Yésaya
36 Dina taun ka-14 pamaréntahan Raja Hizkia, Sanhérib raja Asiria nyerang jeung ngarebut kabéh kota nu dibénténgan di Yéhuda. 2 Geus kitu, raja Asiria ngutus hiji Rabsyaké* jeung pasukan nu gedé ti Lakhis ka Raja Hizkia di Yérusalém. Maranéhna baris di deukeut saluran cai ti kolam luhur, nu aya di jalan gedé nu brasna ka tempat tukang nyeuseuh. 3 Tuluy Éliakim anak Hilkia pangawas istana, Syébna sékertaris karajaan, jeung Yoah anak Asaf tukang nyatet kaluar manggihan Rabsyaké.
4 Rabsyaké ngomong kieu ka maranéhna, ”Béjaan si Hizkia, ’Raja Asiria nu agung ngomong kieu, ”Boga andelan naon bet kawas kitu téh? 5 Cenah manéh téh boga siasat jeung kakuatan militér, wadul éta mah. Manéh téh ngandelkeun saha? Wawanianan barontak ka urang. 6 Mesir andelan manéh téh kawas batang nu potong, nu bakal nubles, nembus dampal leungeun jalma nu nyekelna. Tah, Firaun raja Mesir téh bakal siga kitu ka saha waé nu ngandel ka manéhna. 7 Ongkoh maranéh ngomong, ’Abdi sadaya ngandel ka Yéhuwa Allah abdi sadaya,’ tapi geuningan tempat-tempat pamujaan jeung mézbah-mézbah-Na diancurkeun ku Hizkia, padahal ceuk manéhna urang Yéhuda jeung Yérusalém kudu sujud hareupeun éta mézbah.”’ 8 Sok, ayeuna mah tataruhan jeung raja Asiria dunungan urang. Ku urang bakal dibéré kuda 2.000, asal maranéh sanggup nyadiakeun nu tumpakna. 9 Lamun maranéh ngandelkeun karéta perang jeung pasukan kuda Mesir, bisa kitu ngéléhkeun hamba-hamba dunungan urang? Ngalawan gubernur nu panghandapna gé maranéh mah moal bisa. 10 Cik, mémangna urang datang jeung ngancurkeun ieu nagri téh diidinan ku saha? Nya ku Yéhuwa. Puguh Yéhuwa ngomong kieu ka urang, ’Serang jeung ancurkeun ieu nagri.’”
11 Ngadéngé kitu, Éliakim, Syébna, jeung Yoah ngomong kieu ka Rabsyaké, ”Juragan, punten, nyariosna ku basa Aram* wéh, da kahartos ku abdi sadaya gé. Ulah ku basa urang Yahudi,* bilih kadangu ku jalmi-jalmi di luhur témbok.” 12 Tapi ku Rabsyaké ditémbal, ”Mémangna urang diutus ku dunungan urang téh jang ngomong ka maranéh jeung ka dunungan maranéh wungkul? Urang gé diutus jang ngomong ka jalma-jalma nu diuk di luhur témbok, nu bakal ngadahar taina jeung nginum cikiihna sorangan bareng jeung maranéh.”
13 Tuluy Rabsyaké nangtung jeung ngagorowok ku basa urang Yahudi, ”Déngékeun kekecapan raja nu agung, raja Asiria. 14 Ieu nu diucapkeun ku Raja, ’Ulah daék ditipu ku Hizkia. Manéhna moal bisa nyalametkeun maranéh. 15 Ulah kabobodo lamun Hizkia nitah maranéh percaya ka Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Yéhuwa pasti nyalametkeun urang. Ieu kota moal diserahkeun ka raja Asiria.” 16 Si Hizkia mah ulah didéngékeun. Yeuh, urang, raja Asiria, ngomong kieu, ”Geus, ayeuna mah nyerah wéh, jadi balad urang. Engké maranéh bakal ngadahar anggur jeung buah ara tina tangkal sorangan. Maranéh gé bakal nginum ti sumur sorangan. 17 Engké maranéh bakal dibawa ku urang ka tanah nu sarua alusna jeung ieu tanah, nu pinuh ku sisikian, cianggur nu anyar, roti, jeung kebon anggur. 18 Mun si Hizkia ngomong, ’Yéhuwa bakal nyalametkeun urang,’ tong katipu. Mémangna allah-allah bangsa séjén bisa nyalametkeun nagrina ti raja Asiria? 19 Mana ayeuna allah-allahna Hamat jeung Arpad? Mana allah-allahna Séfarwaim? Bisa teu maranéhna nyalametkeun Samaria tina genggeman urang? 20 Euweuh allah nu bisa nyalametkeun nagrina ti urang. Jadi, Yéhuwa gé moal mungkin bisa nyalametkeun Yérusalém tina genggeman urang.”’”
21 Tapi maranéhna mani jarempling, euweuh nu ngajawab sakecap-kecap acan, da geus dilarang ku Raja. 22 Geus kitu, Éliakim anak Hilkia pangawas istana, Syébna sékertaris karajaan, jeung Yoah anak Asaf tukang nyatet nyoéhkeun pakéanana tuluy ngadep ka Hizkia. Maranéhna nepikeun omongan Rabsyaké.