Néhémia
9 Dina poé ka-24 bulan éta, urang Israél karumpul. Maranéhna paruasa bari maké kaén goni jeung ngawuran sirahna ku kekebul. 2 Turunan Israél misah ti sakabéh urang asing. Maranéhna narangtung, ngakukeun dosana sorangan jeung kasalahan karuhunna. 3 Tuluy, maranéhna nangtung di tempatna jeung mangmacakeun buku Hukum Yéhuwa Allahna tilu jam lilana. Tilu jam saterusna, maranéhna ngakukeun dosana sarta sujud ka Yéhuwa Allahna.
4 Yésyua, Bani, Kadmiél, Syébania, Buni, Syérébia, Bani, jeung Khénani nangtung di panggung urang Léwi. Maranéhna sasambat ka Yéhuwa Allahna, sorana mani tarik. 5 Geus kitu urang Léwi, nyaéta Yésyua, Kadmiél, Bani, Hasyabnéya, Syérébia, Hodia, Syébania, jeung Pétahia, ngucap kieu, ”Geura ngaradeg, puji Yéhuwa Allah aranjeun salalanggengna. Nun Allah, mugia aranjeunna muji nami Gusti nu mulya, nu layak dipuji sareng diagungkeun.
6 ”Nun Yéhuwa, mung Gusti Allah nu sajati. Gusti nyiptakeun langit, nya langit nu pangluhurna sarta sagala eusina.* Gusti gé nyiptakeun bumi sareng sagala eusina, sarta laut sareng sagala eusina. Gusti ngajaga sadayana sangkan tetep hirup. Pangeusi* langit sujud ka Gusti. 7 Yéhuwa, Gusti téh Allah nu sajati, nu milih sarta nyandak Abram kaluar ti Ur, kota urang Khaldéa, teras ngagentos namina jadi Ibrahim. 8 Gusti terang yén anjeunna téh satia ka Gusti, jadi Gusti ngadamel perjangjian sareng anjeunna pikeun masihkeun tanah urang Kanaan, urang Hét, urang Amori, urang Périz, urang Yébus, sareng urang Girgasyi ka anjeunna sarta turunanana. Gusti nedunan jangji-jangji Gusti ku sabab Gusti téh salawasna ngalampahkeun nu bener.
9 ”Gusti ningali kasangsaraan karuhun abdi sadaya di Mesir. Gusti ngadangu panyambatna di Laut Beureum. 10 Tos kitu, Gusti némbongkeun tanda-tanda sareng mujijat-mujijat pikeun ngahukum Firaun, bawahanana, sarta rahayatna, sabab Gusti terang yén maranéhna téh kejem ka umat Gusti. Ku karana Gusti, nami Gusti kamashur dugi ka ayeuna. 11 Gusti meulah laut payuneun umat Gusti, sangkan maranéhna tiasa meuntas di dasar laut nu garing. Ari nu ngarudagna ku Gusti digebruskeun ka laut nu jero, kawas batu nu dibalangkeun ka laut nu motah. 12 Ti beurang, Gusti nungtun umat Gusti ku tihang méga.* Ari ti peuting, Gusti nyaangan jalan nu kudu dijugjug ku maranéhna ku tihang seuneu. 13 Gusti turun ti Gunung Sinai teras nyarios ka maranéhna ti sorga. Gusti masihan katangtuan nu adil, hukum nu bener,* sarta aturan sareng paréntah nu hadé. 14 Gusti ngawartosan ka maranéhna ngeunaan Sabat Gusti nu suci sarta masihan paréntah, aturan, sareng hukum ku perantaraan Musa hamba Gusti. 15 Waktu maranéhna lapar, ku Gusti dipasihan roti ti sorga. Waktu maranéhna haus, Gusti ngagolontorkeun cai tina cadas. Gusti miwarang maranéhna asup sarta ngarebut tanah nu dijangjikeun ku Gusti ka maranéhna.
16 ”Tapi, karuhun téh lancang sareng bedegong. Maranéhna teu nurut kana paréntah Gusti. 17 Maranéhna teu daék ngadéngékeun sarta teu inget kana tindakan Gusti nu hébat demi maranéhna. Maranéhna bedegong, kalah ka milih hiji pamingpin sina nungtun maranéhna balik deui kana pangbudakan di Mesir. Tapi Gusti téh Allah nu siap ngahampura, karunyaan jeung welas asih, teu gancang ambek sarta nyaahan pisan.* Gusti teu ninggalkeun maranéhna. 18 Maranéhna kalah ka nyieun patung anak sapi tina logam terus ngomong, ’Ieu téh Allah urang nu ngabudalkeun urang ti Mesir.’ Tindakan maranéhna téh bener-bener teu hormat ka Gusti. 19 Najan geus kitu gé Gusti teu ninggalkeun maranéhna di tanah gurun, sabab welas asih Gusti kacida ageungna. Tihang méga teu ninggalkeun maranéhna, tapi tetep nungtun maranéhna ti beurang. Kitu deui tihang seuneu ti peuting, éta tetep nyaangan maranéhna di jalan nu kudu ditempuh ku maranéhna. 20 Salian ti éta, Gusti masihan kawasa suci Gusti* supaya maranéhna boga pangarti. Gusti gé tetep masihan manna keur dahareun maranéhna sarta masihan cai waktu maranéhna haus. 21 Salami 40 taun maranéhna di tanah gurun, Gusti nyadiakeun dahareun keur maranéhna. Maranéhna teu kakurangan nanaon, pakéan maranéhna henteu ruksak, sukuna gé henteu nepi ka barareuh.
