Néhémia
4 Barang Sanbalat ngadéngé urang kabéh ngawangun deui témbok, manéhna ambek jeung keuheul pisan. Manéhna terus ngahina ka urang Yahudi. 2 Di hareup balad-baladna jeung pasukan Samaria, manéhna ngomong kieu, ”Éta urang Yahudi nu taya kabisa téh rék nyieun naon? Mémangna bisa ngaréngsékeunana ku sorangan? Mémangna maranéhna rék méré kurban? Mémangna éta bisa réngsé dina sapoé? Mémangna maranéhna bisa nyieun wawangunan tina batu-batu barangkal urut kaduruk?”
3 Tobia urang Ammon nu nangtung gigireun manéhna ngomong kieu, ”Lamun aya rubah nérékél kana éta témbok, geus pasti rugrug.”
4 Jadi abdi ngadoa, ”Nun Allah, dangukeun maranéhna nu pada maroyokan. Mugia pamoyokna ninggang ka maranéhna sorangan. Maranéhna sing diboyong ku musuh-musuhna sarta dijadikeun tawanan di nagri séjén. 5 Kasalahanana ulah ditutup, dosa-dosana ulah dipupus, lantaran maranéhna tos ngahina jalmi-jalmi nu ngawangun ieu témbok.”
6 Jadi, urang kabéh terus ngawangun éta témbok nepi ka nyambung sakurilingna, jangkungna gé geus meunang satengahna. Jalma-jalma nu digarawé téh mani sarumanget.
7 Sanggeus ngadéngé yén pagawéan ngadegkeun témbok Yérusalém téh lancar sarta bagian-bagian nu molongona geus katutup, Sanbalat, Tobia, urang Arab, urang Ammon, jeung urang Asdod kacida ambekna. 8 Tuluy maranéhna barempug rék nyerang Yérusalém ngarah urang kalangkabut. 9 Tapi, urang terus ngadoa ka Allah urang sarta nempatkeun tukang jaga beurang peuting sangkan bisa ngajaga urang ti maranéhna.
10 Sanajan kitu, urang Yéhuda ngomong kieu, ”Nu digarawé* téh geus béak tanaga. Ieu barangkal téh loba pisan, urang moal sanggup ngadegkeun ieu témbok.”
11 Ari musuh-musuh terus ngomong kieu, ”Saacan kanyahoan jeung katingali ku maranéhna, urang datangan, urang paéhan sangkan pagawéanana eureun.”
12 Unggal datang ka kota, urang Yahudi nu matuh deukeut musuh-musuh teterusan* ngomong kieu, ”Musuh-musuh bakal nyerang urang ti sagala arah.”
13 Jadi, abdi nempatkeun tukang-tukang jaga di tukangeun témbok, di bagian-bagian anu molongo jeung gampang diserang. Abdi nempatkeun maranéhna nurutkeun kulawargana, bari dibekelan pedang, tumbak, jeung panah. 14 Lamun abdi ningali maranéhna sarieuneun, abdi langsung ngomong ka para bangsawan, para pajabat, jeung sakabéh jalma, ”Ulah sieun ku maranéhna. Sing inget ka Yéhuwa, nu hébat jeung matak tajub. Béla dulur-dulur, anak-anak lalaki jeung anak-anak awéwé, pamajikan, jeung imah maranéh.”
15 Musuh-musuh nyaho yén rencana maranéhna geus kanyahoan sarta nyaho yén Allah nu sajati geus ngagagalkeun siasat maranéhna. Jadi, urang kabéh ngawangun deui éta témbok. 16 Ti saprak harita, anak buah abdi dibagi dua. Sawaréh digawé, sawaréh deui nyekel tumbak, taméng, panah, jeung maké baju perang. Ari para pamingpin ngadukung* sakabéh urang Yéhuda 17 nu keur ngawangun témbok. Kuli-kuli panggul digarawéna ku sabeulah leungeun, lantaran nu sabeulah deui dipaké nyekel senjata. 18 Ari nu digarawé mah meungkeut pedang dina cangkéngna. Aya ogé nu ditugaskeun gigireun abdi pikeun niup tarompét tanduk.
19 Tuluy abdi ngomong kieu ka para bangsawan, para pajabat, jeung sakabéh jalma, ”Pagawéan téh loba kénéh. Ieu téh pagawéan nu gedé, jaba ayeuna urang papencar di sakuriling témbok sarta pajauh. 20 Ku kituna, lamun ngadéngé sora tarompét tanduk, geura karumpul deukeut abdi. Allah urang bakal perang demi urang.”
21 Jadi sawaréh ti urang terus digawé, ari sawaréhna deui nyekel tumbak, ti barang panonpoé meleték nepi ka bijil béntang-béntang. 22 Abdi gé ngomong kieu ka jalma-jalma, ”Lalaki-lalaki jeung para palayanna bakal meuting di Yérusalém ngarah ti peuting ngajaga urang, ari ti beurang digarawé.” 23 Ku kituna abdi, dulur-dulur abdi, para palayan abdi, jeung tukang-tukang jaga nu nuturkeun abdi tara ganti pakéan. Urang masing-masing terus nyekel senjata dina leungeun katuhu.