PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Budalan 12
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Budalan

      • Paskah ditetepkeun (1-28)

        • Getih diképrétkeun kana kusén panto (7)

      • Hukuman ka-10: anak cikal diparaéhan (29-32)

      • Urang Israél budal ti Mesir (33-42)

        • Ahir ti 430 taun (40, 41)

      • Aturan Paskah (43-51)

Budalan 12:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 13:4; 23:15; Bil 28:16; Pam 16:1

Budalan 12:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yah 1:29; 1Kor 5:7; Why 5:6

Budalan 12:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 22:18-20; Pam 17:1; 1Pét 1:19

Budalan 12:6

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi sanggeus panonpoé surup tapi saacan poék.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 28:16
  • +Bud 12:18; Ima 23:5; Pam 16:6

Budalan 12:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Kor 5:7; Ibr 11:28

Budalan 12:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 16:6, 7
  • +Bud 13:3; 34:25; Pam 16:3; 1Kor 5:8
  • +Bil 9:11

Budalan 12:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 7:15; 22:29, 30; Pam 16:4

Budalan 12:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 11:4, 5; 12:29
  • +Bil 33:4

Budalan 12:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 8:22; 9:4, 26; 10:23; 11:7

Budalan 12:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 23:15; Ima 23:6

Budalan 12:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 23:8

Budalan 12:17

Catetan Handap

  • *

    As. ”mawa pasukan maranéh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 23:6; Luk 22:1; 1Kor 5:8

Budalan 12:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 23:5, 6

Budalan 12:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 9:14
  • +Pam 16:3; 1Kor 5:7

Budalan 12:21

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta domba atawa embé ngora.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 3:16; Bil 11:16

Budalan 12:22

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Budalan 12:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ibr 11:28

Budalan 12:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 16:3

Budalan 12:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 5:10

Budalan 12:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 13:3, 8; Pam 6:6, 7

Budalan 12:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ibr 11:28

Budalan 12:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:4; Jab 78:51; 105:36
  • +Kaj 15:14; Bud 11:4, 5; Bil 3:13; Jab 135:8

Budalan 12:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 11:6

Budalan 12:31

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 10:28, 29
  • +Bud 3:19, 20; 6:1; 10:8-11; Jab 105:38

Budalan 12:32

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 10:26

Budalan 12:33

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 12:11
  • +Bud 10:7

Budalan 12:35

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 15:14; Bud 3:21; 11:2; Jab 105:37

Budalan 12:36

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 3:22

Budalan 12:37

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 47:11; Bud 1:11
  • +Bil 33:5
  • +Kaj 12:1, 2; 15:1, 5; 46:2, 3; Bud 1:7; Bil 2:32

Budalan 12:38

Catetan Handap

  • *

    Ieu téh kaasup urang Mesir.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 11:4

Budalan 12:39

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 12:31

Budalan 12:40

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:2, 3; 47:27; Kis 13:17
  • +Gal 3:17

Budalan 12:41

Catetan Handap

  • *

    As. ”pasukan”.

Budalan 12:42

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 16:1

Budalan 12:43

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 22:10

Budalan 12:44

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 17:12, 23

Budalan 12:46

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 9:12; Jab 34:19, 20; Yah 19:33, 36

