Jabur
Doa saurang jalma nu ditindes nu keur pegat harepan.* Manéhna ngabudalkeun kahariwanganana ka Yéhuwa.
102 Nun Yéhuwa, dangukeun doa abdi.
Mugia panyambat abdi ménta tulung dugi ka Gusti.
2 Ulah miceun beungeut pas abdi nuju sangsara.
Dangukeun* abdi,
Énggal jawab pas abdi nyauran.
3 Hirup abdi leungit lir haseup,
Tulang-tulang téh kawas kaduruk di pameuleuman.
4 Haté abdi lir jukut nu layu jeung garing,
Abdi teu hayang dahar-dahar acan.
5 Abdi udah-aduh saking ku susahna,
Awak téh kari tulang jeung kulit.
6 Abdi kawas manuk pélikan di tanah gurun,
Lir bueuk leutik di ruruntuhan.
8 Sapanjang poé, musuh-musuh terus ngahina.
Ngaran abdi dipaké nyumpahan ku nu moyok abdi.
9 Lebu jadi dahareun abdi,
Cimata pacampur jeung inumeun abdi.
10 Éta téh ku sabab Gusti sakitu ambekna,
Ku sabab Gusti ngangkat abdi ngan saukur rék digejrétkeun.
11 Hirup abdi lir kalangkang* nu ngaleungit,
Abdi garing lir jujukutan.
12 Tapi nun Yéhuwa, Gusti mah bakal tetep aya salamina.
Gusti bakal terus kasohor* ti jaman ka jaman.
13 Gusti pasti sumping sarta mikawelas Zion,
Sabab ayeuna waktuna pikeun mikarunya manéhna.
Nya, ayeuna waktu nu tos ditetepkeun téh.
14 Hamba-hamba Gusti mikaresep ruruntuhanana,
Kekebulna dipikanyaah ku maranéhna.
15 Bangsa-bangsa bakal sieun ku nami Yéhuwa,
Raja-raja di sakuliah bumi gé bakal sieun ku kamulyaan Gusti.
16 Sabab Yéhuwa bakal ngabangun deui Zion,
Anjeunna bakal némbongkeun yén Anjeunna téh kacida mulyana.
17 Anjeunna bakal ngadangukeun doa jalma miskin.
Doa maranéhna moal disapirakeun ku Anjeunna.
18 Ieu ditulis téh keur génerasi dina mangsa ka hareup,
Ku kituna jalma-jalma nu ayeuna can lahir* engké bisa muji Yah.
19 Ti tempat suci-Na nu luhur, Yéhuwa ningali ka handap.
Ti sorga, Anjeunna ningali ka bumi,
20 Pikeun ngadangukeun udah-aduhna para tahanan,
Pikeun ngabébaskeun jalma-jalma nu meunang hukuman pati.
21 Éta téh supaya nami Yéhuwa diuarkeun di Zion
Sarta supaya Anjeunna dipuji-puji di Yérusalém
22 Waktu bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan
Ngarumpul pikeun ngawula ka Yéhuwa.
23 Anjeunna ngarebut kakuatan abdi saacan waktuna,
Kahirupan abdi dipondokkeun ku Anjeunna.
24 Abdi nyarios, ”Nun Allah abdi,
Nu hirup salamina,
Ulah nyabut nyawa abdi saacan abdi kolot.
25 Ti jaman baheula pisan, Gusti masang pondasi-pondasi bumi.
Langit ogé hasil karya panangan Gusti.
26 Sadayana bakal musna, tapi Gusti mah bakal tetep aya.
Éta sadaya bakal ruksak kawas pakéan,
Éta sadaya bakal digentos ku Gusti kawas baju sarta bakal sirna.
27 Tapi Gusti mah teu pernah barobah, hirup Gusti teu aya tungtungna.
28 Anak ti hamba-hamba Gusti bakal hirup tengtrem,
Turunan maranéhna bakal hirup aman di payuneun Gusti.”