Kidung Agung
8 ”Coba mun ka Engkang téh abdi bisa kawas ka lanceuk,
Nu sami-sami nyusu ka pun biang!
Meureun pas patepang di jalan téh, Engkang ku abdi bakal dicium,
Da moal aya nu ngahina.
2 Ku abdi rék ditungtun,
Sup asup ka bumi ibuna abdi,
Nu tos ngajarkeun sagala rupi ka abdi.
Engké Engkang badé disuguhan cianggur nu pangsaéna*
Sareng sari buah dalima.
3 Sirah abdi bakal disangkéh ku panangan kéncana.
Panangan katuhuna bakal nangkeup abdi.
4 Wanoja-wanoja Yérusalém, aranjeun kudu sumpah:
Mun abdi teu bogoh mah, ulah ngajurung-jurung abdi boga rasa cinta.”
5 ”Saha itu nu datang ti tanah gurun
Bari ngarangkul kakasihna?”
”Di handap tangkal apel, Engkang ku abdi digugahkeun.
Di dinya ibu Engkang téh nahan kanyeri ngalahirkeun Engkang,
Di dinya anjeunna ngalahirkeun Engkang bari nahan kanyeri.
6 Simpen abdi lir cingcin cap dina dada Engkang,
Lir cingcin cap dina panangan Engkang,
Sabab cinta téh kuat lir ajal,
Kasatiaan téh kukuh lir Kuburan.*
Cinta nu ngagedur téh nguntab-nguntab lir nguntabna seuneu Yah.*
7 Cinta mah moal sirna ku cai motah,
Moal kapalidkeun ku walungan.
Lamun aya nu rék meuli cinta ku sakabéh harta bandana,
Éta* pasti dihina.
8 ”Adi urang, awéwé, leutik kénéh.
Susuna gé can jadi.
Urang kudu kumaha lamun manéhna aya nu ngalamar?”
9 ”Upama manéhna témbok,
Urang jieun bénténg tina pérak.
Upama manéhna panto,
Urang pasangkeun palang maké kai aras.”
10 ”Abdi téh témbok,
Susu abdi lir munara.
Keur kakasih abdi mah
Abdi téh awéwé nu kalem.
11 Sulaéman gaduh kebon anggur di Baal-hamon.
Éta kebon dipercayakeun ka jalma-jalma sina diurus.
Tina hasil buahna, masing-masing mayar sarébu duit pérak ka anjeunna.
12 Keun wéh sarébu duit pérak simpen ku anjeun, Sulaéman.
Nu dua ratusna pasihkeun ka nu ngurus kebon.
Da abdi mah tos gaduh kebon anggur nyalira.”
13 ”Enéng nu aya di taman,
Réréncangan Enéng téh haroyongeun ngadangu sora Enéng.
Engkang gé hoyong.”
14 Ӄnggal Engkang, kakasih abdi,
Geura lumpat lir kijang,
Lir anak uncal jalu
Nu aya di pagunungan nu dipelakan ku wawangian.”