Yésaya
44 ”Yakub hamba Kuring,
Kitu deui manéh, Israél, nu dipilih ku Kuring, yeuh déngékeun.
2 Ieu nu diucapkeun ku Kuring, Yéhuwa,
Nu Nyiptakeun sarta Allah nu ngajadikeun manéh,
Nu nulungan manéh ti barang manéh aya di jero kandungan,*
’Ulah sieun, hé Yakub hamba Kuring,
Kitu deui manéh, hé Yésyurun,* nu dipilih ku Kuring.
3 Kuring bakal ngucurkeun cai ka jalma nu haus
Sarta ngagolontorkeun cai ka tanah nu garing.
Kuring bakal ngucurkeun kawasa suci Kuring ka turunan manéh
Sarta ngaberkahan anak incu manéh.
4 Maranéhna bakal tumuwuh kawas jujukutan héjo,
Kawas tangkal poplar di sisi walungan.
5 Bakal aya nu ngomong, ”Abdi téh milik Yéhuwa.”
Nu séjén nyebut dirina Yakub,
Nu séjén deui bakal nulis kieu dina leungeunna, ”Milik Yéhuwa.”
Manéhna bakal maké ngaran Israél.’
6 Kuring téh Yéhuwa, Raja Israél sarta Nu Nebus Israél.
Ieu nu diucapkeun ku Kuring, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,
’Kuring téh nu awal sarta nu ahir.
Taya deui Allah salian ti Kuring.
7 Mémangna aya nu kawas Kuring?
Sok sina ngomong, buktikeun ka Kuring!
Keun manéhna sina méré nyaho naon nu bakal kajadian
Sarta laksana dina mangsa ka hareup,
Sakumaha nu geus dilampahkeun ku Kuring ti saprak Kuring ngajadikeun hiji bangsa di jaman baheula.
8 Teu kudu geumpeur,
Ulah kaéléhkeun ku kasieun,
Pan Kuring geus ngomong jeung ngabéjaan maranéh ti saacanna.
Maranéh téh saksi-saksi Kuring.
Mémangna aya Allah iwal ti Kuring?
Euweuh, Kuring nyaho yén euweuh Gunung Batu salian ti Kuring.’”
9 Nu nyarieunan patung-patung ukiran téh taya gunana.
Barang-barang nu dipikaresep ku maranéhna téh euweuh mangpaatna.
Saksi-saksina* teu bisa nempo jeung teu nyaho nanaon.
Jadi nu nyarieunan éta patung-patung téh bakal diéra-éra.
10 Mémangna aya nu daék nyieun allah atawa patung logam
Nu euweuh mangpaatna?
11 Kabéh babaturanana bakal diéra-éra.
Nu nyarieunan patung téh manusa biasa.
Sok kabéhanana sina karumpul jeung narangtung di tempatna masing-masing,
Kabéhanana bakal sarieuneun jeung diéra-éra.
12 Ku pakakasna,* tukang beusi meuleum beusi luhureun areng ruhay.
Ku leungeunna nu kuat, éta beusi dibentuk
Sarta ditakolan maké palu.
Éta jalma digawéna nepi ka lapar jeung béak tanaga.
Manéhna teu nginum, tuluy capéeun.
13 Tukang kai mentangkeun tali pangukurna,
Kaina digambar heula maké kapur beureum.
Ku manéhna diukir maké pahat sarta ditandaan maké jangka.
Éta kai dijieun jadi kawas manusa nu bangunna éndah,
Tuluy diteundeun di jero imah.*
14 Aya jalma nu pagawéanana nuar tangkal aras.
Manéhna milih tangkal séjén, nyaéta tangkal ék,
Seug diantep sina ngagedean di antara tatangkalan di leuweung.
Manéhna melak tangkal salam, tuluy éta tangkal tumuwuh lantaran cihujan.
15 Éta tangkal dijieun suluh.
Sawaréh diduruk dipaké siduru,
Sawaréhna deui diduruk pikeun manggang roti.
