PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Néhémia 6
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Néhémia

      • Musuh-musuh terus ngaganggu (1-14)

      • Témbok réngsé diwangun dina 52 poé (15-19)

Néhémia 6:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”Leungeun maranéhna bakal ngaplék”.

  • *

    As. ”Nun Allah, kuatkeun leungeun abdi”.

Néhémia 6:15

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B15.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Néhémia 6:1-19

Néhémia

6 Sanggeus Sanbalat, Tobia, Gésyém urang Arab, jeung musuh-musuh abdi sadaya ngadéngé yén abdi geus ngawangun deui témbok, sarta geus euweuh bagian nu molongo, sanajan harita abdi can masang panto-panto gerbangna, 2 Sanbalat jeung Gésyém langsung ngirim pesen kieu ka abdi, ”Hayu urang jangjian iraha rék panggih di padésaan di Lebak Ono.” Sabenerna, maranéhna nyieun siasat rék nyilakakeun abdi. 3 Jadi, abdi ngirim utusan pikeun ngomong kieu ka maranéhna, ”Abdi téh keur aya pagawéan penting. Abdi teu bisa indit, lantaran lamun indit, pagawéanana bakal katunda.” 4 Opat kali maranéhna ngirim pesen nu sarua, ku abdi gé dijawabna sarua.

5 Kalima kalina, Sanbalat ngutus palayanna pikeun nepikeun pesen nu sarua ka abdi. Éta palayan mawa surat nu teu diségel, 6 eusina, ”Di antara bangsa-bangsa, kadéngé béja yén anjeun jeung urang Yahudi nyieun siasat rék barontak, Gésyém gé ngomong kitu. Éta sababna anjeun ngawangun témbok. Ceuk béja mah anjeun nu bakal jadi rajana. 7 Anjeun gé ngalantik nabi-nabi pikeun nguarkeun ieu ngeunaan anjeun di sakuliah Yérusalém, ’Ayeuna aya raja di Yéhuda!’ Éta pasti bakal kadéngé ku Raja. Jadi hayu urang panggih, urang barempug.”

8 Tapi ku abdi dijawab, ”Nu diomongkeun ku anjeun téh taya nu bener. Jijieunan anjeun wungkul éta mah.” 9 Maranéhna nyingsieunan urang kabéh, ceuk maranéhna, ”Éta jalma-jalma moal wani neruskeun pagawéan.* Pagawéanana moal réngsé.” Ku kituna abdi ngadoa, ”Nun Allah, pasihan abdi kawani.”*

10 Tuluy abdi indit ka imahna Syémaya anak Délaya incu Méhétabél, lantaran manéhna teu bisa ninggalkeun imah. Manéhna ngomong kieu, ”Hayu urang jangjian pikeun panggih di bumina Allah nu sajati, di bait. Panto-panto baitna urang tutup, sabab maranéhna bakal datang pikeun maéhan anjeun. Anjeun rék dipaéhan ti peuting.” 11 Tapi ceuk abdi, ”Piraku jalma kawas abdi kabur? Mémangna bisa jalma kawas abdi asup ka bait tapi tetep hirup? Abdi moal asup ka dinya!” 12 Geus kitu, abdi sadar yén manéhna téh teu diutus ku Allah. Manéhna disogok ku Tobia jeung Sanbalat pikeun ngabobodo abdi. 13 Manéhna dibayar pikeun nyingsieunan abdi sarta ngalantarankeun abdi nyieun dosa. Ku kituna, maranéhna boga alesan pikeun ngagogoréng ngaran abdi sarta ngarendahkeun abdi.

14 Jadi abdi ngadoa, ”Nun Allah abdi, mugia Gusti émut ka Tobia jeung Sanbalat sarta kalakuan maranéhna, kitu deui ka Nabiah Noadia jeung nabi-nabi séjén nu teterusan nyingsieunan abdi.”

15 Dina poé ka-25 bulan Élul,* témbok téh réngsé diwangun, ngan dina 52 poé.

16 Waktu ieu kadéngé ku sakabéh musuh sarta katempo ku bangsa-bangsa di sakuriling, maranéhna jadi kacida érana. Maranéhna sadar yén ieu pagawéan téh réngsé ku bantuan Allah urang. 17 Harita, Tobia mindeng susuratan jeung para bangsawan Yéhuda. 18 Di Yéhuda, loba nu disumpah pikeun jadi baladna Tobia, sabab manéhna téh minantu Syékania anak Arah. Yéhohanan anakna gé kawin jeung anak awéwé Mésyulam incu Bérékhia. 19 Maranéhna teu eureun-eureun nyaritakeun hal-hal hadé ngeunaan Tobia ka abdi sarta ngalaporkeun omongan abdi ka manéhna. Mun geus kitu, Tobia bakal ngirim surat pikeun nyingsieunan abdi.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun