Jabur
BUKU NU KADUA
(Jabur 42-72)
Keur pamingpin musik. Maskil* turunan Korah.
42 Lir uncal anu hayang pisan ka aliran cai,
Abdi sono ka Gusti, nun Allah.
2 Lir jalma nu haus, sakitu butuhna abdi ka Allah nu hirup.
Iraha abdi tiasa dongkap sarta ngadep ka payuneun Gusti?
3 Beurang peuting cipanon jadi dahareun abdi.
Sapoé jeput jalma-jalma nyalindiran, ”Mana Allah manéh téh?”
4 Baheula mah abdi jeung jalma réa sok abring-abringan leumpang* ka imah Allah.
Abdi leumpang di hareupeun maranéhna.
Sapanjang jalan, urang surak gumbira jeung ngucap sukur
Kawas jalma-jalma dina poé perayaan.
Haté* téh kasiksa lamun inget kana ieu kabéh.
5 Ku naon abdi téh pegat harepan?
Ku naon abdi téh guligah kieu?
Abdi bakal ngantosan Allah,
Abdi bakal muji Anjeunna, Jurusalamet abdi nu agung.
6 Nun Allah abdi, abdi téh pegat harepan.
Éta sababna abdi émut ka Gusti,
Abdi émut ti tanah Walungan Yordan jeung ti puncak-puncak Gunung Hérmon,
Ti Gunung Mizar.*
7 Abdi ngadangu sora cai ngaguruh ti Gusti,
Sora curug ngagurujug.
Abdi titeuleum ku ombak nu gedé ti Gusti.
8 Pas beurang, Yéhuwa bakal masihan asih satia-Na ka abdi.
Pas peuting, abdi bakal nyanyi ngeunaan Anjeunna
Sarta ngadoa ka Allah sumber hirup abdi.
9 Abdi bakal nyarios ka Allah, batu cadas abdi,
”Ku naon Gusti mopohokeun abdi?
Ku naon abdi diantep leumpang bari jeung sedih lantaran ditindes ku musuh abdi?”
10 Musuh-musuh téh kejem ka* abdi, maranéhna pada moyokan.
Sapoé jeput maranéhna nyalindiran, ”Mana Allah manéh téh?”
11 Ku naon abdi téh pegat harepan?
Ku naon abdi téh guligah kieu?
Abdi bakal ngantosan Allah,
Abdi bakal muji Anjeunna, Allah sarta Jurusalamet abdi nu agung.