PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Néhémia 8
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Néhémia

      • Torét dibacakeun jeung dijelaskeun (1-12)

      • Perayaan Saung Daun diayakeun (13-18)

Néhémia 8:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jurutulis”.

Néhémia 8:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jurutulis”.

Néhémia 8:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Mugia laksana!”

Néhémia 8:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Tirsyata”, jabatan gubernur propinsi di Pérsia.

  • *

    Atawa ”jurutulis”.

Néhémia 8:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kakuatan”.

Néhémia 8:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jurutulis”.

Néhémia 8:16

Catetan Handap

  • *

    Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Néhémia 8:1-18

Néhémia

8 Sakabéh jalma ngumpul di lapangan nu aya di hareupeun Gerbang Cai. Tuluy, maranéhna ménta Ézra tukang nyalin* mawa buku Hukum Musa, nu dibikeun ku Yéhuwa ka urang Israél téa. 2 Jadi, Imam Ézra mawa Torét ka hareupeun jamaah, nyaéta lalaki, awéwé, sarta sakabéh nu bisa ngadéngé jeung ngarti. Éta téh dina poé kahiji bulan katujuh. 3 Ti isuk nepi ka tengah poé, ku manéhna dibacakeun hareupeun lapangan nu aya di hareupeun Gerbang Cai ka lalaki, awéwé, jeung sakabéh jalma nu bisa ngarti. Kabéhanana bener-bener merhatikeun waktu Torét dibacakeun. 4 Ézra tukang nyalin* nangtung dina panggung kai nu ngahaja dijieun keur éta acara. Nu nangtung katuhueunana téh nyaéta Matitia, Syéma, Anaya, Uria, Hilkia, jeung Maaséya. Nu nangtung kéncaeunana téh nyaéta Pédaya, Misyaél, Malkhiya, Hasyum, Has-badana, Zakharia, jeung Mésyulam.

5 Panggung tempat Ézra ngadeg téh leuwih luhur tibatan jalma-jalma, jadi maranéhna bisa nempo waktu Ézra muka éta buku. Barang bukuna dibuka, jung jalma-jalma téh narangtung. 6 Tuluy Ézra muji Yéhuwa, Allah nu sajati, Allah nu agung. Jalma-jalma ngajawab, ”Amin!* Amin!” bari nadahkeun leungeun. Geus kitu, maranéhna sujud ka Yéhuwa. 7 Urang Léwi, nyaéta Yésyua, Bani, Syérébia, Yamin, Akub, Syabétai, Hodia, Maaséya, Kélita, Azaria, Yozabad, Hanan, jeung Pélaya ngajelaskeun Torét ka jalma-jalma, ari jalma-jalma masih kénéh narangtung. 8 Maranéhna terus mangmacakeun buku Hukum Allah nu sajati. Ku maranéhna bener-bener dijelaskeun jeung diterangkeun pihartieunana. Jadi, jalma-jalma téh ngarti naon nu keur dibacakeun.

9 Waktu ngadéngé Torét dibacakeun, sakabéh jalma careurik. Ku kituna Néhémia nu harita jadi gubernur,* Imam Ézra tukang nyalin,* jeung urang Léwi nu ngajar jalma-jalma téh ngomong kieu, ”Ieu téh poé nu suci keur Yéhuwa Allah maranéh. Ulah sedih atawa ceurik.” 10 Néhémia ngomong ka maranéhna, ”Sok indit, geura dahar dahareun nu pangeunahna, geura inum inuman nu amis. Maranéh kudu méré dahareun ka jalma nu teu boga nanaon. Ieu téh poé nu suci keur Gusti urang. Ulah sedih, sabab kabagjaan ti Yéhuwa téh bénténg* maranéh.” 11 Urang Léwi ngupahan sakabéh jalma, ceuk maranéhna, ”Ulah ceurik, ieu téh poé nu suci, ulah sedih.” 12 Jadi, sakabéh jalma balik tuluy dalahar, ngarinum, babagi dahareun, sarta galumbira, sabab maranéhna ngalarti kana eusi Torét nu ditepikeun ka maranéhna.

13 Dina poé kadua, para pamingpin kulawarga pihak bapa éta bangsa, para imam, jeung urang Léwi karumpul di sakuriling Ézra tukang nyalin,* harayangeun leuwih ngarti kana eusi Torét. 14 Tuluy, maranéhna manggihan tulisan dina Torét, nu dibikeun ku Yéhuwa ku perantaraan Musa téa, nu nyebutkeun yén urang Israél kudu matuh di saung-saung salila perayaan dina bulan katujuh, 15 sarta maranéhna kudu ngumumkeun kieu di sakabéh kota maranéhna jeung sakuliah Yérusalém, ”Geura indit ka pagunungan, ala cabang-cabang nu daunna gomplok tina tangkal zaitun, pinus, mirtél, palem, jeung tangkal-tangkal séjénna pikeun nyieun saung-saung, sakumaha nu geus ditulis.”

16 Jadi jalma-jalma téh arindit, ngarala cabang-cabang keur nyieun saung di hateup* imahna masing-masing, di buruan imahna, di buruan bumina Allah nu sajati, di lapangan Gerbang Cai, sarta di lapangan Gerbang Éfraim. 17 Sakabéh jamaah nu geus balik deui ti pangbuangan nyarieun saung-saung sarta maratuh di dinya. Maranéhna kacida galumbirana, sabab anu kitu téh geus teu pernah dijalankeun deui ku urang Israél ti jaman Yosua anak Nun. 18 Unggal poé, buku Hukum Allah nu sajati dibacakeun, ti poé kahiji perayaan nepi ka poé panungtungan. Maranéhna ngayakeun perayaan salila tujuh poé. Dina poé nu kadalapan, maranéhna kumpul pikeun ibadah, sakumaha nu samistina.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun