Jabur
Lagu. Jabur karangan Asaf.+
83 Nun Allah, ulah teu ngawaler.+
Nun Allah Nu Mahakawasa, sok atuh nyarios, ulah ngan saukur ningalikeun.
2 Tingali! Musuh-musuh Gusti nyieun huru-hara.+
Jalma-jalma nu ngéwa ka Gusti garedé hulu.
3 Maranéhna cicing-cicing nyieun siasat pikeun ngalawan umat Gusti.
Maranéhna sakongkol pikeun nyerang jalma-jalma nu dipikanyaah* ku Gusti.
4 Ceuk maranéhna, ”Hayu urang basmi éta bangsa,+
Ngarah ngaran Israél teu diinget-inget deui.”
5 Maranéhna ngahiji pikeun ngarancang siasat.*
Maranéhna sakongkol* pikeun ngalawan Gusti.+
6 Maranéhna téh urang Édom, urang Ismail, urang Moab,+ urang Hagri,+
7 Urang Gébal, urang Ammon,+ urang Amalék,
8 Malah urang Asiria+ gé ngagabung jeung maranéhna.
Kabéhanana ngadukung turunan Lut.+ (Sela)
9 Maranéhna sing dihukum sakumaha Gusti ngahukum Midian,+
Sakumaha Gusti ngahukum Siséra jeung Yabin di Walungan* Kisyon.+
10 Maranéhna dibasmi di Én-dor.+
Maranéhna jadi pupuk dina taneuh.
11 Para bangsawanna sina kawas Oréb jeung Zééb,+
Para pamingpinna sina kawas Zébah jeung Zalmuna,+
12 Sabab maranéhna ngomong, ”Hayu urang rebut panglinggihan Allah.”
13 Nun Allah abdi, jadikeun maranéhna kawas jukut garing nu ngagorolong,+
Kawas jarami nu katebak ku angin,
14 Kawas seuneu ngaduruk leuweung,
Kawas seuneu ngaléntab gunung nepi ka tutung.+
15 Mugia maranéhna diudag ku angin topan ti Gusti.+
Mugia maranéhna sarieuneun ku angin ribut ti Gusti.+
16 Tutupan beungeut maranéhna ku kahinaan,
Supaya maranéhna sasambat ka nami Gusti, nun Yéhuwa.
17 Mugia maranéhna aréraeun jeung sarieuneun salilana.
Mugia maranéhna direndahkeun jeung binasa.