Yésaya
30 Yéhuwa nyarios, ”Cilaka anak-anak nu bedegong,
Nu ngalaksanakeun rancangan tapi lain rancangan Kuring,
Nu mimitraan jeung batur,* padahal éta lain kahayang* Kuring.
Éta sababna, dosa maranéhna beuki nambahan.
2 Maranéhna indit ka Mesir tapi teu tatanya heula ka Kuring.
Maranéhna indit téh rék ménta panangtayungan ti Firaun*
Sarta hayang nyalindung di handapeun kalangkang* Mesir!
3 Tapi, maranéhna bakal éraeun lantaran nyalindung ka Firaun,
Sarta bakal dihina lantaran nyalindung di handapeun kalangkang Mesir.
4 Para pamingpin aya di Zoan,
Para utusan geus nepi ka Hanés.
5 Maranéhna bakal diéra-éra
Ku bangsa nu taya gunana,
Nu teu bisa nulungan jeung méré kauntungan ka maranéhna.
Éta bangsa ngan saukur ngadatangkeun kahinaan jeung kaéra.”
6 Ieu warta hukuman keur sasatoan di kidul:
Maranéhna mawa harta banda dimuatkeun kana kaldé
Sarta mawa pasadiaan dimuatkeun kana onta.
Éta dibawa ngaliwatan tanah nu pinuh ku kasusah jeung bahaya,
Tempatna singa, singa nu ngagaur,
Tempatna oray jeung oray matih nu bisa hiber.
Tapi éta kabéh euweuh mangpaatna keur éta bangsa.*
7 Pitulung Mesir téh teu aya gunana sama sakali.
Éta sababna manéhna ku Kuring disebut, ”Rahab,* nu diuk ngajentul waé.”
8 ”Sok indit, tuliskeun éta dina papan batu di hareupeun maranéhna,
Tuluy catet dina hiji buku,
Supaya aya mangpaatna keur mangsa ka hareup,
Jadi saksi pikeun salawasna.
9 Sabab maranéhna téh bangsa nu sok barontak, anak-anak nu resep nipu,
Nu teu daék ngadéngékeun hukum* Yéhuwa.
10 Maranéhna ngomong ka para nabi, ’Ulah ngaramal,’
Sarta ka para juru tingal, ’Ulah nepikeun titingalian nu bener.
Mending ogé nepikeun perkara-perkara nu genah kadéngéna, caritakeun wéh titingalian nu palsu.
11 Geura nyingkah ti jalan nu bener, ulah di jalan éta deui.
Ulah ngomongkeun deui sual Allah Israél nu Suci ka urang.’”
12 Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Allah Israél nu Suci,
”Ku sabab maranéh nolak firman Kuring,
Sarta kalah ka percaya kana hal-hal bohong jeung tipu daya
Tuluy ngandel ka nu kararitu,
13 Kasalahan maranéh téh ibarat témbok nu rengat,
Témbok jangkung nu rengatna ti luhur nepi ka handap,
Nu bisa ujug-ujug ngagebru iraha waé.
14 Éta bakal ancur kawas pariuk gedé,
Bubuk pisan nepi ka sesemplékanana gé moal aya nu bisa dipaké
Pikeun nyiuk ruhak tina pameuleuman
Atawa nyiuk cai tina logak.”*
15 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Allah Israél nu Suci,
”Maranéh kudu baralik ka Kuring sarta tetep tenang, supaya maranéh salamet.
Lamun maranéh tetep tenang sarta percaya ka Kuring, maranéh bakal kuat.”
Tapi maranéh mah embung.
16 Maranéh kalah ka ngomong kieu, ”Urang bakal kabur tumpak kuda!”
Nya, jig wéh kabur ari kitu mah.
”Urang bakal tumpak kuda nu tarik lumpatna!”
Da nu ngudag maranéh gé bakal tarik lumpatna.
