Budalan
32 Bangsa Israél ngarasa Musa téh geus sakitu lilana teu turun ti gunung.+ Jadi jalma-jalma karumpul ngurilingan Harun sarta ngaromong kieu, ”Teuing ku naon Musa, nu mawa urang budal ti Mesir, teu turun-turun. Sok ayeuna pangnyieunkeun allah keur mingpin urang.”+ 2 Harun ngajawab, ”Laanan anting-anting emas+ nu diparaké ku pamajikan, anak-anak lalaki, jeung anak-anak awéwé maranéh, tuluy bawa ka dieu.” 3 Seug maranéhna ngalaanan anting-anting emasna, tuluy dibawa ka Harun. 4 Ku Harun emasna dicokot tuluy dibentuk ku alat ukir jadi patung anak sapi.+ Ceuk jalma-jalma, ”Éh urang Israél, tah ieu Allah urang! Anjeunna nu ngabudalkeun urang ti Mesir.”+
5 Ningali kitu, Harun nyieun mézbah hareupeun éta patung. Geus kitu Harun ngomong, ”Isukan aya perayaan keur Yéhuwa.” 6 Isukna, urang Israél hudang isuk-isuk tuluy méré kurban beuleuman jeung kurban karukunan. Gék jalma-jalma dariuk, dalahar, ngarinum, jeung senang-senang.+
7 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Sok geura turun, lantaran bangsa manéh, nu ku manéh dibawa budal ti Mesir, geus nyieun dosa gedé.+ 8 Gancang pisan maranéhna nyimpang tina paréntah Kuring.+ Maranéhna nyieun patung anak sapi tuluy sujud jeung méré kurban ka éta patung. Ceuk maranéhna téh, ’Éh urang Israél, tah ieu Allah urang! Anjeunna nu ngabudalkeun urang ti Mesir.’” 9 Yéhuwa nyarios deui ka Musa, ”Kuring nyaho ieu bangsa téh mémang bedegong.+ 10 Amarah Kuring geus ngagedur. Maranéhna rék dibasmi ku Kuring. Manéh ulah ngahalang-halang. Turunan manéh wéh nu bakal dijadikeun bangsa nu gedé ku Kuring.”+
11 Terus Musa méménta ka Yéhuwa Allahna,+ ”Nun Yéhuwa, ku naon Gusti sakitu ambekna ka umat Gusti? Pan Gusti tos ngabudalkeun maranéhna ti Mesir ku kawasa Gusti nu ageung sarta panangan Gusti nu kuat.+ 12 Upami Gusti sapertos kitu, urang Mesir bakal ngomong, ’Allah maranéhna téh boga niat jahat. Maranéhna dibawa budal téh pikeun ditumpes di pagunungan sarta dibasmi ti bumi.’+ Ulah kateterasan ambek, mugia Gusti ngarobah putusan Gusti. Umat Gusti ulah dugi ka dimusnakeun. 13 Sing émut ka hamba-hamba Gusti, nyaéta Ibrahim, Ishak, jeung Israél. Gusti tos sumpah ka maranéhna, ’Kuring bakal ngajadikeun turunan manéh sarua lobana siga béntang di langit.+ Kuring bakal mikeun sakabéh tanah ieu, tanah nu geus ditetepkeun ku Kuring keur turunan manéh. Ieu tanah bakal dipimilik ku turunan manéh sapapanjangna.’”+
14 Jadi, Yéhuwa ngarobah putusana-Na jeung teu jadi ngamusnakeun umat-Na.+
15 Geus kitu, Musa turun ti gunung bari mawa dua papan batu+ anu geus aya tulisanana bulak-balik. 16 Anu nyieun dua papan batu éta téh Allah. Tulisan nu diukir dina éta papan gé tulisan Allah.+ 17 Waktu Yosua ngadéngé sora jalma-jalma gogorowokan, manéhna ngomong ka Musa, ”Kadéngé aya sora perang di pakémahan.” 18 Tapi Musa ngajawab,
Ӄta lain sora surak anu unggul,
Lain sora jerit anu éléh,
Éta mah sora anu ngarawih.”