Budalan 12:48

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 9:14

Budalan 12:49

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 24:22; Bil 15:16

Budalan 12:51

Catetan Handap

  • *

    As. ”urang Israél bareng jeung pasukanna”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bud. 12:2Bud 13:4; 23:15; Bil 28:16; Pam 16:1
Bud. 12:3Yah 1:29; 1Kor 5:7; Why 5:6
Bud. 12:5Ima 22:18-20; Pam 17:1; 1Pét 1:19
Bud. 12:6Bil 28:16
Bud. 12:6Bud 12:18; Ima 23:5; Pam 16:6
Bud. 12:71Kor 5:7; Ibr 11:28
Bud. 12:8Pam 16:6, 7
Bud. 12:8Bud 13:3; 34:25; Pam 16:3; 1Kor 5:8
Bud. 12:8Bil 9:11
Bud. 12:10Ima 7:15; 22:29, 30; Pam 16:4
Bud. 12:12Bud 11:4, 5; 12:29
Bud. 12:12Bil 33:4
Bud. 12:13Bud 8:22; 9:4, 26; 10:23; 11:7
Bud. 12:15Bud 23:15; Ima 23:6
Bud. 12:16Ima 23:8
Bud. 12:17Ima 23:6; Luk 22:1; 1Kor 5:8
Bud. 12:18Ima 23:5, 6
Bud. 12:19Bil 9:14
Bud. 12:19Pam 16:3; 1Kor 5:7
Bud. 12:21Bud 3:16; Bil 11:16
Bud. 12:23Ibr 11:28
Bud. 12:24Pam 16:3
Bud. 12:25Yos 5:10
Bud. 12:26Bud 13:3, 8; Pam 6:6, 7
Bud. 12:28Ibr 11:28
Bud. 12:29Bil 33:4; Jab 78:51; 105:36
Bud. 12:29Kaj 15:14; Bud 11:4, 5; Bil 3:13; Jab 135:8
Bud. 12:30Bud 11:6
Bud. 12:31Bud 10:28, 29
Bud. 12:31Bud 3:19, 20; 6:1; 10:8-11; Jab 105:38
Bud. 12:32Bud 10:26
Bud. 12:33Bud 12:11
Bud. 12:33Bud 10:7
Bud. 12:35Kaj 15:14; Bud 3:21; 11:2; Jab 105:37
Bud. 12:36Bud 3:22
Bud. 12:37Kaj 47:11; Bud 1:11
Bud. 12:37Bil 33:5
Bud. 12:37Kaj 12:1, 2; 15:1, 5; 46:2, 3; Bud 1:7; Bil 2:32
Bud. 12:38Bil 11:4
Bud. 12:39Bud 12:31
Bud. 12:40Kaj 46:2, 3; 47:27; Kis 13:17
Bud. 12:40Gal 3:17
Bud. 12:42Pam 16:1
Bud. 12:43Ima 22:10
Bud. 12:44Kaj 17:12, 23
Bud. 12:46Bil 9:12; Jab 34:19, 20; Yah 19:33, 36
Bud. 12:48Bil 9:14
Bud. 12:49Ima 24:22; Bil 15:16
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
  • 50
  • 51
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Budalan 12:1-51

Budalan

12 Yéhuwa nyarios kieu ka Musa jeung Harun di Mesir, 2 ”Bulan ieu ku maranéh kudu dijadikeun bulan nu kahiji dina kalénder maranéh.+ 3 Béjakeun kieu ka jamaah Israél, ’Dina poé nu ka-10 bulan ieu, maranéh kudu nyokot hiji domba+ keur kulawarga maranéh, hiji domba keur hiji kulawarga. 4 Tapi lamun kulawarga maranéh saeutikan, teu kuat méakkeun hiji domba, maranéh kudu ménta dibantuan ku tatangga nu pangdeukeutna. Sok dahar babarengan di imah maranéh, bagi-bagi nurutkeun jumlah jalma jeung nurutkeun sakumaha loba nu sanggup didahar ku unggal jalma. 5 Satona meunang domba meunang embé, asal kudu nu jalu, séhat,+ jeung umurna sataun. 6 Satona kudu diurus nepi ka poé ka-14 bulan ieu.+ Unggal kulawarga ti jamaah Israél kudu meuncit éta sato pasosoré.*+ 7 Di imah tempat ngadahar daging éta sato, képrétkeun getih satona saeutik kana kusén panto bagian kénca, katuhu, jeung luhurna.+

