Néhémia
11 Para pamingpin maratuh di Yérusalém, ari rahayat séjénna ngundi pikeun nangtukeun saha nu kudu matuh di Yérusalém, kota nu suci. Hiji kulawarga ti tiap sapuluh kulawarga bakal matuh di éta kota, ari salapan kulawarga nu teu kapilih mah bakal matuh di kota-kota séjén. 2 Tapi, aya ogé nu sukaréla pindah ka Yérusalém. Rahayat mangméntakeun berkah ka Allah keur maranéhna.
3 Ieu para kapala propinsi nu matuh di Yérusalém. (Urang Israél séjénna, para imam, urang Léwi, para palayan bait,* jeung kulawarga palayan Sulaéman matuh di kota-kota séjén di Yéhuda, masing-masing di tanah milikna di kotana.
4 Sababaraha urang Yéhuda jeung Bényamin gé matuh di Yérusalém.) Ti urang Yéhuda aya Ataya anak Uzzia. Uzzia téh anakna Zakharia, Zakharia téh anakna Amaria, Amaria téh anakna Syéfatia, Syéfatia téh anakna Mahalalél, Mahalalél téh turunan Péréz. 5 Aya ogé Maaséya anak Barukh. Barukh téh anakna Kolhozé, Kolhozé téh anakna Hazaya, Hazaya téh anakna Adaya, Adaya téh anakna Yoyarib, Yoyarib téh anakna Zakharia, Zakharia téh turunan Syéla. 6 Turunan Péréz nu matuh di Yérusalém téh aya 468, kabéhanana jalma nu perkasa.
7 Ti urang Bényamin: Sallu (Sallu téh anakna Mésyulam, Mésyulam téh anakna Yoéd, Yoéd téh anakna Pédaya, Pédaya téh anakna Kolaya, Kolaya téh anakna Maaséya, Maaséya téh anakna Itiél, Itiél téh anakna Yésyaya), 8 sarta aya kulawarga Gabai jeung Salai, jumlahna 928. 9 Yoél anak Zikhri jadi pangawas maranéhna, ari Yéhuda anak Hasénua jadi wakilna Yoél di éta kota.
10 Ti para imam: Yédaya anak Yoyarib, Yakhin, 11 Séraya (Séraya téh anakna Hilkia, Hilkia téh anakna Mésyulam, Mésyulam téh anakna Zadok, Zadok téh anakna Mérayot, Mérayot téh anakna Ahitub, nyaéta pamingpin di bumina* Allah nu sajati), 12 sarta dulur-dulur maranéhna nu ngalalayanan di bait, jumlahna 822. Aya ogé Adaya (Adaya téh anakna Yéroham, Yéroham téh anakna Pélalia, Pélalia téh anakna Amzi, Amzi téh anakna Zakharia, Zakharia téh anakna Pasyur, Pasyur téh anakna Malkhiya) 13 sarta dulur-dulurna, nyaéta para pamingpin kulawarga pihak bapa, jumlahna 242. Salian ti maranéhna, aya Amassai (Amassai téh anakna Azarél, Azarél téh anakna Ahzai, Ahzai téh anakna Mésyilémot, Mésyilémot téh anakna Imér) 14 sarta dulur-dulurna nu perkasa jeung wanian, jumlahna 128. Pangawas maranéhna téh Zabdiél, ti kulawarga nu penting.
15 Ti urang Léwi: Syémaya (Syémaya téh anakna Hassyub, Hassyub téh anakna Azrikam, Azrikam téh anakna Hasyabia, Hasyabia téh anakna Buni) 16 sarta Syabétai jeung Yozabad, para pamingpin urang Léwi, nu ngawaskeun pagawéan di luareun bumina Allah nu sajati. 17 Aya ogé Matania, pamingpin jurukawih, nu mingpin pujian waktu ngadoa (Matania téh anakna Mikha, Mikha téh anakna Zabdi, Zabdi téh anakna Asaf), sarta Bakbukia nu ngabantu Matania jeung Abda (Abda téh anakna Syamua, Syamua téh anakna Galal, Galal téh anakna Yédutun). 18 Sakabéh urang Léwi di kota suci téh aya 284.
19 Tukang-tukang jaga gerbang téh Akub, Talmon, jeung dulur-dulur maranéhna nu terus jaga di gerbang, jumlahna 172.
20 Urang Israél, para imam, jeung urang Léwi sésana maratuh di kota-kota séjén di Yéhuda, masing-masing di tanah warisanana. 21 Para palayan bait* maratuh di Ofél, pangawasna téh Ziha jeung Gispa.
22 Pangawas urang Léwi di Yérusalém téh Uzi anak Bani, Bani téh anakna Hasyabia, Hasyabia téh anakna Matania, Matania téh anakna Mika. Uzi téh turunan Asaf, para jurukawih. Manéhna nu ngawaskeun pagawéan di bumina Allah nu sajati. 23 Raja geus ngaluarkeun paréntah supaya para jurukawih meunang jatah unggal poé, sakumaha pangabutuhna. 24 Pétahia anak Mésyézabél ti kulawarga Zérah anak Yéhuda jadi jurunaséhat raja keur sakabéh urusan éta bangsa.
25 Ieu daptar padésaan jeung tegalan-tegalan di sakurilingna: Sabagian urang Yéhuda matuh di Kiriat-arba jeung kota-kota di sakurilingna, di Dibon jeung kota-kota di sakurilingna, sarta di Yékabzéél jeung désa-désana, 26 di Yésyua, di Molada, di Bét-pélét, 27 di Hazar-syual, di Béér-syéba jeung kota-kota di sakurilingna, 28 di Ziklag, di Mékona jeung kota-kota di sakurilingna, 29 di Én-rimon, di Zora, di Yarmut, 30 di Zanoa, di Adulam jeung désa-désana, di Lakhis jeung tegalanana, sarta di Azéka jeung kota-kota di sakurilingna. Maranéhna maratuh* di Béér-syéba nepi ka Lebak Hinom.
31 Urang Bényamin matuh di Géba, Mikhmash, Aiya, Bétel jeung kota-kota di sakurilingna, 32 Anatot, Nob, Anania, 33 Hazor, Rama, Gitaim, 34 Hadid, Zéboim, Nébalat, 35 Lod, jeung Ono, lebak patukangan. 36 Sababaraha kelompok urang Léwi ti Yéhuda dititah matuh di wilayah Bényamin.