19 Waktu Musa geus deukeut ka pakémahan, manéhna ningali patung anak sapi+ sarta jalma-jalma nu keur ngarigel. Amarahna langsung ngagedur. Papan-papan batu nu dicekel ku manéhna dibeubeutkeun ka suku gunung nepi ka ancur.+ 20 Patung anak sapi jieunan maranéhna ku Musa dicokot, diduruk dina seuneu, sarta diancurkeun nepi ka bubuk.+ Tuluy, ku Musa éta diawurkeun kana cai, sina diarinum ku urang Israél.+ 21 Geus kitu Musa nanya ka Harun, ”Akang téh dikumahakeun ku jalma-jalma éta nepi ka Akang nyababkeun maranéhna nyieun dosa gedé siga kieu?” 22 Harun ngajawab, ”Ulah ambek, Juragan. Juragan pan terang, jalma-jalma ieu mémang resep ngalampahkeun nu jahat.+ 23 Maranéhna ngomong kieu, ’Teuing ku naon Musa, nu mawa urang budal ti Mesir, teu turun-turun. Sok ayeuna pangnyieunkeun allah keur mingpin urang.’+ 24 Ku abdi dijawab, ’Nu baroga emas, sok laanan, bawa ka dieu.’ Seug ku abdi dialungkeun kana seuneu tuluy jadi patung anak sapi éta.”
25 Musa ningali jalma-jalma teu bisa diatur lantaran ku Harun diantep. Kalakuanana téh ngérakeun maranéhna sorangan hareupeun musuh-musuh. 26 Terus Musa nangtung di lawang pakémahan tuluy ngomong, ”Saha nu mihak ka Yéhuwa? Sok ka darieu!”+ Seug kabéh urang Léwi kumpul di deukeut manéhna. 27 Musa ngomong ka urang Léwi, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Masing-masing kudu mawa pedang. Ideran sakuliah pakémahan ti lawang ka lawang. Dulur, tatangga, jeung sobat, paéhan.’”+ 28 Prak urang Léwi ngajalankeun paréntah Musa. Poé éta kira-kira aya 3.000 lalaki nu dipaéhan. 29 Geus kitu Musa ngomong, ”Poé ieu maranéh kudu nyucikeun diri pikeun ngalalayanan Yéhuwa. Maranéh bakal diberkahan+ poé ieu lantaran maranéh geus ngalawan anak-anak lalaki jeung dulur maranéh sorangan.”+
30 Isukna, Musa ngomong ka éta bangsa, ”Maranéh geus nyieun dosa nu kacida gedéna. Ayeuna urang rék naék ka gunung, ngadep ka Yéhuwa, sugan urang bisa mangméntakeun pangampura keur dosa maranéh.”+ 31 Jadi Musa naék ka gunung tuluy ngomong ka Yéhuwa, ”Jalmi-jalmi téh tos ngadamel dosa kacida ageungna! Maranéhna ngadamel aallahan tina emas!+ 32 Upami tiasa, mugia dosana dihapunten ku Gusti.+ Tapi upami teu tiasa, langkung saé nami abdi nu tos diserat ku Gusti dina buku Gusti dipupus.”+ 33 Tapi Yéhuwa ngajawab, ”Saha waé nu nyieun dosa ka Kuring, ngaranna bakal dipupus tina buku Kuring. 34 Ayeuna sok pingpin éta bangsa ka tempat nu geus dituduhkeun ku Kuring. Malaikat Kuring bakal aya di hareupeun manéh.+ Engké waktu Kuring ngahakiman maranéhna, Kuring bakal ngahukum maranéhna ku lantaran dosana.” 35 Tuluy, Yéhuwa ngadatangkeun musibat ka maranéhna lantaran maranéhna geus ménta Harun mangnyieunkeun patung anak sapi téa.