PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Néhémia 3
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Néhémia

      • Ngawangun deui témbok (1-32)

Néhémia 3:7

Catetan Handap

  • *

    Tingali cth. dina Néh 2:7.

Néhémia 3:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Bagian témbok nu geus diukur”.

Néhémia 3:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”témbok 1.000 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Néhémia 3:22

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”ti wilayah nu padeukeut-deukeut”.

Néhémia 3:26

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaom Nétinim”. As. ”jalma-jalma nu dibikeun”.

Néhémia 3:31

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaom Nétinim”. As. ”jalma-jalma nu dibikeun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Néhémia 3:1-32

Néhémia

3 Imam Agung Éliasyib jeung dulur-dulurna, nyaéta para imam, ngawangun Gerbang Domba, tuluy éta dibaktikeun, panto-pantona gé dipasang. Maranéhna ngabaktikeun Gerbang Domba nepi ka Munara Méa jeung Munara Hananél. 2 Bagian témbok saterusna dipigawé ku urang Yérikho, bagian saterusna deui dipigawé ku Zakur anak Imri.

3 Gerbang Lauk dipigawé ku anak-anak Hasénaa. Maranéhna masang balok-balokna tuluy masangkeun panto-pantona, géréndél-géréndélna, jeung palang-palangna. 4 Bagian témbok saterusna dioméan ku Mérémot anak Uriya incu Hakoz, bagian saterusna deui dioméan ku Mésyulam anak Bérékhia incu Mésyézabél, tuluy bagian nu saterusna deui dioméan ku Zadok anak Baana. 5 Bagian saterusna dioméan ku urang Tékoa, tapi ari jalma-jalma pentingna mah teu daék digawé nuturkeun pituduh mandorna, da maranéhna teu rendah haté.

6 Gerbang Kota Lawas dioméan ku Yoyada anak Paséah jeung Mésyulam anak Bésodéya. Maranéhna masang balok-balokna tuluy masangkeun panto-pantona, géréndél-géréndélna, jeung palang-palangna. 7 Bagian témbok saterusna dioméan ku Mélatia urang Gibéon jeung Yadon urang Méronot. Maranéhna téh asalna ti Gibéon jeung Mizpa, nu dikawasaan ku gubernur di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat.* 8 Bagian témbok saterusna dioméan ku Uziél anak Harhaya, tukang emas. Bagian saterusna deui dioméan ku Hanania, tukang nyieun minyak seungit. Maranéhna masang téhel batu ti Yérusalém nepi ka Témbok Lega. 9 Bagian saterusna dioméan ku Réfaya anak Hur, pangawasa satengah wilayah Yérusalém. 10 Bagian saterusna dioméan ku Yédaya anak Harumaf, nyaéta bagian nu aya di hareupeun imahna sorangan. Bagian saterusna deui dioméan ku Hatus anak Hasyabnéya.

11 Bagian témbok séjénna,* kitu deui Munara Tungku, dioméan ku Malkhiya anak Harim jeung Hassyub anak Pahat-moab. 12 Bagian témbok saterusna dioméan ku Syalum anak Halohés jeung anak-anak awéwéna. Syalum téh pangawasa wilayah Yérusalém nu satengahna deui.

13 Gerbang Lebak dioméan ku Hanun jeung penduduk Zanoa. Maranéhna ngoméan éta gerbang sarta masangkeun panto-pantona, géréndél-géréndélna, jeung palang-palangna. Maranéhna gé ngoméan témbok kira-kira 445 méter* nepi ka Gerbang Tumpukan Lebu. 14 Gerbang Tumpukan Lebu dioméan ku Malkhiya anak Rékhab, pangawasa wilayah Bét-hakkhérém. Manéhna ngoméan éta gerbang sarta masangkeun panto-pantona, géréndél-géréndélna, jeung palang-palangna.

