipasang dina témbokna. Maranéhna sumanget ngalaksanakeun padamelanana. Sadayana lancar lantaran maranéhna enya-enya didamel. 9 Teras para kokolotna ditaros, ’Saha nu ngidinan maranéh ngawangun ieu imah jeung ngadegkeun rangka kaina?’ 10 Ngaran-ngaran pamingpinna gé ku abdi sadaya ditaroskeun supaya tiasa dicatet teras dilaporkeun ka Raja.
11 ”Kieu jawaban maranéhna: ’Abdi sadaya téh hamba-hamba Allah nu ngawasaan sorga sareng bumi. Abdi sadaya téh nuju ngawangun deui bumi nu tos diwangun mangtaun-taun kapungkur, nu diadegkeun ku hiji raja Israél nu agung. 12 Tapi, karuhun abdi sadaya téh nyieun pibendueun Allah nu ngawasaan sorga, nu matak aranjeunna dipasrahkeun ka Nébukhadnézar raja Babilon, urang Khaldéa téa. Ieu bumi téh diancurkeun ku éta raja, ari jalma-jalmana diboyong jadi tawanan ka Babilon. 13 Najan kitu, dina taun kahiji pamaréntahan Korés raja Babilon,* Raja Korés ngaluarkeun paréntah pikeun ngawangun deui bumina Allah ieu. 14 Malah, Raja Korés ngaluarkeun barang-barang tina emas jeung pérak ti kuil Babilon, tuluy dipasihkeun ka Syésbazar,* nu ku Korés diangkat jadi gubernur. Baheula, éta barang-barang téh dijarah ku Nébukhadnézar ti bumina Allah di Yérusalém, tuluy disimpen di kuil Babilon. 15 Saur Korés ka Syésbazar, ”Bawa barang-barang téh ka Yérusalém. Simpen kabéhanana di bumina Allah nu bakal diwangun deui di tempat urutna baheula.” 16 Ti dinya, Syésbazar sumping tuluy masang pondasi bumina Allah di Yérusalém. Ti saprak harita, pangwangunan bumina Allah téh dimimitian, tapi teu acan réngsé dugi ka ayeuna.’
17 ”Upami Raja kersa, mangga pariksa buku sajarah nu aya di tempat nyimpen harta karajaan di Babilon. Tangtu kabukti aya atanapi henteuna paréntah ti Raja Korés pikeun ngawangun deui bumina Allah di Yérusalém. Salajengna, abdi sadaya ngantos Raja ngintun putusan.”