Tapi ku manéhna ogé dijieun jadi aallahan tuluy disembah.
Ku manéhna dijieun jadi patung ukiran, tuluy manéhna sujud ka éta patung.
16 Sawaréh diduruk pikeun manggang daging,
Tuluy dagingna didahar ku manéhna nepi ka seubeuh.
Manéhna gé siduru, pok ngomong kieu,
”Genah, haneut!”
17 Tapi sésana dijieun aallahan, dijieun patung ukiran.
Manéhna sujud sarta nyembah ka éta patung.
Manéhna ngadoa kieu ka éta patung,
”Salametkeun abdi, lantaran anjeun téh allah abdi.”
18 Maranéhna teu nyaho nanaon, teu ngarti nanaon,
Lantaran panonna ditutup, teu bisa nempo,
Kitu deui haténa, teu bisa ngarti.
19 Euweuh nu boga pangarti atawa pamahaman.
Euweuh nu mikir kieu,
”Sawaréh kaina ku urang diduruk.
Di luhur arengna, urang manggang roti jeung daging tuluy didahar.
Piraku sésana ku urang dijieun patung nu pikageuleuheun?
Piraku urang nyembah ka kai sapotong?”*
20 Manéhna kawas jalma nu ngadahar lebu.
Manéhna kasasabkeun ku haténa nu katipu.
Manéhna teu bisa nyalametkeun dirina
Atawa ngaku yén nu dicekel ku manéhna téh patung nu taya gunana.
21 ”Hé Yakub, hé Israél, sing inget kana hal-hal ieu,
Sabab manéh téh hamba Kuring.
Kuring nu ngajadikeun manéh, manéh téh hamba Kuring.
Hé Israél, Kuring moal mopohokeun manéh.
22 Kasalahan manéh ku Kuring bakal dipupus kawas disumputkeun di tukangeun méga.*
Dosa-dosa manéh ku Kuring bakal ditutup ku méga kandel.
Geura balik ka Kuring, sarta Kuring bakal nebus manéh.
23 Hé langit, pék surak gumbira
Lantaran Yéhuwa geus milampah éta.
Hé bumi, pék surak tandaning unggul.
Hé gunung-gunung, pék sarurak gumbira,
Kitu deui leuweung jeung sakabéh tangkalna,
Lantaran Yéhuwa geus nebus Yakub
Sarta némbongkeun kamulyaana-Na ku jalan Israél.”
24 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Nu Nebus manéh,
Nu ngajadikeun manéh ti saprak manéh di jero kandungan kénéh,
”Kuring téh Yéhuwa, nu nyiptakeun sagalana.
Kuring nu mentangkeun langit
Sarta ngagelarkeun bumi.
Saha nu mantuan Kuring?
25 Kuring nu ngagagalkeun tanda-tanda nu ditepikeun ku para nabi palsu.*
Tukang ramal ku Kuring dijadikeun kawas jalma gélo.
Jalma bijaksana ku Kuring disina bingung,
Sarta pangartina dirobah jadi kabodoan.
26 Kuring nu ngawujudkeun ucapan hamba Kuring
Sarta nu ngawujudkeun sakabéh ramalan para utusan Kuring.
Kuring nu ngomong kieu ngeunaan Yérusalém, ’Éta kota bakal dicicingan,’
Sarta ngomong kieu ngeunaan kota-kota Yéhuda, ’Éta kota-kota bakal diwangun deui,
Sarta ruruntuhanana bakal diadegkeun deui.’
27 Kuring nu ngomong kieu ka walungan, ’Sing saat.
Kuring bakal ngagaringkeun sakabéh aliran cai manéh.’
28 Kuring nu ngomong kieu ngeunaan Korés, ’Manéhna téh pangangon nu dipilih ku Kuring.
Manéhna bakal ngalaksanakeun sakabéh kahayang Kuring.’
Kuring nu ngomong kieu ngeunaan Yérusalém, ’Éta kota bakal diwangun deui,’
Sarta nu ngomong kieu ngeunaan baitna, ’Pondasina bakal dipasang.’”