Kidung Agung
7 ”Duh Enéng nu bageur,
Sampéan Enéng nu disendal téh kacida éndahna!
Cangkéng Enéng éndah lir perhiasan,
Hasil karya seniman.
2 Udel Enéng téh lir cacangkir anu bunder,
Nu cianggurna teu séép-séép.
Patuangan Enéng lir tumpukan gandum
Nu diriung ku kembang bakung.
3 Buah dada Enéng lir dua anak uncal,
Lir anak kijang kembar.+
4 Beuheung+ Enéng lir munara gading.+
Pangambung Enéng lir munara Lébanon
Nu nyanghareup ka Damaskus.
Raja kapincut ku rambut Enéng nu ngarumbay.
6 Enéng nu dipikacinta, Enéng téh kacida geulisna.
Enéng téh kacida pikaresepeunana, leuwih-leuwih ti sagala hal nu nyenangkeun!
7 Salira Enéng téh lir tangkal palem,
Buah dada Enéng lir ranggeuyan korma.+
8 Ceuk abdi téh, ’Éta tangkal palem rék ditaékan
Ngarah buahna bisa dipetik.’
Mugia buah dada Enéng lir rantuyan buah anggur,
Seungit napas Enéng lir seungit buah apel,
9 Sarta baham Enéng lir cianggur nu panghadéna.”
”Mugia éta ngageleser maseuhan biwir kakasih abdi
Nepi ka anjeunna saré tibra.
10 Abdi téh nu kakasih abdi,+
Nu dipikahoyong ku anjeunna téh mung abdi.
11 Engkang kakasih abdi, ka dieu atuh.
Hayu urang angkat ka désa,
Urang reureuh di antara kembang pacar.+
12 Urang gugah énjing-énjing, tuluy ka kebon anggur.
Tah, di dinya abdi badé ngungkabkeun kanyaah ka Engkang.+
13 Buah dudaim*+ tos kaambeu seungitna.
Di caket panto aya sagala rupi bubuahan nu pangsaéna.+
Nu anyar sareng nu tos lami dipetik,
Disimpen ku abdi kanggo Engkang, kakasih abdi.