Néhémia
10 Nu ngesahkeun ku cap téh nyaéta:
Gubernur* Néhémia anak Hakalia,
Tuluy Zédékia, 2 Séraya, Azaria, Yérémia, 3 Pasyur, Amaria, Malkhiya, 4 Hatus, Syébania, Malukh, 5 Harim, Mérémot, Obaja, 6 Daniél, Ginéton, Barukh, 7 Mésyulam, Abiya, Miyamin, 8 Maazia, Bilgai, jeung Syémaya. Kabéhanana téh imam.
9 Urang Léwi nu ngesahkeun téh nyaéta: Yésyua anak Azania, Binui ti kulawarga Hénadad, Kadmiél, 10 sarta dulur-dulur maranéhna, nyaéta Syébania, Hodia, Kélita, Pélaya, Hanan, 11 Mika, Réhob, Hasyabia, 12 Zakur, Syérébia, Syébania, 13 Hodia, Bani, jeung Béninu.
14 Para pamingpin éta bangsa anu ngesahkeun téh nyaéta: Paros, Pahat-moab, Élam, Zatu, Bani, 15 Buni, Azgad, Bébai, 16 Adoniya, Bigwai, Adin, 17 Atér, Hizkia, Azur, 18 Hodia, Hasyum, Bézai, 19 Harif, Anatot, Nébai, 20 Magpias, Mésyulam, Hézir, 21 Mésyézabél, Zadok, Yadua, 22 Pélatia, Hanan, Anaya, 23 Hosyéa, Hanania, Hassyub, 24 Halohés, Pilha, Syobék, 25 Réhum, Hasyabna, Maaséya, 26 Ahiya, Hanan, Anan, 27 Malukh, Harim, jeung Baanah.
28 Ari jalma-jalma lianna, nyaéta para imam, urang Léwi, tukang jaga gerbang, jurukawih, palayan bait,* sarta jalma nu geus misahkeun diri ti bangsa-bangsa sabudeureun pikeun nuturkeun Hukum Allah nu sajati, bareng jeung pamajikanana, anak lalakina, anak awéwéna, sarta sakabéh nu boga kanyaho jeung pangarti,* 29 ngahiji jeung dulur-dulurna, nyaéta jalma-jalma penting. Maranéhna sumpah pikeun nuturkeun Hukum Allah nu sajati, nu geus dibikeun ku perantaraan Musa hamba Allah nu sajati, sarta daék dikutuk lamun teu nuturkeun éta Hukum. Maranéhna gé satuju pikeun bener-bener ngajalankeun paréntah, katangtuan, jeung aturan Yéhuwa Gusti urang. 30 Urang moal ngawinkeun anak awéwé urang ka jalma ti bangsa séjén di ieu tanah. Urang gé moal ngawinkeun anak lalaki urang ka anak awéwé maranéhna.
31 Lamun penduduk di ieu tanah mawa barang dagangan jeung sagala rupa sisikian pikeun dijual dina poé Sabat, urang moal meuli nanaon ti maranéhna dina poé Sabat atawa dina poé nu suci. Salian ti éta, dina taun katujuh, hasil tanah téh ku urang bakal diantep, sarta hutang-hutang bakal dilapurkeun.
32 Unggal taun, urang ngawajibkeun diri nyumbangkeun 4 gram pérak* pikeun palayanan di bumina* Allah urang, 33 roti nu dibaktikeun,* kurban kadaharan nu rutin, kurban beuleuman nu rutin dina poé Sabat jeung dina bulan anyar, perayaan-perayaan nu geus ditetepkeun, pangbakti suci, kurban pikeun pangampura dosa Israél, jeung sagala pagawéan di bumina Allah urang.
34 Urang gé ngundi pikeun nangtukeun iraha giliran keur kulawarga pihak bapa ti imam, urang Léwi, jeung rahayat pikeun mawa kai keur bumina Allah urang unggal taun. Éta kai téh dipaké keur suluh dina mézbah Yéhuwa Allah urang nurutkeun naon nu geus ditulis dina Torét. 35 Unggal taun, urang bakal mawa hasil panén nu mimiti ti lahan urang ka bumina Yéhuwa, sakaligus mawa hasil panén nu mimiti ti unggal jinis tangkal bubuahan, 36 kitu deui anak cikal lalaki jeung cikal jalu ingon-ingon, nyaéta sapi, domba, jeung embé, nurutkeun naon nu geus ditulis dina Torét. Éta kabéh dibawa ka bumina Allah urang, ka para imam nu ngalalayanan di bumina Allah urang. 37 Salian ti éta, hasil nu mimiti tina tipung kasar, sumbangan, sagala jinis buah, cianggur anyar, jeung minyak bakal dibawa ka para imam, ka gudang-gudang* bumina Allah urang. Sapersapuluh hasil tanah bakal dibikeun ka urang Léwi, sabab maranéhna nu bakal narima sapersapuluh ti sakabéh kota pertanian urang.
38 Waktu urang Léwi ngumpulkeun perpuluhan, imam turunan Harun kudu nyarengan maranéhna. Urang Léwi kudu ngabaktikeun sapersapuluh tina éta perpuluhan ka bumina Allah urang, ka rohangan-rohangan* di gudang. 39 Urang Israél jeung turunan Léwi kudu mawa sumbangan sisikian, cianggur anyar, jeung minyak ka gudang-gudang.* Di dinya téh aya parabot keur tempat suci, para imam nu keur ngalalayanan, tukang-tukang jaga gerbang, jeung para jurukawih. Urang moal ngalalaworakeun bumina Allah urang.