15 Gerbang Pancuran dioméan ku Syalun anak Kolhozé, pangawasa wilayah Mizpa. Manéhna ngoméan éta gerbang jeung hateupna sarta masangkeun panto-pantona, géréndél-géréndélna, jeung palang-palangna. Manéhna gé ngoméan témbok Kolam Saluran Cai nepi ka Taman Raja sarta nepi ka Tangga nu mudun ti Kota Daud.

16 Bagian saterusna dioméan ku Néhémia anak Azbuk, pangawasa satengah wilayah Bét-zur, nyaéta ti hareupeun Pamakaman Daud nepi ka kolam jieunan sarta nepi ka Imah Jalma-Jalma Perkasa.

17 Bagian témbok saterusna dioméan ku urang-urang Léwi, nyaéta Réhum anak Bani, sarta bagian saterusna deui dioméan ku Hasyabia, pangawasa satengah wilayah Kéila, nu ngawakilan wilayahna. 18 Bagian saterusna dioméan ku dulur-dulur maranéhna, nyaéta Bawai anak Hénadad, pangawasa wilayah Kéila nu satengahna deui.

19 Ézér anak Yésyua, pangawasa Mizpa, ngoméan bagian témbok séjénna nu aya di hareupeun tanjakan ka Gudang Senjata di Pilar Panyangga.

20 Barukh anak Zabai ngoméan bagian témbok séjénna. Manéhna mani sumanget pisan digawéna. Nu dipigawéna téh ti Pilar Panyangga nepi ka lawang imah Imam Agung Éliasyib.

21 Bagian témbok saterusna dioméan ku Mérémot anak Uriya incu Hakoz, ti lawang asup imah Éliasyib nepi ka tungtung imah Éliasyib.

22 Bagian saterusna dioméan ku para imam ti wilayah Yordan.* 23 Bagian témbok saterusna dioméan ku Bényamin jeung Hassyub. Maranéhna ngoméan témbok hareupeun imahna. Bagian saterusna deui dioméan ku Azaria anak Maaséya incu Anania. Manéhna ngoméan témbok hareupeun imahna. 24 Bagian témbok séjénna dioméan ku Binui anak Hénadad, ti imah Azaria nepi ka Pilar Panyangga, sarta nepi ka pojok.

25 Bagian témbok saterusna dioméan ku Palal anak Uzai. Éta téh bagian di hareup Pilar Panyangga sarta munara nu napel jeung Istana Raja, nyaéta bagian luhur nu aya di Buruan Tukang Jaga. Bagian saterusna dioméan ku Pédaya anak Paros.

26 Bagian saterusna dioméan ku para palayan bait* nu matuh di Ofél. Maranéhna ngoméan nepi ka hareupeun Gerbang Cai beulah wétan jeung munara nu nonjol.

27 Bagian témbok séjénna, nyaéta ti hareupeun munara nu nonjol téa nepi ka témbok Ofél, dioméan ku urang Tékoa.

28 Témbok bagian luhur Gerbang Kuda dioméan ku para imam, bagian hareupeun imahna masing-masing.

29 Bagian saterusna dioméan ku Zadok anak Imér. Éta téh bagian nu aya di hareupeun imahna.

Bagian saterusna deui dioméan ku Syémaya anak Syékania, tukang jaga Gerbang Wétan.

30 Bagian témbok séjénna dioméan ku Hanania anak Syélémia jeung Hanun anak lalaki Zalaf nu kagenep.

Bagian saterusna dioméan ku Mésyulam anak Bérékhia. Éta téh bagian nu aya di hareupeun rohanganana sorangan.

31 Bagian saterusna dioméan ku Malkhiya, anggota pakumpulan tukang emas. Manéhna ngoméan nepi ka imah para palayan bait* jeung imah para padagang, nyaéta hareupeun Gerbang Pamariksaan nepi ka loténg pojok.

32 Bagian nu aya di antara loténg pojok jeung Gerbang Domba dioméan ku tukang-tukang emas jeung para padagang.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun