Jabur
Jabur karangan Daud.
27 Yéhuwa téh cahaya jeung Jurusalamet abdi.
Abdi henteu sieun ka sasaha.
Yéhuwa téh bénténg dina kahirupan abdi.
Abdi henteu gimir ka sasaha.
2 Waktu jalma jahat nyerang rék ngabinasakeun abdi,
Nu tijungkel sarta labuh téh justru musuh jeung lawan abdi.
3 Sanajan aya pasukan anu masang kémah rék ngepung abdi,
Abdi* moal sieun.
Sanajan musuh merangan abdi,
Abdi bakal tetep ngandel ka Allah.
4 Abdi geus ménta hiji hal ka Yéhuwa,
Ieu nu dipikahayang ku abdi téh:
Abdi bisa matuh di bumi Yéhuwa saumur hirup abdi,
Pikeun ningali Yéhuwa téh sakitu hadéna
5 Dina mangsa kasusah, Anjeunna bakal nyumputkeun abdi di tempat-Na.
Anjeunna bakal nyumputkeun abdi di tempat rasiah di kémah-Na.
Di gunung batu nu luhur, abdi bakal ditempatkeun.
6 Ayeuna abdi geus unggul ti musuh anu ngepung abdi.
Abdi bakal nyanggakeun korban di kémah-Na bari surak gumbira.
Abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo Yéhuwa.
7 Nun Yéhuwa, dangukeun waktu abdi sasambat.
Sing karunya ka abdi sarta jawab abdi.
8 Dina haté, abdi inget
Gusti masihan paréntah kieu,
”Téangan Kuring.”
Nun Yéhuwa, abdi bakal néangan Gusti.
9 Gusti ulah miceun beungeut ka abdi.
Ulah ambek, ulah nampik abdi.
Gusti téh panulung abdi.
Abdi ulah ditinggalkeun atawa diculkeun, nun Allah Jurusalamet abdi.
10 Saupama indung bapa ninggalkeun gé,
Yéhuwa mah bakal narima abdi.
11 Ajarkeun abdi jalan Gusti, nun Yéhuwa,
Tungtun abdi di jalan nu bener sabab abdi dikepung ku musuh.
12 Abdi ulah diserahkeun ka musuh-musuh abdi,
Ku sabab maranéhna téh méré tuduhan palsu ka abdi
Sarta ngancam rék nyilakakeun abdi.
13 Lamun abdi teu boga iman yén Yéhuwa bakal bageur ka abdi salami abdi hirup,
Rék kumaha hirup abdi?*
14 Sing percaya ka Yéhuwa,
Urang kudu wani jeung teger.
Sing percaya ka Yéhuwa.