PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kidung Agung 5
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kidung Agung

    • MOJANG SYULAM DI YÉRUSALÉM (3:6–8:4)

Kidung Agung 5:1

Catetan Handap

  • *

    Geutah seungit. Tingali Daptar Istilah.

Kidung Agung 5:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Abdi teu walakaya waktu anjeunna nyarios”.

Kidung Agung 5:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Cadar”.

Kidung Agung 5:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”séhat”.

Kidung Agung 5:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”kawas ranggeuyan buah korma”.

Kidung Agung 5:12

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”cinyusu”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kidung Agung 5:1-16

Kidung Agung

5 ”Enéng pangantén Engkang,

Engkang tos aya di kebon Engkang.

Emur* sareng pepelakan seungit tos diala ku Engkang.

Madu tina sayang nyiruan tos diuyup,

Cianggur sareng susu gé tos dileueut.”

”Batur-batur, sok geura dalahar,

Sok ngarinum nepi ka marabok ku cinta!”

 2 ”Abdi saré, tapi haté mah henteu,

Kaimpikeun kakasih ngetrokan panto.

Saurna, ’Japati Engkang, kadeudeuh Engkang nu sampurna,

Bukakeun pantona, Néng!

Sirah Engkang baseuh ku ciibun,

Buuk kulimis ku ciibun nu turun peuting-peuting.’

 3 Abdi tos teu dimantel,

Naha kedah dianggo deui?

Sampéan gé tos diwasuh,

Naha kedah kokotoran deui?

 4 Waktu kakasih abdi narik leungeunna tina liang panto,

Haté téh meni dag-dig-dug.

 5 Abdi hudang rék mangmukakeun panto keur kakasih abdi.

Emur nyakclakan tina leungeun abdi,

Minyak emur tina ramo abdi

Nyakclakan kana gagang panto.

 6 Bray panto téh dibuka keur kakasih abdi,

Sihoréng anjeunna tos teu aya.

Haté meni sedih pisan lantaran anjeunna tos angkat.*

Ku abdi ditéangan, tapi teu kapanggih.

Digeroan, tapi teu ngajawab.

 7 Abdi kapanggih ku para panjaga nu ngurilingan kota.

Maranéhna nareunggeulan jeung ngaraheutan abdi.

Soléndang* abdi gé dirampas ku para panjaga kota.

 8 Wanoja-wanoja Yérusalém, aranjeun kudu sumpah:

Lamun panggih jeung kakasih abdi,

Béjakeun ka anjeunna, abdi téh teu daya bakating ku cinta-cintana.”

 9 ”Anjeun mojang nu panggeulisna,

Naon leuwihna kakasih anjeun tibatan nu lian?

Naon unggulna kakasih anjeun tibatan nu lian

Nepi ka abdi sadaya kudu sumpah?”

10 ”Kakasih abdi téh nya kasép nya kuat.*

Ti antara sapuluh rébu lalaki, anjeunna nu pangunggulna.

11 Mastakana kawas emas murni.

Rambutna hideung meles kawas manuk gagak,

Ombak-ombakan kawas tangkal palem.*

12 Socana téh kawas japati di sisi aliran cai,

Nu keur mandi cisusu,

Eunteup di sisi kolam nu caina pinuh.*

13 Pipina kawas taman nu dipelakan pepelakan seungit,

Lir tumpukan pepelakan seungit.

Biwirna lir kembang bakung nu ngeclakkeun minyak emur.

14 Ramona kawas emas nu dihias ku batu krisolit.

Patuanganana kawas gading nu gugurilapan dihias ku batu sapir.

15 Sampéanna kawas tihang marmer nu tatapakanana emas murni.

Anjeunna kasép kawas daérah Lébanon, dedeganana kawas tangkal aras.

16 Biwirna téh amis lir madu.

Sagala ngeunaan anjeunna matak narik ati.

Tah, kitu kakasih abdi nu dipikacinta ku abdi téh, wanoja-wanoja Yérusalém.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun