Jabur
Keur pamingpin musik: Nganggo Yédutun.*+ Lagu karangan Daud.
39 Abdi nyarios, ”Abdi bakal ati-ati
Supaya teu nyieun dosa ku létah abdi.+
Abdi bakal nutup biwir+
Salila nu jarahat aya di hareupeun abdi.”
2 Abdi jempé jeung bungkem.+
Abdi teu nyarios nanaon, malah nu hadé gé henteu,
Tapi haté téh mani kasiksa.*
3 Haté abdi ngagedur.
Beuki dipikiran, haté téh beuki panas.
Tungtungna abdi nyarios,
4 ”Nun Yéhuwa, pasihan terang sabaraha lami deui hirup abdi,
Sabaraha lami deui umur abdi,+
Supaya abdi terang sakitu pondokna hirup abdi.
5 Ku Gusti abdi dipasihan umur nu pondok.*+
Keur Gusti mah jangka hirup abdi téh taya hartina.+
Unggal jalma, sanajan katingalina kuat, ngan saukur napas sarénghap.+ (Sela)
6 Unggal jalma hirupna téh lir kalangkang.*
7 Jadi naon nu tiasa dipiharep ku abdi, nun Yéhuwa?
Ngan Gusti harepan abdi.
8 Luputkeun abdi tina sagala kasalahan abdi.+
Ulah ngantep abdi dipoyokan ku jalma bodo.
10 Singkirkeun hukuman* Gusti ti abdi atuh.
Kakuatan abdi leungit lantaran dihukum ku Gusti.
11 Gusti negor jalma nu salah ku cara ngahukum manéhna.+
Kawas serangga nu ngaruksak kaén, Gusti ngaruksak sagala pangaboga nu dianggap penting ku manéhna.
Kabéh manusa téh ngan saukur napas sarénghap.+ (Sela)
12 Dangukeun doa abdi, nun Yéhuwa,
Dangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung.+
Waktu abdi ceurik, ulah diantep.
Sami sareng sadaya karuhun abdi,+ keur Gusti mah abdi téh ngan saukur urang asing,+
Ngan saukur jalma nu ngaliwat.
13 Ulah neuteup abdi bari ambek, supaya abdi bisa gumbira deui
Saacan abdi maot jeung teu aya deui.”