22 ”Gusti masrahkeun karajaan-karajaan jeung bangsa-bangsa, dipasrahkeunana téh hiji-hiji. Jadi, maranéhna ngarebut nagri Sihon, nyaéta nagri raja Hésbon, kitu deui nagri Og raja Basyan. 23 Anak-anak maranéhna ku Gusti dijadikeun seueur pisan kawas béntang-béntang di langit. Tuluy, Gusti nungtun maranéhna ka tanah nu dijangjikeun ku Gusti ka karuhun maranéhna, nyaéta tanah nu kudu didatangan jeung dipimilik ku maranéhna. 24 Jadi, anak-anak maranéhna datang tuluy ngarebut éta tanah. Di hareupeun maranéhna, Gusti nalukkeun urang Kanaan, nyaéta penduduk éta tanah. Raja-rajana jeung rahayatna ku Gusti dipasrahkeun ka maranéhna. Maranéhna meunang ngalampahkeun sakarepna ka éta jalma-jalma. 25 Maranéhna ngarebut kota-kota nu dibénténgan sarta lahan nu subur. Maranéhna gé ngarebut imah-imah anu pinuh ku rupa-rupa barang nu hadé, sumur nu tos digali, kebon anggur, kebon zaitun, sarta tangkal bubuahan nu kacida lobana. Maranéhna dahar nepi ka seubeuh, hirup makmur, sarta ngarasakeun nikmatna kahadéan Gusti anu limpah.
26 ”Tapi maranéhna kalah ka teu nurut, barontak ka Gusti, jeung ninggalkeun Hukum Gusti. Maranéhna maéhan nabi-nabi Gusti nu ngélingan maranéhna sangkan balik ka Gusti. Tindakan maranéhna bener-bener teu hormat ka Gusti. 27 Nu matak, Gusti nyerahkeun maranéhna ka musuh-musuh nu terus nyangsarakeun maranéhna. Tapi waktu sangsara, maranéhna sasambat ka Gusti, ku Gusti didangukeun ti sorga. Ku lantaran Gusti téh kacida welas asihna, Gusti ngutus para pamingpin pikeun nyalametkeun maranéhna ti musuh-musuhna.
28 ”Tapi ari geus bébas mah maranéhna téh ngalampahkeun deui nu jahat payuneun Gusti. Ku kituna, Gusti masrahkeun maranéhna ka musuh-musuh nu nalukkeun* maranéhna. Tuluy maranéhna balik sarta ménta tulung deui ka Gusti. Ku Gusti didangu ti sorga sareng teterasan disalametkeun sabab Gusti téh kacida welas asihna. 29 Sanajan Gusti ngélingan maranéhna sangkan nuturkeun deui Hukum Gusti, maranéhna lancang jeung teu daék ngadéngékeun paréntah-paréntah Gusti. Maranéhna dosa lantaran teu nuturkeun aturan-aturan Gusti, padahal jalma bisa hirup téh lamun nuturkeun éta. Tapi maranéhna angger wéh teu nurut, bedegong, jeung teu daék ngadéngékeun. 30 Ti taun ka taun, Gusti terus sabar ka maranéhna. Gusti masihan kawasa suci ka nabi-nabi Gusti pikeun terus ngélingan maranéhna, tapi maranéhna teu daék ngadéngékeun. Tungtungna mah maranéhna diserahkeun ka rahayat di éta tanah. 31 Tapi ku sabab Gusti téh kacida welas asihna, Gusti teu ngabasmi maranéhna atawa ninggalkeun maranéhna. Gusti téh Allah anu karunyaan jeung welas asih.
32 ”Ayeuna, nun Gusti Allah abdi sadaya, Allah nu hébat, perkasa, jeung matak tajub, nu tos nedunan jangji-Na sarta némbongkeun asih satia, sing émut kana sagala kasusah abdi sadaya, para raja, para pamingpin, para imam, para nabi, karuhun, sarta sadaya umat Gusti ti jaman raja-raja Asiria dugi ka ayeuna. 33 Nu dipidamel ku Gusti téh adil sarta satia. Ieu sadaya kaalaman téh ku lantaran kalakuan abdi sadaya nu jahat. 34 Raja-raja abdi sadaya, para pamingpin, para imam, sareng karuhun teu ngajalankeun hukum Gusti sarta teu merhatikeun kana paréntah atawa pépéling* ti Gusti nu didugikeun pikeun ngélingan maranéhna. 35 Sanajan maranéhna dipingpin ku rajana sorangan, nampi seueur berkah ti Gusti, sarta matuh di tanah nu lega jeung subur nu dipasihan ku Gusti, maranéhna teu ngalalayanan Gusti, malah haben baé ngalampahkeun nu jahat. 36 Gusti masihan ieu tanah ka karuhun téh supaya maranéhna ngadahar hasilna sarta ngarasakeun sagala nu hadé. Tapi ayeuna, abdi sadaya jadi palayan, diperbudak di ieu tanah. 37 Hasil nu limpah ti ieu tanah téh jadi milik raja-raja ti nagri asing nu diwenangkeun ngawasaan abdi sadaya ku lantaran dosa abdi sadaya. Maranéhna ngawasaan abdi sadaya sarta ingon-ingon sangeunahna. Abdi sadaya sangsara kabina-bina.
38 ”Ku lantaran ieu sadaya, abdi sadaya badé ngadamel perjangjian nu ditulis sareng disahkeun ku cap para pamingpin, urang Léwi, sarta para imam.”