Yésaya
26 Dina waktu éta, di nagri Yéhuda bakal dinyanyikeun ieu lagu:
”Urang téh boga hiji kota nu kuat.
Kasalametan ti Allah bakal jadi témbok jeung bénténgna.
2 Buka gerbang-gerbangna ngarah bangsa nu lampahna bener,
Nyaéta bangsa nu satia ka Allah, bisa asup.
3 Gusti bakal ngajaga saha waé nu ngandel pisan ka Gusti.*
Maranéhna bakal terus dipasihan katengtreman ku Gusti,
Sabab maranéhna percaya ka Gusti.
4 Sing percaya ka Yéhuwa salalanggengna,
Sabab Yah* Yéhuwa téh Gunung Batu nu abadi.
5 Anjeunna ngarendahkeun jalma-jalma nu cicing di tempat nu luhur.
Kota nu megah ku Anjeunna direndahkeun,
Digebrugkeun kana taneuh,
Dibalangkeun kana kekebul.
6 Éta kota bakal ditarincakan ku jalma nu sangsara,
Ku jalma leutik.”
7 Jalan jalma bener téh lempeng.*
Gusti bakal ngaratakeun jalanna
Sabab Gusti téh bener.
8 Nun Yéhuwa, abdi sadaya ngaharep ka Gusti
Sangkan tiasa nuturkeun jalan Gusti nu adil.
Abdi sadaya hoyong pisan émut ka nami Gusti sareng ka Gusti.*
9 Ari wengi, abdi téh sono ka Gusti ku sapinuhna haté,
Batin terus milarian Gusti.
Waktu Gusti ngahakiman ieu bumi,
Pendudukna jadi ngarti carana ngalampahkeun nu bener.
10 Nu jahat, najan dipikarunya ku Gusti gé,
Moal diajar carana ngalampahkeun nu bener.
Najan aya di nagri nu jalma-jalmana balener,* angger wéh manéhna mah ngalampahkeun nu jahat.
Manéhna moal nempo kamulyaan Yéhuwa.
11 Nun Yéhuwa, panangan Gusti tos diangkat, tapi teu katempo ku nu jarahat.
Maranéhna bakal aréraeun waktu nempo Gusti némbongkeun kanyaah Gusti nu gedé ka umat Gusti.
Seuneu ti Gusti bakal ngalebur maranéhna.
12 Nun Yéhuwa, Gusti bakal masihan abdi sadaya katengtreman.
Sagala nu tos dipidamel ku abdi sadaya téh laksana
Ku karana berkah ti Gusti.
13 Nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, abdi sadaya dikawasaan ku dunungan-dunungan séjén,
Tapi mung nami Gusti nu dipuji ku abdi sadaya.
14 Maranéhna tos maraot, moal harirup deui.
Maranéhna taya daya, moal harudang deui,
Sabab Gusti tos ngahukum sareng ngabasmi maranéhna.
Maranéhna moal diémut-émut deui.
15 Nun Yéhuwa, ieu bangsa ku Gusti dijadikeun seueur,
Ieu bangsa ku Gusti dijadikeun seueur.
Gusti ngamulyakeun diri Gusti,
Gusti ngalegakeun wawatesan wilayah ieu nagri.
16 Nun Yéhuwa, waktu keur susah, maranéhna ménta tulung ka Gusti.
Waktu dihukum ku Gusti, maranéhna ngadoa haharéwosan ngabudalkeun eusi haténa.
17 Nun Yéhuwa, ku karana Gusti
Abdi sadaya jadi kawas awéwé ngandung nu téréh ngajuru,
Nu jejeritan ku lantaran nyeri.
18 Abdi sadaya ngandung, abdi sadaya ngarasa nyeri kawas rék ngajuru,
Tapi nu dijurukeun téh ngan angin.
Abdi sadaya teu bisa nyalametkeun ieu nagri,
Teu aya nu dijurukeun pikeun nyicingan ieu nagri.
19 Allah nyarios, ”Jalma-jalma nu maraot di antara maranéh bakal harirup deui,
Mayit-mayit umat Kuring* bakal harirup deui.
Harudang, geura sarurak gumbira,
Hé maranéh nu cicing dina kekebul!
Ciibun manéh téh kawas ciibun isuk-isuk.*
Bumi bakal nyérénkeun jalma-jalma nu teu walakaya di kuburan, maranéhna bakal harirup deui.
20 Hé umat Kuring, geura asup ka rohangan-rohangan di beulah jero,
Tutup panto-panto di tukangeun manéh.
Nyumput heula sakeudeung
Nepi ka amarah Kuring sirna.
21 Tempo Kuring, Yéhuwa, kaluar ti tempat Kuring
Pikeun ngageroan jalma-jalma di ieu nagri sina tanggung jawab kana kasalahanana.
Ieu nagri bakal nyingkabkeun getih jalma-jalma nu dipaéhan,
Geus moal ngabunikeun deui jalma-jalma nu dipaéhan.”