PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Néhémia 7
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Néhémia

      • Gerbang-gerbang kota jeung tukang jaga gerbang (1-4)

      • Daptar tawanan nu baralik deui (5-69)

        • Para palayan bait (46-56)

        • Kulawarga palayan Sulaéman (57-60)

      • Sumbangan keur pangwangunan (70-73)

Néhémia 7:2

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Néhémia 7:46

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaom Nétinim”. As. ”jalma-jalma nu dibikeun”.

Néhémia 7:60

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaom Nétinim”. As. ”jalma-jalma nu dibikeun”.

Néhémia 7:64

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”teu bisa jadi imam lantaran dianggap najis”.

Néhémia 7:65

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Tirsyata”, jabatan gubernur propinsi di Pérsia.

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Néhémia 7:68

Catetan Handap

  • *

    Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.

Néhémia 7:70

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Tirsyata”, jabatan gubernur propinsi di Pérsia.

  • *

    As. ”1.000 drakhma”. Sarua jeung darik emas Pérsia nu beuratna 8,4 g, béda jeung drakhma dina Kitab Yunani. Tingali Lamp. B14.

Néhémia 7:71

Catetan Handap

  • *

    As. ”20.000 drakhma”. Sarua jeung darik emas Pérsia nu beuratna 8,4 g, béda jeung drakhma dina Kitab Yunani. Tingali Lamp. B14.

  • *

    As. ”2.200 mina”. Tingali Lamp. B14.

Néhémia 7:72

Catetan Handap

  • *

    As. ”2.000 mina”. Tingali Lamp. B14.

Néhémia 7:73

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaom Nétinim”. As. ”jalma-jalma nu dibikeun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
  • 50
  • 51
  • 52
  • 53
  • 54
  • 55
  • 56
  • 57
  • 58
  • 59
  • 60
  • 61
  • 62
  • 63
  • 64
  • 65
  • 66
  • 67
  • 68
  • 69
  • 70
  • 71
  • 72
  • 73
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Néhémia 7:1-73

Néhémia

7 Sanggeus éta témbok bérés diwangun, abdi masang panto-panto gerbangna. Tuluy tukang-tukang jaga gerbang, para jurukawih, jeung urang Léwi dilantik pikeun tugasna masing-masing. 2 Geus kitu, abdi nugaskeun Hanani dulur abdi pikeun ngurus Yérusalém bareng jeung Hanania kapala Bénténg, sabab Hanania téh jalma nu bisa dipercaya jeung hormat* ka Allah nu sajati, leuwih ti nu séjénna. 3 Ku abdi dibéjaan, ”Gerbang-gerbang Yérusalém ulah waka dibuka saacan tengah poé, saacan panonpoé moncorong. Waktu keur jaga, panto-pantona ku tukang-tukang jaga kudu ditutup jeung digéréndél. Tugaskeun penduduk Yérusalém sina ngajaga sawaréh di pos jaga, sawaréh deui hareupeun imahna masing-masing.” 4 Éta kota téh nya gedé nya lega. Ari jalma-jalma pangeusina ngan saeutik, imah-imah gé can diwangun.

5 Tapi, haté abdi digeuing ku Allah abdi pikeun ngumpulkeun para bangsawan, para pajabat, jeung rahayat. Maranéhna ku abdi didaptar nurutkeun silsilah kulawargana. Tuluy, abdi manggihan buku silsilah jalma-jalma nu marulang ti heula ti pangbuangan, kieu eusina:

6 Ieu urang Yahudi ti propinsi nu marulang ti pangbuangan. Baheula maranéhna téh diboyong ku Raja Nébukhadnézar ka Babilon, ayeuna pada marulang ka Yérusalém jeung ka Yéhuda, ka kotana masing-masing. 7 Marulangna téh bareng jeung Zérubabél, Yésyua, Néhémia, Azaria, Raamia, Nahamani, Mordekai, Bilsyan, Mispérét, Bigwai, Néhum, jeung Baanah.

Ieu jumlah lalaki Israél: 8 kulawarga Paros aya 2.172, 9 kulawarga Syéfatia aya 372, 10 kulawarga Arah aya 652, 11 kulawarga Pahat-moab, ti kulawarga Yésyua jeung Yoab, aya 2.818, 12 kulawarga Élam aya 1.254, 13 kulawarga Zatu aya 845, 14 kulawarga Zakai aya 760, 15 kulawarga Binui aya 648, 16 kulawarga Bébai aya 628, 17 kulawarga Azgad aya 2.322, 18 kulawarga Adonikam aya 667, 19 kulawarga Bigwai aya 2.067, 20 kulawarga Adin aya 655, 21 kulawarga Atér, turunan Hizkia, aya 98, 22 kulawarga Hasyum aya 328, 23 kulawarga Bézai aya 324, 24 kulawarga Harif aya 112, 25 kulawarga Gibéon aya 95, 26 urang Bétléhém jeung Nétofa aya 188, 27 urang Anatot aya 128, 28 urang Bét-azmawét aya 42, 29 urang Kiriat-yéarim, Khéfira, jeung Béérot aya 743, 30 urang Rama jeung Géba aya 621, 31 urang Mikhmas aya 122, 32 urang Bétel jeung Ai aya 123, 33 urang Nébo nu séjénna aya 52, 34 kulawarga Élam nu hiji deui aya 1.254, 35 kulawarga Harim aya 320, 36 kulawarga Yérikho aya 345, 37 kulawarga Lod, Hadid, jeung Ono aya 721, 38 sarta kulawarga Sénaa aya 3.930.