8 ”’Dagingna ku maranéh kudu dipanggang tuluy didahar peuting éta kénéh.+ Didaharna kudu jeung roti nu teu diragian+ sarta sayur pait.+ 9 Inget, dagingna kudu dipanggang bareng jeung hulu, bitis, sarta jeroanana. Ulah didahar atah atawa dikulub. 10 Ulah disésakeun nepi ka isuk-isuk. Mun aya sésa, kudu diduruk.+ 11 Waktu keur ngadahar éta daging, maranéh kudu geus maké beubeur, sendal, jeung nyekel iteuk. Daharna kudu buru-buru. Éta téh Paskah keur Yéhuwa. 12 Peuting éta, Kuring bakal ngideran sakuliah Mesir tuluy maéhan sakabéh anak cikal di Mesir, boh jelema boh sato.+ Kuring bakal ngahakiman jeung ngahukum sakabéh déwa Mesir.+ Kuring téh Yéhuwa. 13 Getih dina kusén panto bakal jadi tanda yén maranéh aya di éta imah. Jadi waktu Kuring ningali éta getih, imah maranéh bakal diliwat. Maranéh moal bakal keuna ku hukuman jeung moal maot waktu Kuring ngahukum Mesir.+

14 ”’Poé éta kudu jadi poé pangéling-ngéling keur maranéh. Maranéh jeung turunan maranéh kudu ngayakeun perayaan dina poé éta keur Yéhuwa unggal taunna. Ieu jadi aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna. 15 Salila tujuh poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian.+ Dina poé nu kahiji, maranéh kudu miceun sakabéh adonan nu diragian nu aya di imah maranéh. Salila tujuh poé éta, nu ngadahar naon waé nu diragian kudu dipaéhan. 16 Dina poé nu kahiji jeung katujuh, maranéh kudu kumpul pikeun ibadah ka Allah. Dina dua poé éta, teu meunang aya nu digawé.+ Maranéh ngan meunang nyiapkeun dahareun sacukupna keur maranéh.

17 ”’Maranéh kudu ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian,+ sabab dina poé éta, Kuring rék mawa maranéh kabéh* budal ti Mesir. Poé éta kudu terus dirayakeun ku maranéh jeung turunan maranéh. Ieu jadi aturan keur sapapanjangna. 18 Dina bulan nu ka-1, ti poé ka-14 peuting-peuting nepi ka poé ka-21 peuting-peuting, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian.+ 19 Salila tujuh poé, teu meunang aya adonan nu diragian di imah maranéh. Kabéh jalma, boh urang Israél boh urang asing,+ nu ngadahar naon waé nu diragian kudu dipaéhan.+ 20 Maranéh teu meunang ngadahar sagala rupa nu diragian. Di mana waé maranéh matuh, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian.’”

21 Musa langsung ngageroan para kokolot Israél+ tuluy ngomong kieu, ”Masing-masing kulawarga kudu milih sato ngora.* Peuncit satona pikeun dijadikeun kurban Paskah. 22 Wadahan getihna kana baskom, tuluy anclomkeun hisop* sabeungkeut kana éta getih. Képrétkeun éta kana kusén panto bagian kénca, katuhu, jeung luhurna. Teu meunang aya nu kaluar imah nepi ka isuk-isuk. 23 Jadi waktu Yéhuwa ngideran Mesir pikeun méré hukuman, imah maranéh bakal diliwat ku Yéhuwa lantaran Anjeunna ningali aya getih dina kusén panto maranéh bagian luhur, kénca, jeung katuhu. Ku kituna, di imah maranéh moal aya nu maot ku lantaran hukuman ti Anjeunna.+

24 ”Maranéh kudu terus ngayakeun ieu perayaan. Ieu aturan kudu dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna.+ 25 Waktu maranéh nepi ka tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa, sakumaha nu geus diucapkeun ku Anjeunna, maranéh kudu terus ngayakeun ieu perayaan.+ 26 Lamun anak-anak maranéh nanya, ’Ku naon ieu kudu dirayakeun?’+ 27 Béjakeun kieu, ’Ieu téh kurban Paskah keur Yéhuwa. Waktu Anjeunna ngider rék maéhan urang Mesir, imah-imah urang Israél diliwat. Anjeunna nyalametkeun kulawarga urang.’”

