Néhémia
5 Tapi, para lalaki jeung pamajikanana ngadu ngeunaan dulur-dulurna, urang Yahudi kénéh. 2 Aya nu ngomong kieu, ”Anak-anak lalaki jeung anak-anak awéwé abdi sadaya téh loba. Abdi sadaya butuh sisikian keur dahareun ngarah tetep hirup.” 3 Nu séjénna ngomong kieu, ”Lahan, kebon anggur, imah kapaksa digadékeun supaya meunang sisikian waktu kakurangan dahareun.” 4 Nu séjénna deui ngomong kieu, ”Abdi sadaya ngagadékeun lahan jeung kebon anggur pikeun mayar upeti ka Raja. 5 Abdi jeung dulur-dulur abdi téh sagetih sadaging. Anak-anak abdi sadaya gé geus kawas anak-anak maranéhna. Tapi, abdi sadaya kapaksa kudu mikeun anak-anak lalaki jeung awéwé pikeun jadi palayan maranéhna. Malah, sababaraha anak awéwé abdi sadaya téh geus jadi palayan maranéhna. Sanajan geus kitu gé, abdi sadaya teu bisa nanaon, da lahan jeung kebon anggur téh geus jadi milik batur.”
6 Ngadéngé carita maranéhna, abdi ambek pisan. 7 Di jero haté, abdi bener-bener mikirkeun éta masalah, tuluy abdi negor para bangsawan jeung para pajabat. Ceuk abdi, ”Maranéh kabéh nyokot rénten gedé pisan ti dulur-dulur sorangan.”
Ti dinya, abdi ngayakeun musawarah gedé pikeun ngaréngsékeun éta masalah. 8 Tuluy abdi ngomong kieu ka maranéhna, ”Urang geus sabisa-bisa nebus dulur-dulur sasama Yahudi nu geus dijual ka bangsa-bangsa séjén. Ayeuna maranéh rék ngajual dulur sorangan? Engké kudu ditebus deui ku urang, kitu?” Ngadéngé kitu, maranéhna ngabaretem teu bisa ngajawab. 9 Abdi gé ngomong kieu, ”Nu dilampahkeun ku maranéh téh teu bener. Cik atuh sing hormat* ka Allah supaya musuh-musuh urang, nyaéta bangsa-bangsa séjén, teu ngagogoréng urang. 10 Abdi, dulur-dulur abdi, jeung para palayan abdi gé nginjeumkeun duit jeung sisikian tapi teu maké rénten. Jadi, sok atuh ayeuna mah lamun méré nginjeum téh ulah maké rénten. 11 Poé ieu kénéh, sok pulangkeun lahan, kebon anggur, kebon zaitun, jeung imah maranéhna, kitu deui sapersaratus* tina duit, sisikian, cianggur anyar, jeung minyak maranéhna nu dijadikeun rénten ku maranéh.”
12 Maranéhna ngajawab, ”Abdi sadaya badé mulangkeun éta kabéh sarta moal ménta nanaon. Abdi sadaya bakal ngajalankeun percis sakumaha ucapan anjeun.” Jadi, abdi ngageroan para imam sarta nitah jalma-jalma tadi sumpah pikeun nedunan jangjina. 13 Abdi ngebutkeun pakéan tuluy ngomong kieu, ”Lamun aya jalma nu teu nedunan jangjina, mugia Allah nu sajati ngebutkeun manéhna ti imahna sarta ti tanah milikna. Manéhna bakal dikebutkeun kawas kieu nepi ka teu boga nanaon deui.” Sakabéh jamaah nyebut, ”Amin!”* Maranéhna muji Yéhuwa sarta ngajalankeun jangjina.
14 Salian ti éta, ti poé abdi ditugaskeun jadi gubernur di wilayah Yéhuda salila 12 taun, nyaéta ti taun ka-20 nepi ka taun ka-32 pamaréntahan Raja Artahsasta, abdi jeung dulur-dulur abdi teu pernah ngadahar jatah dahareun gubernur. 15 Ari gubernur-gubernur nu ti heula mah ngabeungbeuratan rahayat sarta ménta 40 syékel* pérak keur roti jeung cianggur unggal poé. Para palayanna gé nindes rahayat. Tapi, abdi mah henteu kitu sabab hormat* ka Allah.
16 Malah abdi gé milu digawé ngawangun témbok, kitu deui sakabéh palayan abdi, tapi urang kabéh teu ménta tanah sapétak-pétak acan. 17 Aya 150 urang Yahudi jeung para pajabat nu dahar di méja abdi, kaasup jalma-jalma ti bangsa séjén nu daratang. 18 Unggal poé, abdi disadiaan* hiji sapi, genep domba pilihan, jeung manuk-manuk. Sapuluh poé sakali, abdi disadiaan rupa-rupa cianggur nu limpah. Najan kitu, abdi teu ménta jatah dahareun keur gubernur, lantaran tanggungan rahayat geus beurat. 19 Abdi ngadoa, ”Nun Allah abdi, mugia Gusti émut ka abdi. Mugia kahadéan abdi ka ieu bangsa diberkahan ku Gusti.”