Kidung Agung
3 ”Saban peuting ari geus di ranjang téh
Sok kainget waé kakasih abdi.
Meni sono pisan, tapi anjeunna teu aya di dieu.
2 Jadi abdi téh mikir, ’Abdi rék hudang, ngurilingan kota.
Rék néangan kakasih abdi
Ka jalan-jalan jeung ka tempat-tempat umum.’
Ku abdi ditéangan, tapi teu kapanggih waé.
3 Abdi paamprok jeung tukang-tukang jaga nu ngurilingan kota,
Seug ku abdi ditanya, ’Punten, ningali kakasih abdi teu?’
4 Kakara gé ninggalkeun maranéhna,
Gok paamprok jeung kakasih abdi.
Ku abdi dicekelan jeung teu dileupaskeun,
Tuluy dibawa ka bumina ibu abdi,
Sup urang téh asup ka bumina ibu nu ngalahirkeun abdi.
5 Wanoja-wanoja Yérusalém, aranjeun kudu sumpah
Demi kijang jeung demi uncal bikang nu aya di tegalan:
Mun abdi teu bogoh mah, ulah ngajurung-jurung abdi boga rasa cinta.”
6 ”Naon itu anu mumbul ti lebah tanah gurun jiga haseup ngebul?
Seungitna lir seungit emur* jeung menyan,
Lir wedak seungit nu dijual ku para sudagar.”
7 ”Leuh, geuning éta téh tanduna* Sulaéman.
Di sakuriling éta tandu,
Aya 60 prajurit Israél.
8 Masing-masing boga pedang
Jeung jago tarung.
Pedangna ditalian kana cangkéng maranéhna.
Kabéhanana siap tarung mun aya nu nyerang peuting-peuting.”
9 ”Éta téh tanduna Raja Sulaéman,
Anu dijieun ku anjeunna tina tangkal-tangkal ti Lébanon.
10 Tihang-tihang dina korsina* dijieun tina pérak,
Séndéranana dijieun tina emas,
Babantalna tina wol ungu.
Jero tanduna dihias
Ku putri-putri Yérusalém maké kanyaah.”
11 ”Hé mojang-mojang Zion, geura kalaluar,
Tingali Raja Sulaéman.
Dina poé anjeunna nikah,
Poé kabagjaanana,
Anjeunna nganggo makuta* nu dijieun ku ibuna.”