Bruk jalma-jalma téh sarujud. 28 Urang Israél ngalampahkeunana percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa jeung Harun.+

29 Tengah peuting, Yéhuwa maéhan sakabéh anak cikal di Mesir,+ ti anak cikal Firaun nu diuk dina tahta nepi ka anak cikal tawanan nu aya di panjara, kitu ogé jeung sakabéh anak cikal sasatoan.+ 30 Peuting éta, Firaun, para bawahanana, jeung sakabéh urang Mesir harudang. Di Mesir, kadéngé jalma-jalma careurik gogoakan lantaran di unggal imah aya nu maot.+ 31 Peuting éta kénéh, Firaun ngageroan Musa jeung Harun+ tuluy ngomong, ”Jig indit. Maranéh jeung urang Israél geura kaluar ti ieu nagri. Jung ibadah ka Yéhuwa, sakumaha kahayang maranéh.+ 32 Bawa ogé domba, embé, jeung sapi, sakumaha kahayang maranéh.+ Tapi, pangméntakeun berkah ka Allah keur urang.”

33 Urang Mesir ngageugeuwat urang Israél sina buru-buru indit.+ Ceuk maranéhna, ”Lamun maranéh teu gancang indit, urang kabéh bakal paéh!”+ 34 Jadi, urang Israél mawa adonan roti nu can diragian sarta wadah paranti ngadonan. Geus kitu, éta kabéh dibulen ku kaén tuluy dipanggul. 35 Maranéhna gé ménta barang-barang tina pérak jeung emas sarta papakéan ti urang Mesir,+ sakumaha paréntah Musa. 36 Ku Yéhuwa urang Mesir disina balageur ka maranéhna. Naon waé nu dipénta ku maranéhna dibikeun ku urang Mesir. Harta urang Mesir dijarah ku maranéhna.+

37 Tuluy urang Israél indit ti Ramésés+ ka Sukot.+ Kira-kira aya 600.000 lalaki nu leumpang, can kaasup barudak.+ 38 Maranéhna mawa loba pisan embé, domba, jeung sapi. Jalma-jalma ti bangsa séjén*+ gé marilu. 39 Di jalan, maranéhna manggang adonan nu dibawa ti Mesir, tuluy dijadikeun roti bunder nu teu diragian. Rotina teu diragian lantaran maranéhna kudu buru-buru indit ti Mesir. Jadi, maranéhna teu kaburu nyiapkeun dahareun séjén.+

40 Waktu urang Israél budal ti Mesir,+ maranéhna geus 430 taun jadi urang asing.+ 41 Sanggeus jejeg 430 taun, dina poé éta kénéh, umat* Yéhuwa budal ti Mesir. 42 Peuting éta, maranéhna ngayakeun perayaan lantaran maranéhna geus dibawa budal ti Mesir ku Yéhuwa. Ti jaman ka jaman, bangsa Israél kudu ngarayakeun peuting éta keur Yéhuwa.+

43 Geus kitu Yéhuwa nyarios ka Musa jeung Harun, ”Ieu aturan Paskah téh: Urang asing teu meunang milu ngadahar kurban Paskah.+ 44 Lamun maranéh boga budak beulian, manéhna kudu disunatan heula,+ kakara meunang milu dahar. 45 Urang asing nu cicingna ngan saheulaanan jeung urang asing nu jadi kuli teu meunang milu dahar. 46 Kurbanna kudu didahar di jero imah, teu meunang dibawa ka luar imah. Terus, tulangna teu meunang aya nu dipotongkeun.+ 47 Sakabéh jamaah Israél kudu ngarayakeun Paskah. 48 Tapi lamun urang asing nu cicing di antara maranéh hayang milu ngarayakeun Paskah keur Yéhuwa, unggal lalaki di rumah tanggana kudu disunatan. Geus kitu, kakara manéhna meunang milu ngarayakeun Paskah. Manéhna gé bakal dianggap jadi urang Israél. Tapi lalaki nu teu disunatan mah teu meunang milu dahar.+ 49 Ieu hukum kudu dijalankeun boh ku urang Israél boh ku urang asing nu cicing di antara maranéh.”+

50 Sakabéh urang Israél ngajalankeun paréntah Yéhuwa, percis sakumaha nu diucapkeun ku Anjeunna ka Musa jeung Harun. 51 Poé éta kénéh, sakabéh urang Israél* dibawa budal ti Mesir ku Yéhuwa.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun