Kidung Agung
4 ”Enéng kadeudeuh Engkang, Enéng téh mani geulis.
Enéng mani geulis.
Soca Enéng nu ditutupan ku cadar téh éndah lir mata japati.
Rambut Enéng téh lir embé-embé
Nu tarurun ti Pagunungan Giléad.+
2 Waos Enéng téh nya bodas nya saé
Lir domba-domba nu nembé dicukuran jeung dimandian.
Sadayana mani rapih,
Pepek lengkep taya nu kirang.
3 Biwir Enéng lir pita beureum,
Cariosan Enéng matak nyenangkeun haté.
Pipi Enéng di balik cadar
Lir buah dalima nu dibeulah.
Di luhurna ngagarantung sarébu taméng,
Taméng bunder milik para prajurit.+
5 Buah dada Enéng lir dua anak uncal,
Lir anak kijang kembar+
Nu keur nyaratu di antara kembang-kembang bakung.”
7 ”Enéng nu dipikanyaah, Enéng téh sakitu geulisna.+
Enéng taya cacadna.
8 Enéng pangantén Engkang, hayu urang angkat ti Lébanon,
Hayu tinggalkeun Lébanon.+
Geura lungsur ti tempatna singa, ti gunungna macan tutul.
9 Enéng pangantén Engkang,
Ngan diteuteup ku Enéng sareng ningal hiji permata dina kangkalung Enéng gé,
Haté Engkang tos kabandang.+
10 Enéng pangantén Engkang, kadeudeuh Enéng téh mani nikmat karaosna.+
Kanyaah Enéng téh langkung nyukakeun tibatan cianggur.+
Minyak seungit Enéng leuwih seungit tibatan sagala rupa wawangian.+
11 Enéng pangantén Engkang, biwir Enéng téh amis lir madu murni.+
Létah Enéng lir susu jeung madu.+
Anggoan Enéng téh seungitna lir leuweung di Lébanon.
12 Enéng pangantén Engkang, Enéng téh lir kebon nu dipager.
Enéng lir kebon nu dipager sarta cinyusu nu ditutup rapet.
13 Enéng* téh lir kebon nu dipelakan tangkal-tangkal dalima,
Bubuahan nu panghadéna, kembang pacar jeung pepelakan wangi,
14 Akar wangi+ jeung kembang safron, jukut seungit*+ jeung kayu manis,+
Rupa-rupa tangkal menyan, emur jeung gaharu,*+
Sarta rupa-rupa pepelakan nu seungit.+
15 Enéng téh lir cinyusu di taman, sumur nu caina seger,
Sarta walungan nu ngalir ti Lébanon.+
16 Geura hudang, angin kalér!
Ka dieu, angin kidul!
Tiup kebon kuring.
Seungitna sina ngahiliwir ka mana-mana.”
”Muga-muga kakasih abdi sumping ka kebonna
Sarta nuang bubuahan nu panghadéna.”