Siloka
3 Anaking, ulah poho kana sagala nu diajarkeun ku* Bapa.
Hidep* kudu bener-bener nuturkeun paréntah-paréntah Bapa,
2 Supaya hidep panjang umur
Jeung hirup tengtrem.+
4 Ku kituna, hidep tangtu dipikaresep ku Allah jeung manusa,+
Sarta dikenal sabagé jalma nu bener-bener boga pangarti.
6 Dina sagala laku lampah hidep, sing inget ka Anjeunna,+
Tangtu ku Anjeunna dituduhkeun jalan nu lempeng.+
7 Ulah asa aing bijaksana.+
Sing hormat* ka Yéhuwa, jauhan lampah jahat.
8 Éta téh matak séhat kana awak
Jeung matak seger kana tulang.
9 Sing hormat ka Yéhuwa, baktikeun pangaboga hidep nu panghadéna,+
10 Jadi, gudang-gudang hidep bakal pinuh pisan.+
Tempat-tempat pameresan anggur hidep gé bakal mudal ku cianggur anyar.
12 Lamun ditegor, éta tandana Yéhuwa téh nyaah ka hidep,+
Sakumaha bapa negor anakna ku lantaran nyaah.+
14 Meunangkeun kabijaksanaan téh leuwih hadé tibatan meunangkeun pérak,
Boga kabijaksanaan téh leuwih untung tibatan boga emas.+
15 Kabijaksanaan téh leuwih hargaan tibatan batu koral.*
Sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan éta.
16 Umur panjang aya dina leungeun katuhuna,
Kabeungharan jeung kamulyaan dina leungeun kéncana.
17 Lamun bijaksana, hidep bakal senang.
Hirup hidep gé bakal tenang.+
18 Kabijaksanaan téh kawas tangkal kahirupan.
Saha waé nu nyekel pageuh éta tangkal bakal terus hirup jeung bagja.+
19 Ku kabijaksanaana-Na, Yéhuwa ngajadikeun bumi.+
Ku pangarti-Na, Anjeunna ngadegkeun langit.+
21 Anaking, éta kabéh* ulah dipopohokeun.
Hidep kudu terus bijaksana jeung asak pikir.
22 Éta kabéh nu ngalantarankeun umur hidep panjang,
Sarta éta téh lir kongkorong nu alus dina beuheung hidep.
23 Hidep gé bakal aman waktu leumpang,
Suku hidep moal titajong.+
24 Waktu keur ngagolér, hidep moal keueung.+
Hidep bakal ngagolér jeung saré tibra.+
25 Hidep moal sieun katarajang ku musibat anu ujug-ujug datang,+
Moal sieun ku angin topan nu bakal narajang jalma jahat,+
26 Lantaran Yéhuwa bakal ngajaga hidep tetep aman.+
Anjeunna moal ngantep suku hidep kajiret.+
28 Ulah ngomong kieu, ”Balik heula wéh, engké ka dieu deui! Isuk ku urang dibéré.”
Ari bisa poé éta mah, poé éta kénéh wéh tulungan.
29 Ulah ngarancang kajahatan ka sasama,+
Kapan manéhna téh deukeut jeung percaya ka hidep.
31 Ulah sirik ka jalma kejem,+
Jeung ulah nurutan kalakuanana.
33 Rumah tanggana jalma jahat dikutuk ku Yéhuwa,+
Ari rumah tanggana jalma bener mah diberkahan ku Anjeunna.+
35 Jalma bijaksana bakal dihormat,
Ari jalma bodo mah bakal direndahkeun.+