Jabur
Lagu karangan Daud, waktu manéhna aya di Tanah Gurun Yéhuda.
63 Nun Allah, Gusti téh Allah abdi, abdi terus milarian Gusti.
Abdi butuh Gusti lir jalma haus nu butuh cai.
Awak leuleus lantaran sono ka Gusti
Di tanah nu garing jeung tandus ieu, nu teu aya caina.
2 Abdi tos ningal Gusti di tempat nu suci,
Abdi ningal kakuatan sareng kamulyaan Gusti.
3 Ku sabab asih satia Gusti leuwih hadé tibatan kahirupan,
Biwir abdi nyalira bakal ngamulyakeun Gusti.
4 Abdi bakal muji Gusti saumur hirup.
Abdi bakal ngadoa nadahkeun leungeun bari nyebut nami Gusti.
5 Abdi puas lantaran dipasihan bagian panghadéna nu tos dipilih,
Ku kituna biwir abdi bakal muji Gusti bari suka bungah.
6 Waktu abdi ngagolér di tempat saré, abdi émut ka Gusti.
Sapeupeuting abdi mikirkeun Gusti.
7 Gusti téh nu nulungan abdi.
Abdi bakal surak gumbira waktu nyalindung dina kalangkang* jangjang Gusti.
8 Abdi terus nunutur Gusti,
Panangan katuhu Gusti pageuh nyekel abdi.
9 Tapi jalma-jalma nu rék maéhan abdi mah
Bakal asup ka kuburan.
10 Maranéhna bakal dipaéhan ku pedang,
Bakal jadi parab anjing leuweung.*
11 Tapi raja bakal gumbira ku lantaran Allah.
Unggal jalma nu sumpah demi nami Allah bakal suka bungah,
Ari biwir jalma-jalma nu sok ngabarohong bakal dibungkem.