Yésaya
40 ”Gedékeun haté umat Kuring, tegerkeun maranéhna,” ucap Allah maranéh.
2 ”Upahan haté urang Yérusalém,
Béjaan yén mangsa maranéhna gawé paksa téh geus anggeus,
Kasalahanana geus dibayar.
Maranéhna geus narima hukuman* ti Yéhuwa keur sakabéh dosana.”
3 Aya nu ngagero di tanah gurun,
”Siapkeun jalan keur Yéhuwa!
Jieun jalan gedé nu lempeng di gurun keusik keur Allah urang.
4 Kabéh lebak urugan,
Kabéh gunung jeung pasir* ratakeun.
Tanah nu garinjul ratakeun,
Tanah nu teu rata jadikeun padataran.
5 Kamulyaan Yéhuwa bakal dinyatakeun,
Bakal témbong ka sakabéh jalma,
Sabab Yéhuwa nu ngucapkeunana.”
6 Déngékeun, aya nu ngomong, ”Uarkeun!”
Nu séjén némbalan, ”Kudu nguarkeun naon?”
”Kabéh jalma téh ibarat jukut héjo.
Asih satiana kawas kekembangan di tegalan.
7 Jukut héjo gararing,
Kekembangan pada layu,
Sabab katiup ku napas Yéhuwa.
Nya mémang manusa téh ibarat jukut héjo.
8 Jukut héjo gararing,
Kekembangan pada layu,
Tapi firman Allah urang mah bakal aya keur salalanggengna.”
9 Hé awéwé nu mawa warta hadé keur Zion,
Geura naék ka gunung nu luhur!
Hé awéwé nu mawa warta hadé keur Yérusalém,
Uarkeun sing tarik!
Uarkeun, ulah sieun.
Umumkeun ka kota-kota Yéhuda, ”Allah maranéh geus datang!”
10 Tempo! Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, bakal datang bari némbongkeun kawasa-Na.
Ku panangan-Na, Anjeunna bakal maréntah.
Tempo! Anjeunna datang mawa ganjaran
Sarta siap méré upah.
11 Anjeunna bakal ngurus* ingon-ingon-Na kawas pangangon.
Ku panangan-Na, Anjeunna bakal ngumpulkeun anak-anak domba-Na.
Éta anak-anak domba ku Anjeunna bakal diais dina dada-Na.
Anjeunna bakal lemah lembut waktu nungtun domba-domba nu nyarusuan kénéh anakna.
12 Saha nu bisa naker cai laut ku dampal leungeunna,
Sarta ngukur langit ku jeungkalna?*
Saha nu bisa ngumpulkeun sakabéh taneuh di bumi kana wadah,
Atawa nimbang gunung-gunung
Sarta pasir-pasir maké timbangan?
13 Saha nu bisa ngukur* kawasa suci Yéhuwa?
Saha nu bisa jadi jurunaséhat pikeun méré pituduh ka Anjeunna?
14 Ka saha Anjeunna ménta naséhat supaya meunang pangarti?
Saha nu nerangkeun jalan kaadilan ka Anjeunna?
Saha nu ngajarkeun pangaweruh* ka Anjeunna?
Saha nu nuduhkeun jalan pangarti ka Anjeunna?
15 Bangsa-bangsa téh saibarat cai sakeclak dina timba,
Saibarat kekebul ipis dina timbangan.
Pulo-pulo diangkat ku Anjeunna kawas kekebul lembut.
16 Sanajan kabéh tangkal Lébanon dituaran, éta moal cukup pikeun dijadikeun suluh.
Kitu deui sato-sato leuweungna, éta kabéh moal cukup pikeun dijadikeun kurban beuleuman.
17 Keur Anjeunna mah sakabéh bangsa téh dianggap euweuh.
Keur Anjeunna mah maranéhna téh taya gunana, taya hartina.
18 Jeung saha Allah bisa dibandingkeun?
Jeung naon Allah bisa disaruakeun?
19 Aya jalma nyieun patung,
Tuluy patungna ku tukang beusi dilapis ku emas
Sarta dipangnyieunkeun ranté pérak.
20 Kai ku manéhna dijadikeun pangbakti,
Kai nu moal bobo.
Manéhna néangan tukang nu ahli,
Rék ménta dipangnyieunkeun patung ukiran nu teu bisa tiguling.
21 Maranéh teu nyaho, kitu?
Can ngadéngé?
Mémangna ti mimiti maranéh can dibéré nyaho?
Ti saprak pondasi-pondasi bumi diadegkeun, maenya maranéh teu ngarti?
22 Allah linggih di luhur bumi nu buleud,
Nu pendudukna kawas simeut.
Langit ku Anjeunna dibébérkeun kawas kaén ipis,
Dibébérkeun kawas kémah keur tempat cicing.
23 Para pajabat ku Anjeunna direndahkeun.
Para hakim* di bumi dijieun taya gunana.
24 Maranéhna téh ibarat pepelakan nu kakara dipelak,
Ibarat binih nu kakara disebar.
Batangna kakara ogé akaran di jero taneuh,
Geus kaburu dihébos ku angin jeung jadi gararing.
Maranéhna ibarat jarami nu kabawa angin.
25 ”Kuring ku maranéh rék disaruakeun jeung saha? Aya kitu nu sarua jeung Kuring?” saur Allah nu Suci.
26 ”Coba tanggah ka langit, tuh tempo.
Saha nu nyiptakeun éta kabéh?
Anjeunna téh Allah nu nitah pasukan maranéhna kaluar.
Kabéhanana ku Anjeunna diitung hiji-hiji sarta digeroan ku ngaranna masing-masing.
Ku karana kakuatana-Na nu kacida gedéna sarta kawasa-Na nu kacida hébatna,
Kabéhanana aya di tempatna masing-masing.
27 Hé Yakub, ku naon manéh ngomong, ’Yéhuwa teu ningali naon nu kaalaman ku kuring.
Allah teu méré kaadilan ka kuring’?
Hé Israél, ku naon manéh ngomong kitu?
28 Maranéh teu nyaho, kitu? Can ngadéngé?
Yéhuwa nu nyiptakeun sagala nu aya di bumi téh Allah nu langgeng.
Anjeunna tara capé, tara lungsé.
Pangarti-Na teu bisa diteuleuman.*
29 Nu capé ku Anjeunna dibéré kakuatan,
Nu lungsé ku Anjeunna dibéré tanaga.
30 Anak-anak lalaki bakal carapéeun jeung lalungsé.
Pamuda-pamuda bakal titarajong jeung lalabuh.
31 Tapi, sing saha nu miharep ka Yéhuwa bakal kuat deui.
Maranéhna bakal ngapung luhur lir heulang mentang jangjang.
Maranéhna bakal lumpat, tapi moal lungsé.
Maranéhna bakal leumpang, tapi moal capé.”