Ayub
26 Tuluy Ayub némbalan,
2 ”Nu kitu nu disebut mantuan nu teu walakaya téh?
Nu kitu nu disebut nyalametkeun nu lemah téh?
3 Alus pisan nya saran manéh keur jalma nu teu bijaksana!
Loba pisan kabijaksanaan nu diucapkeun ku manéh!
4 Cik, ka saha maksudna éta omongan téh?
Ti saha meunang ilhamna?
5 Jalma nu geus maot jeung teu walakaya tingdarégdég.
Maranéhna leuwih rendah tibatan laut jeung eusina.
6 Di Kuburan* euweuh nu buni tina pandangan Allah.
Kabéh nu aya di tempat kabinasaan* katingali ku Anjeunna.
7 Allah mébérkeun langit kalér di ruang hampa,
Ngagantungkeun bumi di tempat nu suwung.
8 Ku Anjeunna cai dibulen ku méga,*
Tapi méga teu bobol sanajan beurat ku cai.
9 Anjeunna mentangkeun méga
Supaya tahta-Na teu katingali.
10 Anjeunna nyieun garis pikeun jadi wates antara langit jeung laut.
Anjeunna netepkeun wates antara caang jeung poék.
11 Tihang-tihang langit eundeur
Jeung ngageter waktu disentak ku Anjeunna.
12 Ku kakuatan Anjeunna laut jadi motah.
Ku pangarti-Na Anjeunna ngancurkeun sato raksasa di laut.*
13 Ku napas-Na* langit jadi bersih.
Panangan Anjeunna nubles oray nu luar-léor.
14 Ieu téh kakara saeutik tina sakitu lobana tindakan Anjeunna,
Ngan ukur haréwos-haréwosna nu kadéngé ku ceuli urang!
Jadi saha nu bisa ngarti kana guludug-Na nu ngajelegur?”