39 Ieu jumlah imam: Ti kulawarga Yédaya turunan Yésyua aya 973. 40 Ti kulawarga Imér aya 1.052. 41 Ti kulawarga Pasyur aya 1.247. 42 Ti kulawarga Harim aya 1.017.

43 Ieu jumlah urang Léwi: Ti kulawarga Yésyua, nyaéta ti kulawarga Kadmiél, turunan Hodéwa, aya 74. 44 Ieu jumlah jurukawih: Ti kulawarga Asaf aya 148. 45 Ieu jumlah tukang jaga gerbang: Ti kulawarga Syalum, kulawarga Atér, kulawarga Talmon, kulawarga Akub, kulawarga Hatita, jeung kulawarga Syobai aya 138.

46 Ieu para palayan bait* téh: kulawarga Ziha, kulawarga Hasufa, kulawarga Tabaot, 47 kulawarga Kéros, kulawarga Sia, kulawarga Padon, 48 kulawarga Lébana, kulawarga Hagaba, kulawarga Salmai, 49 kulawarga Hanan, kulawarga Gidél, kulawarga Gahar, 50 kulawarga Réaya, kulawarga Rézin, kulawarga Nékoda, 51 kulawarga Gazam, kulawarga Uza, kulawarga Paséah, 52 kulawarga Bésai, kulawarga Méunim, kulawarga Néfusyésim, 53 kulawarga Bakbuk, kulawarga Hakufa, kulawarga Harhur, 54 kulawarga Bazlit, kulawarga Méhida, kulawarga Harsya, 55 kulawarga Barkos, kulawarga Siséra, kulawarga Témah, 56 kulawarga Néziah, jeung kulawarga Hatifa.

57 Ieu kulawarga para palayan Sulaéman téh: kulawarga Sotai, kulawarga Soférét, kulawarga Périda, 58 kulawarga Yaala, kulawarga Darkon, kulawarga Gidél, 59 kulawarga Syéfatia, kulawarga Hatil, kulawarga Pokhérét-hazébaim, jeung kulawarga Amon. 60 Jumlah palayan bait* jeung kulawarga para palayan Sulaéman téh aya 392.

61 Aya jalma-jalma nu daratang ti Tél-méla, Tél-harsya, Khérub, Adon, jeung Imér. Tapi, maranéhna teu bisa ngabuktikeun yén maranéhna jeung kulawarga pihak bapana téh asalna ti turunan Israél. Maranéhna téh nyaéta 62 kulawarga Délaya, kulawarga Tobia, jeung kulawarga Nékoda, jumlahna 642. 63 Ari ti para imam: kulawarga Habaya, kulawarga Hakoz, jeung kulawarga Barzilai nu maké ngaran mitohana, nyaéta Barzilai urang Giléad. 64 Maranéhna néangan ngaran kulawargana dina daptar silsilah, ari pék téh euweuh. Ku kituna, maranéhna teu bisa jadi imam.* 65 Gubernur* ngalarang maranéhna ngadahar kurban nu kacida sucina, nepi ka aya imam nu bisa néangan pituduh maké Urim jeung Tumim.*

66 Jadi jumlah kabéhanana téh aya 42.360, 67 can kaasup palayan awéwé jeung lalaki nu jumlahna 7.337. Aya ogé 245 jurukawih awéwé jeung lalaki. 68 Kuda maranéhna aya 736, bagalna* 245, 69 ontana 435, jeung kaldéna 6.720.

70 Sababaraha pamingpin kulawarga pihak bapa méré sumbangan keur éta pagawéan. Gubernur* méré sumbangan emas 8,4 kilo,* mangkok 50, jeung jubah imam 530. 71 Aya ogé sababaraha pamingpin kulawarga pihak bapa nu méré sumbangan emas 168 kilo* jeung pérak 1.254 kilo.* 72 Ari nu dibikeun ku rahayat séjénna nyaéta emas 168 kilo, pérak 1.140 kilo,* jeung jubah imam 67.

73 Geus kitu para imam, urang Léwi, tukang jaga gerbang, jurukawih, sabagian rahayat, palayan bait,* jeung sakabéh urang Israél séjenna maratuh di kotana masing-masing. Dina bulan katujuh, urang Israél geus maratuh di kotana masing-masing.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun