Siloka
4 Barudak, déngékeun papatah bapa hidep.+
Perhatikeun, supaya boga pangarti.
2 Bapa rék méré pituduh nu aya paédahna.
Ulah nyapirakeun pangajaran* ti Bapa.+
4 Si Aki ngajarkeun kieu ka Bapa, ”Kekecapan Bapa kudu disimpen dina haté.+
Paréntah-paréntah Bapa kudu terus dijalankeun ngarah hidep panjang umur.+
5 Sing meunang kabijaksanaan, sing meunang pangarti.+
Kadé, papatah Bapa ieu ulah dipopohokeun atawa dilalaworakeun.
6 Ulah nyapirakeun kabijaksanaan, lantaran éta bakal ngajaga hidep,
Justru éta kudu dipikaresep, lantaran éta bakal nangtayungan hidep.
7 Kabijaksanaan téh hal nu pangpentingna,+ jadi beunangkeun kabijaksanaan.
Salian ti éta, tina sagala nu hayang dibeunangkeun, beunangkeun ogé pangarti.+
8 Lamun ngahargaan pisan kabijaksanaan, tangtu hidep dipuji.+
Lamun nyekel pageuh kabijaksanaan, tangtu hidep dihormat.+
9 Kabijaksanaan téh lir makuta tina kembang nu éndah dina sirah hidep,
Éta bakal jadi makuta nu alus keur hidep.”
10 Déngékeun Bapa, anaking, bandungan papatah Bapa,
Supaya hidep panjang umur.+
12 Ku kituna waktu hidep leumpang, moal aya hahalang.
Waktu hidep lumpat gé moal titajong.
13 Cekel pageuh didikan ti Bapa, ulah dilésotkeun.+
Éta kudu dijaga, sabab éta téh hirup hidep.+
14 Ulah nuturkeun jalanna jalma jahat,
Ulah leumpang di jalanna jalma doraka.+
16 Jalma jahat mah mun teu ngajahatan batur téh sok hésé saré,
Nu karitu mah moal waka tunduh mun can nyilakakeun batur.
17 Keur maranéhna, kajahatan téh kawas dahareun,
Katelengesan téh kawas inumeun.
18 Sabalikna, jalanna jalma bener téh lir cahaya panonpoé isuk-isuk
Anu beuki beurang beuki caang nepi ka tengah poé.+
19 Ari jalma jahat mah kawas jalma nu leumpang di jalan nu poék,
Manéhna teu nyaho naon nu nyababkeun manéhna titajong.
20 Anaking, perhatikeun papatah Bapa,
Déngékeun enya-enya omongan Bapa.
21 Omat nya, éta kabéh ulah dipopohokeun.
Awakna gé bakal séhat.
23 Tina sagala nu kudu dijaga, nu pangpentingna jaga haté hidep,+
Sabab éta nu nangtukeun hirup hidep.*
24 Ulah ngomong anu lain sabenerna,+
Omongan téh ulah nyasabkeun.
25 Ulah luak-lieuk,
Panon téh kudu neuteup ka hareup.+
27 Ulah méngkol ka kénca atawa ka katuhu.+
Jauhan sagala nu jahat.