Yésaya
47 Éh kota* Babilon,
Geura turun, sok diuk dina kekebul.
Éh kota urang Khaldéa, geura diuk dina taneuh,
Sabab tahta téh geus euweuh.
Manéh moal disebut deui putri ku jalma-jalma.
2 Cokot panggilingan leutik,* geura jieun tipung.
Laan tiung manéh.
Buka rok manéh, keun suku manéh sina katingali.
Peuntasan walungan-walungan.
3 Bakal katémbong yén manéh téh taranjang.
Aorat manéh sina katémbong.
Manéh ku Kuring rék dibales, sarta moal aya nu bisa ngahalang-halang.*
4 ”Nu nebus urang téh Allah Israél nu Suci.
Nami-Na téh Yéhuwa,
Pangawasa pasukan sorga.”
5 Éh kota urang Khaldéa,
Geura diuk di nu poék, pék jempé.
Manéh moal disebut deui Ratu Karajaan-Karajaan
6 Kuring ambek ka umat Kuring,
Maranéhna diantep sina najis.
Maranéhna ku Kuring disérénkeun ka manéh,
Tapi manéh mani euweuh pisan karunya.
Nu karolot gé ku manéh dipasangan kai tanggungan* nu beurat.
7 Ceuk manéh, ”Aing bakal salawasna jadi Ratu.”
Manéh teu mikirkeun lalampahan manéh,
Teu mikirkeun naon balukarna.
8 Ayeuna déngékeun, éh manéh nu resepna senang-senang.
Manéh ngarasa aman, tuluy di jero haté ngomong kieu,
”Aing nu panghébatna, euweuh nu siga aing.
Aing mah moal jadi randa,
Moal kaleungitan anak.”
9 Tapi ngan di jero sapoé, dua hal ieu bakal ujug-ujug narajang ka manéh:
Manéh bakal kaleungitan anak jeung bakal jadi randa.
Éta bahla narajangna bakal bébéakan,
Sabab* manéh mindeng maké élmu sihir jeung jampé-jampé.
10 Manéh ngandelkeun kajahatan manéh.
Ceuk manéh, ”Euweuh nu ningali da.”
Manéh kasasabkeun ku kapinteran jeung pangarti sorangan.
Ceuk manéh di jero haté, ”Euweuh nu siga aing, ngan aing hiji-hijina.”
11 Tapi manéh bakal keuna ku bahla,
Jampé-jampé manéh moal aya nu guna hiji-hiji acan.*
Manéh bakal katinggang ku kasusah, moal bisa nyingcet.
Kaancuran nu teu kasangka-sangka bakal ujug-ujug narajang ka manéh.
12 Pék paké terus sagala jampé-jampé jeung élmu sihir manéh,
Nu geus susah payah dipaké ku manéh ti ngongora.
Sugan wéh aya mangpaatna,
Sugan wéh batur sarieuneun.
13 Manéh nepi ka capé saking ku lobana jurunaséhat.
Keun maranéhna sina maju nyalametkeun manéh.
Maranéhna téh nyembah ka langit* sarta merhatikeun béntang-béntang.
Maranéhna gé nepikeun ramalan saban bulan anyar
Ngeunaan naon nu bakal kajadian ka manéh.
14 Maranéhna téh kawas jarami
Nu bakal béak ku seuneu.
Maranéhna teu bisa nyalametkeun dirina sorangan tina gedurna seuneu.
Éta téh lain areng ruhay pikeun ngahaneutan awak,
Lain seuneu nu genah dipaké siduru.
15 Nya kitu jadina tukang jampé-jampé manéh,
Nu susah payah maké jampé-jampé bareng jeung manéh ti saprak manéh ngora kénéh.
Maranéhna bakal papencar ka jalanna* masing-masing.
Moal aya nu nyalametkeun manéh.