Budalan
11 Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Kuring bakal ngadatangkeun hiji hukuman deui keur Firaun jeung Mesir. Sanggeus kitu mah manéhna bakal ngidinan maranéh indit,+ malah maranéh bakal diusir ti ieu nagri.+ 2 Ayeuna pék béjaan urang Israél, boh lalaki boh awéwé, sina ménta barang-barang tina emas jeung pérak ka urang Mesir, tatanggana.”+ 3 Ku Yéhuwa urang Mesir disina bageur ka urang Israél. Musa gé dihormat pisan di Mesir, boh ku para bawahan Firaun boh ku rahayat Mesir.
4 Tuluy Musa ngomong ka Firaun, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Engké kira-kira tengah peuting, Kuring bakal ngider ka sakuliah Mesir.+ 5 Tuluy sakabéh anak cikal di Mesir bakal paéh,+ ti anak cikal Firaun nu diuk dina tahta nepi ka anak cikal palayan awéwé nu pangrendahna.* Sakabéh anak cikal ingon-ingon gé bakal paéh.+ 6 Di sakuliah Mesir, jalma-jalma bakal careurik gogoakan.+ Can pernah aya nu kawas kitu, ka hareupna gé moal aya deui. 7 Tapi, urang Israél jeung ingon-ingonna mah moal ngalaman nanaon. Anjing gé moal wanieun ngagogogan maranéhna. Ku kituna, manéh bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, ngabédakeun urang Israél ti urang Mesir.’”+ 8 Tuluy Musa ngomong deui, ”Sakabéh bawahan Raja pasti bakal datang ka abdi tuluy sujud méménta kieu, ’Sok atuh manéh jeung bangsa manéh geura indit ti dieu.’+ Sanggeus kitu, abdi bakal indit ti Mesir.” Musa kacida ambekna tuluy indit ninggalkeun Firaun.
9 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Firaun moal ngadéngékeun manéh.+ Nya, éta téh supaya Kuring bisa nyieun leuwih loba mujijat di Mesir.”+ 10 Musa jeung Harun geus némbongkeun sakabéh mujijat hareupeun Firaun.+ Tapi Firaun ku Yéhuwa diantep sina bedegong sarta henteu ngidinan urang Israél indit ti Mesir.+