17 Lantaran diancam ku saurang, sarébu urang bakal ngadégdég.
Lantaran diancam ku lima urang, maranéh bakal ngabecir
Nepi ka nu nyésa ti maranéh téh bakal jadi kawas hiji tihang di puncak gunung,
Kawas tihang tanda di luhur pasir.*
18 Tapi Yéhuwa mah sabar ngadagoan* pikeun némbongkeun kahadéan ka maranéh,
Anjeunna bakal némbongkeun welas asih ka maranéh,
Sabab Yéhuwa téh Allah nu adil.
Kabéh nu ngaharep ka Anjeunna bakal bagja.
19 Waktu ieu bangsa matuh di Zion, di Yérusalém, manéh moal ceurik deui. Anjeunna pasti mikarunya waktu manéh sasambat ménta tulung. Sanggeus ngadéngé panyambat manéh, Anjeunna bakal langsung ngajawab. 20 Sanajan ku Yéhuwa téh kasusah dijadikeun kawas kadaharan sarta kasangsaraan dijadikeun kawas inuman keur manéh, Guru nu Agung moal miceun beungeut deui ka manéh, manéh bakal nempo Guru manéh nu Agung. 21 Lamun manéh nyimpang ka kénca atawa ka katuhu, manéh bakal ngadéngé sora kieu ti tukangeun, ”Ieu jalanna, sok tuturkeun.”
22 Berhala-berhala maranéh nu dilapis ku pérak jeung emas bakal dianggap najis ku maranéh. Éta bakal dipiceun kawas kaén nu kotor ku getih haid. Maranéh bakal ngomong, ”Geuleuh pisan!” 23 Anjeunna bakal nurunkeun hujan keur binih nu dipelak ku maranéh. Tanah bakal ngahasilkeun kadaharan nu séhat jeung limpah.* Dina waktu éta, ingon-ingon maranéh bakal nyaratuan di tegal jukut nu lega. 24 Sapi jeung kaldé nu dipaké ngawuluku* bakal dibéré parab nu haradé, nu huutna geus dipisahkeun.* 25 Dina poéna loba jalma dipaéhan, waktu munara-munara raruntuh, di unggal gunung jeung pasir nu luhur bakal cur-cor walungan. 26 Dina waktu Yéhuwa ngabulen raheut umat-Na nu dihukum ku Anjeunna sarta nyageurkeun raheutna, caang bulan purnama bakal kawas caang panonpoé, caangna bakal kawas caang tujuh poé.
Anjeunna nyarios bari ambek,
Létah-Na lir seuneu nu ngahuru.
28 Napas-Na* lir walungan nu ngagulidag, nu caina sabeuheung.
Anjeunna bakal ngayak bangsa-bangsa nepi ka euweuh nu nyésa.
Anjeunna bakal masang tali kekang dina cacapék bangsa-bangsa pikeun nungtun maranéhna ka jalan nu salah.
29 Tapi, lagu maranéh bakal kawas lagu nu dinyanyikeun ti peuting
Waktu keur nyiapkeun* perayaan.
Haté maranéh bakal gumbira
Kawas jalma nu leumpang bari niup* suling
Waktu indit ka gunung milik Yéhuwa, Gunung Batu Israél.
30 Jalma-jalma ku Yéhuwa bakal disina ngadéngé gentra-Na nu agung.
Ku lantaran ambek pisan, Anjeunna bakal ngadatangkeun seuneu nu ngahuru,
Hujan gedé, topan, jeung hujan batu
Pikeun némbongkeun kakuatan panangan-Na.
31 Ngadéngé sora Yéhuwa, urang Asiria bakal ngadégdég sarieuneun.
Anjeunna bakal neunggeul maranéhna ku tongkat.
32 Yéhuwa bakal ngangkat panangan-Na
Pikeun ngagebug Asiria waktu perang.
Unggal Anjeunna neunggeul Asiria ku tongkat paranti ngahukum,
Bakal aya sora rabana jeung harpa.
33 Anjeunna geus nyiapkeun Tofét*
Keur maranéhna sarta rajana.
Tempatna jero jeung lega,
Suluhna ngabugbrug, sarta seuneuna ngagedur.
Napas Yéhuwa nu kawas walungan walirang
Bakal ngaduruk éta tempat.